Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN inget kana kajadian baÂheula sakapeung sok hayang seuri sorangan, malah tepi ka akey-akeyan sagala, meureun ceuk anu kabeneran nempo mah meureun dianggapna tèh jalma gèlo anyar, alias PA, atawa panyaÂkit anyar.
Hiji waktu, kuring jeung maÂnèhna datang ka salah saurang inohong masarakat, lantaran sieun kapiheulaan, kuring ngaharèwos ka èta inohong yèn saentas kaserÂang panyakit panas dèdèngèanana rada kaganggu. Jadi lamun cacariÂta kudu rada tarik.
Alhamdulillah, tah anjeunna tèh percayaeun. Lamun nyarita ka Kang Acun tèh jadi rada beÂdas. Dasar tukang heureuy tèa, ku Kang Acun tèh dilayanan tah, manèhna pura-pura jadi jalma kurang dèngè. Atuh kuring tèh jadi nyeri kulit beuteung, aya anu ngobrol ting gorowok jiga anu pasèa tengah poè èrèng-èrèngan.
Aya kana dua jamna mah, naÂtamu tèh, salila èta kuring kasiksa kusabab nyareri kulit beuteung. Lila teu kapanggih jeung manèhÂna tèh, mun teu salah aya kana dua bulanna mah. Kapanggih –kaÂpanggih dina di nu ngawinkeun anakna babaturan. Horèng anu ngawinkeun tèh salian ti baÂbaturan kuring, babaturan kurÂing ogè. Rada uplek tah ngobrol jeung manèhna tèh, nepi ka poho kana waktu nyaho-nyaho geus ampir sore.
Ngobrol jeung tukang heuÂreuy alias Bodor kawas Kang Acun tètèla kudu kuat beungeut atawa tegesna mah kandel kulit beungeut, jeung kuat mental saÂbab lamun teu kitu siap-siap wè jadi bahan gogonjakan. Malah sakapeung mah, heureuyna tèh sok matak nyelekit, ngan lamun dititènan mah bodorna tèh matak pikaseurieun, malah matak nyareri kulit beuteung.
Tapi pikeun anu lola, loadÂingna lila, istilah dina computer anu nètèlakeun yèn mikirna lila pisan, alias rada tulalit. Ceuk maÂnèhna ayeuna tèh keur neuleuÂman bisnis anyar, salian ti nyieun kalender tèh ngaleukeunan usaha kana pigura. Samèmèh papisah, manèhna omat-omatan sangkan kuring nyitak poto, majarkeun tèh keur kenang-kenangan.
Hiji waktu Kang Acun, neleÂpon salila-lila, padahal tujuanana tèh ngan saukur negeskeun ngeuÂnaan poto tèa. “Malah mun bisa mah, ceuk manèhna mun bisa poto anu panganyarna,â€pokna tèh dina telepon. Basa ditanÂyakeun keur naon, manèhna teu nèmbalan, pokona mah perlu pisan wè cenah.
Lantaran ngomongna kacida daria, kuring ngèlèhan manèh, poè èta kènèh maksakeun ka stuÂdio poto, bari jeung duitna meuÂnang hutang injeum sagala ka tatangga. Malah nyieunna ogè anu sarwa kilat, da sieun teu kaburu.
Carita saeunggeus jadi, ganÂcang wè nelepon ngan èta, ngadaÂdak HPn tèh mèlboks baè, teuing kunaon tah. Aya kana samingguna mah, teteleponan tèh, tapi angÂger wè teu bisa nyambung. NyaÂho-nyaho aya SMS ngabèjaan yèn nomerna geus ganti, cenah. Teu nanyakeun ieuh, kunaon pangna diganti tèh. Sanggeus nyambung, kuring jangjian pikeun papangÂgih bari sakalian masrahkeun poto tèa. Aya kana sajamna mah di tempat anu dijangjikeun tèh, mani asa kararesel.
Teu salah lamun loba anu nyarita yèn salah sahiji pagawèan anu mangeselkeun tèh nyaèta ngadagoan. Malah ngopina ogè geus rèk bèak tilu gelas sagala, anu didagoan teu embol-embol datang. Karak rèk jung pisan jeÂbul manèhna, bari seuseurian. Teu loba carita ieuh, song wè poto anu panganyarna tèh dibikeun.
“Naon ieu tèh,†ceuk manèhÂna nanyakeun.
“Ieu poto tèa, pan kamari basa papanggih di tempat anu hajatan lain mènta poto?†cèkèng tèh.
“Oh, hampura euy, poho,â€tèmbalna tèh bari tuluy nampa amplop coklat.
“Bener ieu tèh rido?†manèhÂna nanya.
“Maksudna kumaha?†kuring panasaran. Dikitukeun tèh Kang Acun kalah ka seuseurian, atuh kuring jadi tambah teu ngarti. Ceuk manèhna pangna mènta poto tèh, kabeneran keur narima order nyitak Surat Yasin pikeun mièling opat puluh poèna.
“Tah lamun rido poto ieu rèk dipasang dina surat Yasin,â€pokna tèh teu euleum-euleum taya riuk-riuk piseurieun, daria wè sakumaha biasana. Ah, ari Kang Acun, tapi kètang jadi ngingetan yèn urang sarèrèa bakal kitu, sabab ayeuna mah loba anu poÂhoeun bakal maot, ngahalalkeun sagala cara tèa !