Ditulis oleh: DADANG HP
LAMUN ayeuna aya istilah pahlaÂwan kabeurangan (pahlawan keÂsiangan), anu cakah-cikih hayang kapakè, jiga nu enya, padahal beungeut nyanghareup ati mungÂkir, ngadadak resep jeung jiga anu ngrojong sarta bari aya maksud disatukangeunana (padahal tadina mah boro-boro resepeun), tètèla geus aya ti babaheulana, sanajan teu sarua maksudna, tapi aya keÂcap anu sarua nyaèta kabeuranÂgan (maksakeun pisan). Lalakonna, sawaktu Sangkuriang diperedih ku Dayang Sumbi, sangkan nyieun parahu jeung talaga. minangka sarat pikeun bisa midahup dirina. Dayang Sumbi anu yakin pisan yèn Sangkuriang tèh anak kandungna, sarta teu mungkin indung kawin ka anak, kusabab teu saluyu jeung kaÂtangtuan Hyang Murbawisesa.
Palebah dieu sabenerna aya pesen moral tur geus aya aturan, sanajan enya ngan saukur legÂenda atawa dongèng wungkul. Dongèng atawa legenda SangkuÂriang Kabeurangan, pastina henÂteu langsung aya, lamun tèa mah ngan saukur “dongèng†wungkul, pastina aya anu pernah nyieun atawa nyiptakeun carita ieu. PadaÂhal sawaktu Bujangga Manik dina ahir abad ka 15 datang ka tempat ieu, kungsi nyaritakeun ngeunaan ayana “dongèng†atawa sasakala Sangkuriang. Dina naskah èta, BuÂjangga Manik landian ti Pangèran Jaya Pakuan, atawa Ameng Layaran nyumpingan tempat-tempat suci agama Hindu di Pulo Jawa nepi ka Pulo Bali. Sanggeus ngalalakon anu kacida panjangna, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi Dayeuh Bandung. Bujangga ManÂik, jadi saksi mata, sarta anu mimiti nuliskeun, ngaran tempat jeung sasakalama.
Leumpang aing ka baratkeun datang ka Bukit Patenggeng SasakaÂla Sang Kuriang Mangsa dek nyitu Ci tarum Burung tembey kasiangan
Cohagna sasakala Sangkuriang Kabeurangan geus aya tur kawènÂtar di jaman harita, mangsa BuÂjangga Manik anu keur ngalalana dina munggaran abad ka 16. Boa, ti samèmèhna ogè sasakala ieu tèh geus kawèntar, sabab di jaman harita mah pan budaya nulis tèh can pati ceuyah kawas ayeuna. LaÂmun Sangkuriang kabeuranganana tèh kusabab aya campur leungeun Hyang Murbawisesa kusabab aya pamènta ti Dayang Sumbi anu nyaÂho aturan jeung wiwaha yèn dalah dikumaha ogè anak mah teu bisa kawin jeung indungna, jaman ayÂeuna mah geuning tibalik pisan.
Padahal dina urusan bag-bagan agama, syiar jeung sajabana leuwih maju tibatan ayeuna. Ayeuna mah ku ngeklik wungkul ukur memeniÂtan syiar agama tèh. pan gampang pisan, kari daèkna. Tapi naha loba bapa anu ngagadabah anakna, boh anak pituin, atawa anak tèrè. Kitu ogè loba anak anu ngasaan indÂungna. Puguh wè matak muringkak bulu punduk. Dina palebah dinya mau, urang tètèla masih kènèh kudu daèk ngorèhan pangajaran, sasakala jeung kajadian baheula pikeun jadi pieunteungeun. Kitu ogè urusan “Kabeurangan†SangÂkuriang, bèda jeung kabeurangan jaman kiwari. Saba di jaman kiÂwari mah loba anu ngahajakeun kabeurangan, boh bèbèla ka duÂnungan atawa kaayaan.
Lamun baheula, kacaritakeun Ki Badru, tatangga kuring teu reÂsepeun pisan ka seni tradisi malah kungsi nyacampah sagala, bari nyebutkeun kampungan, ayeuna mah ngadadak jadi resep pisan. Malah teu sirikna udar-ador ngaÂdatangan tempat-tempat anu keur mintonkeun kasenian Sunda, boh kacapi suling atawa kasènian sèjènna. Harianeun aria nu ngaÂranna wayang golèk mah, beunang disebutkeun gungclo. Teuing katèpaan ku jurig naon tah Ki SoÂbat, tatangga kuring mah.
Tapi kètang bisa jadi enya kaÂcintaan kana seni jeung tradisi Sundana tèh, enya-enya, lain ngan saukur pupulasan wungkul. Mugia resep kana budayana tèh timbul tina sanubari, pan jalma mah keuna ku paribasa obah tèa. Sabab lamun ngan saukur pupulasan wungkul, atawa dina raraga keur ngudag kaÂpentingan wungkul, bisa jadi bakal ngabalukarkeun kaceuceub.
Sabab da saenyana, kana seni mah bogohna tèh teu meunang dipaksa-paksa kumaha ceuk gerentes hatèna. Ibarat anu rèk rumahtangga, dasarna tèh pan kudu silih pikaÂcinta tèa, kadituna silih asih, nepi tungtungna mah boga anak. Sabab anak tèh ceuk para bujangga mah, buah tina silih asih, lain ngan saukur ngalanjur nafsu wungkul. Pan anu hasil tina kitu mah, sanajan jadi buah ogè, tungtungna sok jadi buruk, teu bisa kadahar. Mugia wè atuh nya ulah loba teuing anu kabeurangan !