Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

POÈ kamari Senèn munggaran puasa, teu anèh kamari peuting musholla jeung masjid pinuh ku anu tarawèhan. Malah lamun teu “ngabooking” tempat heula, ku cara datang pangheulana dina Shalat Isya, sok kabagèan pang­tukangna.

Tarawèh munggaran biasana mah jalma tèh “arinsap” kènèh, atawa kapangaruhan ku pangbi­bita ti para Kiai, Ustad atawa guru ngaji anu nyaritakeun yèn bulan puasa mah, bulan panèn ibadah. Sabab tong boroning shalat lail jeung dzikir, dalah sarèna wun­gkul dianggap ibadah. Bauna baham anu puasa, pikeun Allah mah lir seungitna minyak kasturi.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Lain ngan saukur musholla jeung masjid wungkul, di imah sèwang-sèwangan ogè, ngadadak loba anu ngaderes Qur’an. Isukan mah nu daragang ogè ngadadak simpè, malah loba jalma anu “lan­glayeuseun, tur leuwih resep cari­cing di masjid. Sigana tèh masjid ti mimiti poè isukan mah jadi tem­pat utama pangreureuhan, salian ti bisa nengtremkeun batin, ogè tempat anu pangcocokna pikeun ngabrangbrangkeun cacing dina peujit sangkan ulah nanagih waè.

Puasa, mangrupa hiji ciri kataatan manusa ka Nu Maha Kawasa, Allah SWT, sabab di­wajibkeun tur mangrupa salah sahiji Rukun Islam. Jadi lamun teu ngalaksanakeun puasa wajib bari jeung taya alesanana (uzur, gering), pikeun nebusna ukur ku tobat. Sabab teu bisa digantian pisan, sanajan ku ngajalankeun puasa saumur hirup.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Parèntah Allah SWT dina Surat Al Baqarah ayat 183 jelas pisan anu tarjamahan bèbasna, Hè jalma anu ariman diwajibkeun ka maranèh ngalakonan puasa sakumaha anu diwajibkeun ka jalma-jalma samèmèhna sangkan manèh tarakwa. Tapi nya kitu tèa, dumasar kana kabiasaan, normalna tèh tilu poè. Enya dina salila tilu poè mah, anu biasa go­din ogè mareketkeun manèh “mi­luan” puasa.

============================================================
============================================================
============================================================