Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ISUKAN, Jumaah, tanggal 3 Juni, Bogor, Kota jeung Kabupatèn bakal milangkala anu ka 534 taun. 534 taun kaliwat, mangsa Sri Baduga Maharaja diistrènan pikeun kaduakalina di Karajaan Sunda, saentas dijadikeun raja di Karajaan Galuh sarta meuang ge­lar Prabu Jaya Dewata.

Di Karajaan Galuh jeung Sun­da, Prabu Jaya Dewata anu nga­ran keur ngorana Raden Pama­nah Rasa, sarta ngarajaan dua nagara gede nepi ka gelarna ogè Maharaja Ratu Haji di Pakwan Pa­jajaran marèntahna teu kawilang lila, ti taun 1482 nepi ka 1521 Masehi, ukur 39 taun.

Tapi sanajan teu nepi ka 49 taun, loba pisan hasilna. Malah di jaman mantenna pisan, Karajaan Pakuan Pajajaran, (dina sajarah mah teu kacatetkeun, Karajaan Pakuan Pajajaran anu aya Sunda Galuh. Pakuan ngaran purasaba atawa ibu kota), kawèntar sepi maling towong rampog, gemah ripah rèpèh rapih tur loh jinawi.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Aturan anu aya dina kitab Siksakand(ang) Karesian, bener-bener dijalankeun, kawajiban setor ka nagara anu mangrupa ngadongdang sakumaha parèn­tah akina, Maharaja Nilawastu Kancana dina Prasasti Kabane­tenan dileungitkeun. Sri Baduga anu ceuk sabagèan urang Sunda mah Prabu Siliwangi, dijadikeun panutan.

Malah loba pisan jujulukna, ti mimiti Prabu Tanduran Gagang, Prabu Haris Maung jeung rèbuan gelar anu ngagambarkeun kawani atawa wawanèn, kanyaah ka nu leutik, remen nyamur jadi aki-aki, patani, baramaèn, ngan sau­kur pikeun ngayakinkeun naha rahayatna tèh bener-bener dina kaayaan bagya, atawa ngan sau­kur laporan ti bawahanna yèn kaayaanna sugih mukti?

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Ngeunaan sikep kasiliwangian ieu, saujratan teu kacatet atawa taya catetanana dina sajarah. Nu aya ukur dongèng jeung dongèng ti jalma-jalma anu ngarasa seu­weu-siwina.

Kitu ogè baheula mah (kurang leuwih 20 taun kaliwat) nyarita­keun kahèbatan Prabu Siliwangi tèh kudu bari susulumputan, sa­bab cenah agamana Hindu, lah pokona mah rèa pisan “mada­ratna” tibatan maslahatna. Kum­pulan-kumpulan kasundaan ogè harita mah teu pati loba anuterus terang, wakca balaka muhit ka Eyang Prabu.

Ayeuna mah kaayaan geus tibalik, loba anu nembrak, malah Kiai geledegan sarta kacida kawèntar ogè, mani terang-teran­gan nyebutkeun yèn Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Siliwangi Islam.

============================================================
============================================================
============================================================