Home Opini Today Sakadang Kuya jeung Koruptor

Sakadang Kuya jeung Koruptor

0
156

Hariring-Dadang-HPBAHEULA keur leutik kènèh asa remen pisan ngadèngè dongèng, lamun teu Kancil jeung  Pa Tani, Sakadang Monyèt, Sangkuriang Kabeurangan. Eusina sanajan teu sarua, panungtunganna, nu salah pasti dihukuman atawa èlèh. Teu bèda ti lalakon golèk, jagoanna sok èlèh ti heula, pamungkasna pasti meunang. Sanajan mangrupa dongèng, anu biasana dicaritakeun (dibacakeun) samèmèh sarè, aya nasèhat pikeun barudak sangkan hirup bener, ulah disina nurutan “Tokoh Jahat” anu aya dina dongèng.

Kabiasaan ngadongèng anu baheula aya boh mangsa keur ngariung di tengah imah (ku aki, nini, atawa indung bapana) sigana tèh geus leungit. Indungna, di jaman kiwari leuwih resep nongton sinètron sèri dina tipi, ti miniti Tukang Ojeg Pengkolan,  Anak Jalanan, Tukang Bubur Naèk Haji sarta Anugerah Cinta. Anu resepeun kana lagu-lagu, aya acara Golden Memori, anu resep maèn bola, pan ayeuna mah ampir unggal peuting aya siaran langsung atawa nongton Ultimate Fighting Champion (UFC).

Balukarna si budak, sarè sorangan bari nyenyekel HP anu bisa muka sagala rupa fitur dina HP-na. Kanyaah ka anak di jaman ayeuna sigana tèh geus kawakilan ku HP, padahal ngasupkeun ajaran samèmèh sarè kacida alusna, salian uteuk budak keur seger (fresh) ogè bisa maheutkeun tali batin. Sigana Saumur hirupna bakal inget yèn dirina unggal peuting sok dibèrè dongèng. Pagawèan ieu, ceuk Kang Teddy urang Ciomas anu gawèna di  Gunung Putri, bisa ngurangan pangaruh gorèng tina remen teuing nempo televise, anu salila ieu loba nyuguhkeun ku rupa-rupa bèja, sinètron, carita  anu kurang alus kana ahlak barudak.

“Guluyur carita dina sababaraha sinètron loba anu ngajalankeun kajahatan, kumaha lamun ku barudak diturutan?” pokna satengah nanya basa kapanggih di salah sahiji tempat kongkow di Bogor Utara. Kuring jeung anu araya di dinya, ukur ngabigeu, rumasa dina urusan èta mah kurang pati paham. Lamu milu nyarita bisi salah.  Kolot baheula kungsi  nganasèhatan, lamun teu nyaho kumaha kajadianna sarta èlmuna, ulah sok pipilueun, èta sarua jeung lauk buruk milu mijah.

Saur Kang Teddy,  lamun barudak ti leuleutik kènèh geus diajarkeun pikeun milih sarta lalaunan diajarkeun mana nu bener jeung mana nu salah sarta dipukprukan ku ajaran agama, insya Allah, geus gedèna moal mèngkol teuing hirupna. Dongèng Si Kancil Anak Nakal anu sok nyolongan bontèng  Pa Tani, sarta ahirna kacerek deleg satuluyna dikurungan ku Patani, ngagambarkeun yèn anu salah kudu dihukum. Si Kancil mah lamun dina dongèng Sunda mah, Sakadang Peucang tèa.

Salian ti bangor Sakadang Peucang tèh sombong bari ngahina ka Sakadang Kuya, manèhna ngajak balap lumpat. Ahirna ku kapinteran jeung hayang mere pangajaran ka nu boga sifat sombong, Sakadang Kuya muteur uteuk ahirna nempatkeun baturna di unggal tempat anu bakal diliwatan pikeun balap lumpat.

“Lamun ku Pa Tani dihukuman ku lantaran migawè salah, ku Sakadang Kuya mah dibèrè pangajaran pèdah sombong. Tah geus aya dua gambaran pikeun budak, lamun urang ngabiasakeun ngadongèng ka barudak samèmèh sarè,”sarè. Salian ti èta, budak diajak mekarkeun daya imaginasina, kumaha rupana Sakadang Peucang, Sakadang Kuya sarta nu lianna. Sigana, maceuhna korupsi anu lumangsung ayeuna, sanajan sabagèanna geus ditèwak ku aparat hokum, boh ku Polisi, Jaksa atawa KPK, kulantaran baheulana henteu pernah didongèngan ku Sakadang Peucang ku aki atawa indung bapana.

“Sigana mah asa ku merenah pisan, lamun dongèng samodèl kitu dihangkeutkeun deui ka barudak ku kolot-kolotna, salian ti nyegah barudak mukaan situs-situs anu teu pararuguh, ogè ngaraketkeun tali batin antara kolot jeung budakna sangkan leuwih rakèt.  aSuaguran wè ku kitu mah, budak bisa blak-blakan, balaka lamun aya pasualan jeung babaturan di sakolana,” saur Kang Teddy deui. Taya salahna dicoba nya. Sakurangna bakal loba kolot anu nèangan buku atawa mareuli buku dongèng. Pan lamun kitu mah aya sector sèjèn anu bakal hirup. Program ieu saluyu jeung kagiatan Gubernur Jawa Barat anu keur ngahangkeutkeun literasi atawa maca. Sok der ah !!!