Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji anu nyababkeun hawa di Kota Bogor karasa panas tèh ceuk Kang Sam, aktifis lingÂkungan hirup ku sabab lobana wangunan, bari jeung teu diimÂbangan ku lobana pepelakan.
Ari wangunan imah biasaÂna sok dibebetah, ku nu boga imahna, sakurangna dipelakan tatangkalan, ngarah asri, hèjo lènÂdoh, tur matak tiis lamun dicicinÂgan. Sabab aya paribasa “rumahÂku istanaku, atawa rumahku surgakuâ€.
Tapi nu rada matak pikahariÂwangeun mah, anu diparakè temÂpat usaha, boh kios, toko atawa ruko. Geura wè titènan di saÂpanjang jalan Tajur Bogor Timur, Sindangbarang Bogor Barat, Jalan Sholèh Iskandar Bogor Timur, Kedung Halang Bogor Utara, Nyi Raja Permas Bogor Tengah, ah pokona mah anu diparakè pikeu usaha mah, ampir sakabèhna taya tatangkalan.
Numatak lamun ka tempat-tèmpat anu disebutkeun di luhur èta, mangsa tengah poè èrèng-èrèngan mah karasana tèh mani panas pisan.
Padahal sarèrèa ogè nyaho pentingna tatangkalan, lamun ti beurang mah jadi baturna manuÂsa, nyaèta ku ngahasilkeun okÂsigèn anu diperlukeun ku manusa.
Baheula ceu Kang Sam, mangÂsa Walikotana Ir. Muhammad, aya katangtuan anu mangrupa SK, anu eusina tèh aya kasanggupan ti nu ngawangun yèn baris melak tatangkalan. Lamun henteu cenah mah IMBna moal dikaluarkeun.
Kawijakan kawas kitu tèh kaÂcida alusna, sakurangna, ngajaga Kota Bogor tetep hèjo ku tatangÂkalan (lain ku angkot), ogè ngaÂjaga tina kakurangan cai, mangsa halodo lila.
Sabab pan tatangkalan tèh jadi tempat panyimpenan cai, lah nu kitu mah budak leutik ogè nyaÂhoeun. Kajadian ngumpulkeun tatangkalan kungsi dilaksanakeun ku sakola SDN Bantarjati 9 anu disebut sawa sapo, singgetan tina satu siswa satu pohon. Oge di KalÂurahan Cikaret sawaktu Lurahna Kang H. Safrudin.
Calon panganten anu nguÂrus surat-surat numpang nikah dipènta sangkan nyumbangÂkeun tangkal pikeun dipelak di wewengkon Kalurahan Cikaret. Jadi asa ku teu hèsè lamun ngan saukur ngumpulkeun tatangkalan mah, malah bisa jadi haratis kari niatna wungkul.
Rarasaan bakal kacida ènÂdahna tah lamun di hareupeun ruko-ruko di sapanjang jalan Tajur, jeung jalan-jalan sèjènna pinuh ku tatangkalan.
Carana mah (lamun daèk) gampang pisan, kari nyadiakeun pot bunga, boh tina plastic atawa tina dreum kurut, rarasaan teu mahal ieuh. Atuh perkara bibitna mah teu hèsè ieu, bisa ti Dinas Pertanian Kota Bogor, ogè konÂsultasi tangkal naon anu pantes atawa alus dipelak dina pot.
Mun teu salah bibit-bibit èta tèh dibagikeun gratis, pikeun saha waè anu hayangeun melak.
Malah Kang Sam ogè, ceuk kasarna mah sanggupeun mun kudu nyadiakeun bibit tatangkaÂlan kalayan Cuma-Cuma, alias teu mayar tèa.
Tah meureun ceuk tiorina mah teu hèsè ieuh nya, nu boga toko nyayagikeun tempat, bibitna kari ngirim, kari prakna. Kadituna kari miara sangkan èta tangkal tèh hirup, tanggung jawabna nya nu baroga toko, da moal bèak cai dreum-dreuman ieuh, dina kudu nyèborna ogè.
Dines anu aya patalina jeung èta, meureun kari migawè nu sèjènna. Sabab lamun kudu nguÂrus tatangkalan anu aya di haÂreupeun toko-toko èta mah, piÂmanaeun kasiwer.
Tah ceuk Ki Mardud mah, nu kitu anu disebut sepi ing pamrih ramè ing gawè tèh, sumanget goÂtong royong , sabanda sariksa tèa anu ayeuna geus mimiti leyur bisa dihangkeutkeun deui ku cara-cara anu samodèl kitu.
Teu kudu nu gedè-gedè heula, anu sederhana tur gampang dipiÂgawèna, bari jeung murah deuih, tapi mangpaatna, insya Allah sauÂmur hirup.
Ceuk itungan, lamun aya rèbuan jalma anu baroga toko melak dua tilu tangkal wè, meuÂreun sakurangna dua nepi ka tilu rèbu tangkal, nyadiakeun oksigen pikeun masarakat Bogor.
Sugan wè ku jalan kitu mah, hawa anu karasa panas bayeungÂyang tèh rada ngurangan nya. Tapi kètang èta mah teu langÂkung ka nu garaduh toko jeung pamarèntahanana. Mugia wè atuh kahartos nya! (*)