Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Keur eureun di setopan lam­pu beureum anu aya gambar motorna, siet aya motor ny­iap, hate ngareunjag, dirèrèt budak satepak, pastina ogè budak SMP kènèh, sabab sara­gam handapna biru. Lamun nurutkeun kana umur mah, pastina ogè can bogaeun SIM tah, geus kitu anu diboncèngna ogè teu make helm-hèlm acan. Sirahna ukur ditutupan kupluk anu ngahiji jeung jakèt kaosna. Umuran sakitu, pastina ogè can boga wiwaha jeung du­duga peryoga, atawa can boga itungan picilakaeun, èstuning, nganteur karesepna wè. Komo pareng babalapan jeung pa­pada baturna, matak hariwang anu nempona.

Asa jadi jagoan wè, pada­hal lamun tèa mah keur apes, cilaka, pan anu pangbahayana dina anggota badan tèh sirah, kumaha lamun neunggar aspal, tèmbok pangwates jalan, atawa kandaraan sèjèn. Sakurangna lamun keuna kana sirah mah, lamun teu matak ngaleungit­keun umur, dina cageurna ogè sok jadi matak, boh ku geger otak, cacad, ah rupa-rupa waè. Pastina lamun kapanggih ku aparat mah nya dieureunkeun nepi ka ditilangna, mèmang sakuduna kitu. Tapi pan teu salawasna aya pulisi anu ngin­getan.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Nya pikeun nyinglarkeun kajadian anu teu diharepkeun, alusna mah di mimitian di imahna sèwang-sèwangan, ko­lotna saalusna mah ulah waka ngizinan budakna anu can cu­kup umur, can asak jeujeuhan, marawa motor. Kitu ogè sako­lana, sigana tèh geus kudu ner­apkeun aturan atawa disiplin sangkan muridna teu ngagunak­eun motor ka sakola. Numut­keun katerangan Polres Bojo­negoro, kajadiam kacilakaan di wewengkonna, antara 30 nepi ka 40 persèn barudak sakola anu can bogaeun SIM.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Luhurna kacilakaan mo­tor anu tumiba ka barudak sa­kola, ogè dijèntrèkeun ku Ke­pala Cabang Jasa Raharja DKI Jakarta, HM Mustimar Karimi, anu ngajelaskeun yèn santunan pikeun para korban nepi ka Rp 45 milyar, sarta 60 persènna pikeun korban barudak sakola, sakumaha ditulis dina salah sahiji Koran nasional wedalan Jakarta. Panyabab kacilakaan, lolobana ngararebut jeung sakadaèkna, ngaarumpak aturan lalulintas, teu make helm jeung norobos lampu beureum Ngan untungna Polres Bogor Kota geus nyieun program safety riding ka sakola-sakola, mere panerangan ngeunaan kumaha carana sangkan salamet atawa aman sawaktu make kandara­an, hsususna motor.

============================================================
============================================================
============================================================