Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TAS Jumaahan tèh hayangna mah gogolèran, ngalempengkeun cangkèng ceuk basa nu beungharÂna mah leleson, ah pokona mah ngararasakeun kani’matan hirup, komo bari sagala aya mah, bèas loba, duit rèa, kabutuh euweuh, hayang itu ieu teu kudu kokorèh heula, cukup telpon, atawa ngan saukur maèn transfer.
Eta tèh ukur kahayang wunÂgkul, sabab kanyataanana mah pabèasan ukur sapoèeun deui ayÂeuna, deungeunna ogè ukur lauk asin bari digorèng ku minyak jalantah anu geus teuing sabaraÂha kali dipakè ngagorèng. Lain teu nyaho bahayana, da kungsi ngobrol jeung Kang Umar anu keur rajin ngumpulkeun minyak jalantah. Saur anjeunna yèn laÂmun minyak gorèng geus leuwih ti dua kali, anu aya asam jenuh lamun terus-terusan digunakeun bakal ngabahayakeun.
Rada muriding ogè, lamun inÂget ka caritaan Kang Umar mah, komo deui basa nempo minyak anu dipakè ku tukang gorèng hayam, pan rupana tèh mani geus hideung lestreng. Tapi cenah ceuk sakaol justru èta anu mawa ni’mat jeung mawa ngeunah kana hayam anu digorèngna.
Enya tiori jeung kanyataan tèh mani pajiin-jiin pisan, tèori ka Kalèr, praktèkna mah ka KidÂulkeun. Malah keur di lembur mah, lamun parengan keur werÂit pisan, sangu tèh cukup dibanÂjur ku minyak jalantah sèsa ngagÂorèng lauk asin, dina tambahna ogè cukup kurupuk meunang nganjuk ti Warung Mang Marno. Harita mah, dahar tèh tamba lunges jeung teu asup angin, jauh tina program PKK, opat sèhat lima sampurna. Ieu mah opat haÂlal lima seubeuh.
Tapi tètèla ceuk Ustad Acun Husni mah, justru anu ngamaslaÂhatkeun mah halalna èta. Karak ogè rèk ngagolèr pisan, hol sobat heubeul bari angkaribung deuih, sagala dibawa, jigana mah tas meunang rejeki gedè. Maksud datang ka imah tèh, salian ti siÂlaturahmi cenah mah rèk babagi pangalaman.
“Aya sababaraha pangalaman anu rèk dicaritakeun sugan wè aya gunana,†ceuk Ki Sobat bari tuluy ngabarabatkeun pangalaÂmanana. Hiji waktu, ceuk Ki SoÂbat basa rèk gawè manèhna nyÂimpang heula ka imah indungna. Kasampak tèh indungna keur ngahuleng bari rambisak, basa ditanya horèng teu bogaeun duit pikeun ngongkosan incuna anu poè èta rèk munggaran digawè.
Nempo kitu tèh gancang wè duit anu aya dina pèsakna tèh dibikeun ka indungna, enya wè teu lila duit èta tèh dibikeun ka incu anu ogè alo manèhna kèÂnèh. Lantaran ngan sakitu-kituna, manèhna ogè jadi tambuh laku, tamba kesel Ki Sobat tèh ka hareÂup maksudna mah rèk meuli KoÂran, aya ari keur sakoraneun mah. Kaluar ti gang imah indungna, aya mobil plat beureum anu ngaliwat, tuluy eureun. Panumpangna kaluÂar bari ngagupayan, kadieu cenah. Manèhna nepi ka dua kali nunjuk ka dirina, bisi lain ka dirina.
“Enya, kadieu,â€ceuk èta pajaÂbat bari unggeuk. Gancang ku Ki Sobat tèh disampeurkeun, pajaÂbat èta tèh ngeupeulkeun amplop bari nyarita.
“Ieu aya rejeki saeutik, uah teu ditarima, geus saminggu ditèanÂgan, na kamana waè atuh,â€pokna bari tuluy naèk mobil deui. Ki Sobat ngahuleng salila-lila, sabab manèhna teu wawuheu jeung èta pajabat, kapanggihna ogè kakara harita pisan. Teu loba carita ieuh, gancang wè balanja keur kaperÂluan indungna, sabab anu katariÂmana, jumlahna sapuluh kali lipat tina anu dibikeun ka indungna tadi.
“Subhanallah,â€kuring ukur mairan. Ah pokona mah, loba pisan anu kaalaman, sarta raket patalina jeung kaberkahan tina nyumbang kalayan ihlas. Malah kungsi ogè kajadian, aya aki-aki anu teu pupuguh mènta baju anu keur dipakè.
“Teu dièngkèkeun deui, gancang wè dibuka kabeneran harita make rangkepan,â€pokna daria. Kuring ngahuleng ngaraga meneng, tètèla Ki Sobat tèh geus ngalaksanakeun dua hal, kahiji ajaran agama Islam kadua adat kasundaan, pan hakèkatna ajaran Silih Asih, Asah jeung Asuh tèh prak-prakanana kitu pisan.
Saur Kang Taufik mah anu kitu anu Nyunda tèh, lain ngan saukur ngaku urang Sunda tapi kalakuakana jauh tina jatidiri Ki Sunda. Dina palebah babaleÂsna mah aya rusiah Allah anu teu bisa dibadè kumaha tungtungna. Nu penting mah ihlas jeung teu miharep babales kana aamal-amalan anu dilaksanakeun. Aya kituna nya Rusiah Allah. (*)