Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ISUKAN Rebo, 9 Maret 2016, dunya bakal geunjleung sabab bakal aya samagaha panon poè sakabèhna anu bakal lumang­sung tur ngaliwatan 12 provinsi di Indonesia. Nagara urang Indone­sia, mangrupaleun hiji-hijina nag­ara nu bisa ngarasaab samagaha panon poè ieu, malah ceuk bèja tina koran, televise, radio jeung medi on line, bakal loba urang luar nagri anu daratang ngan saukur nyaksikeun kajadian ieu.

Numutkeun èlmu anu aya patalina jeung urusan ieu, sa­magaha panon poè nyaèta kajadi­an mangsa bulan ngahalangan panon poè sagemlengna atawa dina kaayaan sajajar. Kukituna ca­haya panon poè ka dunya bakal kahalangan dina sababaraha wak­tu, sarta dunya bakal poèk atawa ceudeum. Samagaha ieu bakal lumangsung di Samudra Hindia tur eureunna di i Lautan Pasifik deukeut Hawaii Amerika Serikat.

Di Indonesia sorangan sakurangna aya 12 provinsi anu bakal kaliwatan ti mimiti Sumatera Barat (Pulau Pagai Selatan), Su­matra Selatan (Palembang), Jam­bi, Bengkulu, Bangka Belitung (Tanjung Pandan), Kalimantan Tengah ( Palangkaraya ), Kaliman­tan Timur (Balikpapan), Kaliman­tan Barat , Kalimantan Selatan, Sulawesi Barat, Sulawesi Tengah (Palu, Poso, Luwu), Maluku Utara (Ternate jeung Maba).

Teu sakabèh provinsi ngala­man poèk sagemlengna, aya anu ukur sababaraha bagian. Sanajan samagaha ie bakal lumangsung salila dua nepi ka jamna, anu anu kahalangan sakabèhna mah, paling ogè ukur memenitan. Di wewengkon Indonesia Kulon kajadianna isuk-isuk, kira kira tabuh 06.20 WIB, sarta dipung­kas dina tabuhl 08.35 WIB.

BACA JUGA :  Nakes RSUD Leuwiliang Dibekali Hukum Kesehatan

Numutkeun Kepala LAPAN, Thomas Djamaluddin, anu nem­po langsung kajadian ieu bakal ngalaman karuksakan retina mata, sanajan heunteu ari nepi ka lolong pisan. Pikeun ngaja­gana kudu make kacapanon anu bisa nyerep atawa ngurangan ca­haya nepi ka

100.000 kali. Samagaha samo­dèl kieu di urang, geus sababara­ha kali, nyaèta dina 24 Oktober 1995, 18 Maret 1988, 22 November 1984, sarta 11 Juni 1983. Tapi nu babarengan mah bakal kajadian dina 20 April 2042 jeung 12 Sep­tember 2053. Salian ti samagaha panon poè, aya ogè samagaha bu­lan, kajadianna pastina peuting.

Tah kolot urang baheula . mangsa aya samagaha bulan mah, sok nitah tatalu atawa na­beuh barang-barang anu aya di dapur, ngarah samagahana cepet ingkah. Malah aya ogè anu nitah cicing handapeun mèja, cenah mah samagaha bulan aya patalina jeung buta hèjo anu rèk ngaruk­sak dunya.

Teuing tah, kumaha patalina antara samagaha bulan jeung buta hèjo, jeung saha nu ngami­mitianna. Taya katedangan anu jelas nyaritakeun urusan èta. Geus kitu, carita èta ukur ti sun­gut ka sungut, atawa dongèng samèmèh sarè anu taya catetan atawa rèngkolna dina buku. Salian ti dua samagaha di luhur aya anu pangbahayana nyaèta sa­magaha hate.

BACA JUGA :  Wajib Coba! Sambal Mangga Cincang yang Segar dan Pedas Nampol

Samagaha hate nyaèta mangsa qolbu atawa hate kahalangan ku cahaya bebeneran. Hatèna poèk, teu pernah ngarasa syukur kana sagala ni’mat anu dipaparinkeum ku Gusti Allah SWT. Hirupna sala­wasna ngarasa kurang. Nempona tara tungkul ka jukut, sallilana tanggah kana sadapeun.

Tah samagaha hate, komo lamun geus karatan, mah hèsè pisan ubarna, malah lamun kurang-kurang kuat atawa teu bisa ngungkulanna bakal gering nangtung ngalanglayung. Nu digedèkeun sirik pidik jail kania­ya, teu kaop batur meunang kas­enangan, manèhna sok terus nga­rasa susah. Mending mun semet nepi ka dinya wungkul. Ieu mah dibarengan ku nyebarkeun fitna ka mamana, majarkeuun harta atawa bobogaanna tèh meunang tina jalan anu haram.

Ti mimiti korupsi tepi ka meu­nang nyegik atawa muja. Ubarna, iwal ti kudu tobat Nasuha, ngari­ung jeung kaum solihin, cicing di majlis zikir, pangajian sarta ngalobakeun wirid, ngadeuke­utkeun diri ka Nu Maha Murbeng Alam, ambèh meunang hidayah. Sabab lamun hate urang geus teu ngarasa ngageder mangsa aya panggero pikeun ngalaksanakeun kawajiban lima waktu, harè-harè, atawa tonggoy waè, sing waspada lamun teu buru-buru diubaran bisa jadi bakal keuna ku samaga­ha hate.

Jadi sakumaha rongkahna samagaha panon poè, samagaha bulan, teu sabauerat samagaha hate. Sabab èngkè dina waktuna mulang ka kalanggengan mawa hate anu poè mongklèng buta ra­jin. Naudzubillahhimindzalik !

============================================================
============================================================
============================================================