Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
“NYAHO teu dina ramo wungÂkul, Gusti Allah Nu Maha Kawasa mere rusiah jeung pangajaran anu kacida hèbatna,†Kang Ibro ngaharèwos bari merhatikeun mobil jeung motor anu paseseÂdek di Jalan Jalak Harupat, kuÂsabab sakabèh kandaraan keur ditumplekeun ka dinya kabèh, keur uji coba SSA, Sistim Satu Arah tèa.
Kuring teu nèmbalan, ukur gideug. Sora Kang Ibro kasaweur ku nu tinggurutu pèdah macèt kabina-bina , boh anu naèk moÂtor atawa mobil. Anu naèk mobil pribadi bari jeung alus mah, teu pati jadi pasualan, komo bari jeung disupiran mah.
Bisa ngajèngjèhè, peureum teu hayang nyaho macèt, kari ngahirupkeun AC, nyetèl lagu kaÂresepna. Anu dina angkot? NgaÂwayahnakeun manèh bari jeung panas sarta bujur cangkeul ogè, bonganna hirup masakat kaditu-kadieu ukur dina angkot. Saur Kang Ibro, ramo jumlahna aya lima, ukuranna bèda, ti mimiti indung ramo (jempol) anu guÂnana pikeun mencèt jeung muji, anu kadua curuk, anu kawilang hèbat.
Sabab curuk mah bisa nyaÂbabkeun dunya obah, komo laÂmun curukna curuk Presiden, Gubernur, Bupati atawa WalikoÂta. Nu matak aya paribasa bentik curuk balas tutunjuk, capètang balas miwarang ogè, pastina aya kaistimèwaan dina curuk. Anu panengah jajangkung, teu pati loba gunana, tapi jadi panyaimÂbang, cicingna di tengah, dianÂtara anu rada jangkung jeung nu pondok. Jajangkung sakurangna ngingètan yèn dina ngajalanan kahirupan atawa nyokot kaputuÂsan kudu saimbang.
Ulah cueut ka nu hideung, pontèng ka nu konèng, kitu ogè dina milih jalan hirup antara duÂnya jeung ahèrat kudu saimbang. Lamun dipisahkeun èta ramo, jaÂjangkung leuwih milih ka curuk, sabab ceuk kolot hawa nafsu ayaÂna dina curuk. kusabab kitu kudu dibarengan waè. Nu kaopat, jariji (jari manis ) tempat neundeun cingcin, alusna dipapaèsan.
Nu panungtung, cinggir, sabaÂlikna tina jempol, leutik, pikeun calak-colok ka liang anu leutik, contona mariksa naha hayam tèh geus aya endogan atawa acan. Din palsafah Ki Sunda, leungeun bisa dipakè ngagupayan, ngaÂjakan anu jauh sina deukeut, satuluyna diusapan minangk tanÂda deudeuh atawa nyaah.
“Tapi lamun geus digupayÂan, diusapan teu daèk nurut kènèh, nya kapaksa leungeun jeung ramona tèh kudu dipeuÂreupkeun.Komo lamun uraÂngna boga kawenangan pikeun ngalaksanakeunna,â€ceuk Kang Ibro. Lamun teu bisa ngagunakÂeun leungeun kusabab teu boga kakawasaan pikeun ngagunakÂeunna, nya dipakè namprak, lain pèpènta ka manusa, tapi sumeÂdrah pasrah ka Gusti Allah.
“Tah lamun ninggang dina anu didzoliman, namprakan dua leungeun bari dibarengan ku jumerit tina jero hatèna, bisa jadi cepet kana dikabulkeunna,†ceuk Kang Momon, bari ngajakan ngoÂpi di warung haji anu teu jauh di Kantor Kejaksaan Negeri Bogor.
“Nya nu panghèbatna mah nu nyiptakeunna, Kang, Gusti Allah atuh,â€kuring mairan. Asa kuang merenah ti tadi ngan saukur unggeuk-unggeukan. Komo pan ayeuna mah rèk ditraktir ngopi jeung pisang gorèng.
“Nya èta kitu. Tina sakabèh manusa anu aya di alam dunya, Allah nyiptkeun sidik ramona taya anu sarua. Padahal temÂpatna heureut, ngan sakitu-kituna,â€pokna daria. Lamun nitènan kadinya mah, naon anu rèk disombongkeun ti manusa? Komo bari ngagul-ngagulkeun manèh hayang dipuji mah.
Pangkat? jabatan, imah, geÂlar? tong boroning èta, pan dalah napas ogè sasatna mah titipan. Mangsa geus dicokot mah tangÂtuna ngalèlèmprèh. Manusa mah ulah hayang dipuji, komo puÂpujieun mah. Sabab pan ari puji mah, sakumaha kaunggel dina ummul Qur’an ukur kanggo Allah SWT.
Allah muji ka dirina, Allah muji ka manusa, mahlukna, manusa muji ka Allah, manusa muji ka manusa. Tah leungeun jeung ramona ogè bakal ditanya gawèna mangsa geus di ahèrat. Asa ku merenah pisan lamun mangsa keur tinggaleun tasbèh wiridna cukup ku ramo. SabeuÂlah buku ramo jumlahna aya 14, lamun dua balikan jadi 28, kari ditambahan 5 lengkep jadi 33, sarua jeung anu aya dina tasbèh. jadi teu kudu hèsè-hèsè.
“Leres nya Kang, ulah kèna-kèna tasbèh tinggaleun, wirid ditinggalkeun,†cèkèng tèh bari ngajak Kang Ibro leumpang deui, sabab di Jalan Juanda geus mimiti arang mobil. (*)