Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BAHEULA jaman keur sakola di SMp, di lembur ti mimiti malem Jumaah nepi ka Ahad, aya hi­buran panggung anu disebut Tunil. Sanajan maènna jauh ti pilemburan, deukeut ka sisi leu­weung, nu lalajo mani noyèk, loba pisan kituna mah pantes. Sabab di jaman harita mah nu boga tipi di lembur beunang diu­tung ku ramo.

Kituna ogè, pan anu geus bogaeun tipi mah turunan “nin­grat”, matak èra rèk milu lala­jona ogè. Dina TVRI sababara­ha bulan kaliwat, brèh wè, aya acara Sandiwara Miss Tjitjih anu harita keur nyaritakeun Kara­jaan Sindang Kasih anu mer­lukeun tumbal, budak hideung (hanjakal caritana ngan sapo­tong, telat nongtonna). Dicarita­keun, Putri Raja Sindang Kasih ngimpi papanggih jeung budak hideung anu tètèla satria pinilih nyaèta Munding Wangi.

Tapi Munding Wangi embung nyaritakeun saha dirina. Kulan­taran kitu kitu Raja marèntah­keun Munding Wangi nyaatkeun Talaga Larang jeung ngèlèhkeun pangeusina ti golongan siluman. Pondok caritana Munding Wan­gi indit ka Talaga Larang, sarta bisa ngèlèhkeun para buta anu aya di wewengkon Talaga La­rang tur Raja Siluman ditelasan ku Munding Wangi ku pusaka Kujang, anu antukna sakabèh siluman jangji moal ngaganggu tujuh turunan Munding Wangi. Ku kasaktian Raja Siluman, Ta­laga Larang bisa disaatkeun.

Sarta Raja Buta mere hadiah karaton pikeun Munding Wangi, sarta diizinan cicing di dinya saentas jangji moal ngaganggu manusa. Sawaktu perang jeung siluman Munding Wangi diban­tuan ku Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang anu tètèla uwana sarua ti Pajajaran.

BACA JUGA :  Tes Kepribadian: Sifat dan Karakter Tersembunyi Seseorang Diungkap dari Bentuk Kaki

Di ahir carita Munding Wan­gi diangkat jadi panglima di Karajaan Sindang Kasih. Kara­ton pamèrè ti Raja Siluman dingaranan Karaton Sumedang Larang, sarta Munding Wangi dibèrè gelar Prabu Siliwangi. Sandiwara Sunda Miss sakabèh­na ngagunakeun basa Sunda, ngan hanjakalna disiarkeuna tengah peuting pisan, jadi panu­tup acara.

Sandiwara Sunda Miss Tjitjih sakumaha dicaritakeun dina Mang Wikipedia saentas mènta tulung dipangnèangankeun ka Aki Gogle, asalna ti Sumedang anu kawèntar dina tahun 1928. Kunaon make diaranan Miss Tjitjih sabab bèntang panggung­na Nyi Tjitjih pisan anu kawèntar geulis kawanti-wanti èndah kabi­na-bina. Nyi Tjitjih kapanggihna ku Aboebakar Bafaqih, urang Arab-Indonesia kalahiran Bangil ( Jawa Timur), anu boga Sandi­wara Keliling atawa Komedie St­amboel 1891-1903) anu keur min­ton di wewengkon Jawa Barat.

Di Sumedang Bafaqih pa­panggih jeung Nyi Tjitjih anu umurna kakara 18 taun, samang­sa keur maèn dina Sandiwara Sunda, Tunil. Bafaqih tuluh ngajak Nyi Tjitjih maèn kamana-mana jeung Komedi Stambul anu dipingpinna. Tjitjih soran­gan lahir dina taun 1908 sarta Opera Valencia (Komedi Stam­boel) dina taun 1928 kakara nepi ka Batavia.

Ti saprak aya Nyi Tjitjih nga­ranna robah jadi Miss Tjitjih To­neel Gezelschap sarta nempatan gedong disabeulaheun Rivoli Kramat Raya, Pasar Senen – Weltevreden, Batavia. Salian di tempat èta, Miss Tjitjih ogè boga jadwal maèn tetep di Pasar Baroe nepi ka ditutupna dina taun 1936. Di taun Sandiwara Sunda Miss Tjitjih diondang maèn di Istana Bogor. Nyi Tjitjih katerap panyakit TBC, sarta maot di bali geusan ngajadina di Sumedang. Di taun 1957 ged0ong Miss Tjitjih anu di Kramat dijual sarta hasil­na dibagikeun kalayan rata ka sakabèh para pamaènna.

BACA JUGA :  Cemilan Simple dengan Cireng Empuk Renyah dengan Bahan Murah Meriah

Sandiwara Sunda Miss Tjitjih diteruskeun ku anakna nu katilu Sayyed Harun Bafaqih adalah di Angke. Saentas rèngsè nga­wangun gedong di Gedong An­gkè, sabeulaheun Stasiun Tanah Abang, sandiwara ieu dipin­tonkeun deui, sarta tetep nga­gunakeun basa Sunda. Tapi dina taun 1977, kapaksa dieureunan, kuasababan taneuhna digusur.

Satuluyna Pamarèntah DKI ngadegkeun Yayasan sarta mang­nyieunkeun Gedong Kasenian di Cempaka Putih anu sutradarana Ibu Imas Darsih, anak ti salah sa­hiji pamaèn Miss Tjitjih baheula ngaranna Pa Tebah.

Bisi panasaran kumaha Sandiwara Sunda Mis Tjitjih ieu, mangga tongton di TVRI ung­gal peuting, kira-kira satengah hijian maènna tèh. Sakurangna, bisa nyaho sajarah jeung diajar basa Sunda. Mugia tetep hirup jeung huripna, Sandiwara Soenda Miss Tjitjih tèh tah.

Sarta taya salahna lamun dina hiji waktu mah, dina raraga mièling milangkala Bogor, diondang maèn di Kota jeung Kabupatèn Bogor. Pan urang boga Gedong Kamun­ing Gading jeung Gedong Kasenian di Cibinong nya ! (*)

============================================================
============================================================
============================================================