Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ASA diingetan, anu heureuy samangsa tarawèh tètèla lain budak wungkul, tapi kolot ogè aya, alesanana tèh am­bèh henteu tunduh cenah. Tah tatang­ga kuring anu ayeuna geus pindah ka wewengkon Kabupatèn Bogor tèh, dina urusan heureuy mah teu èlèh ku budak ngora. Bisi jadi matak tur kaa­sup kana ngomongkeun, urang sebut wè Ki Lamsijan.

Mèmang dina sapopoèna ogè Ki Lamsijan tèh katelah tukang heureuy, malah baheula mah nepi kacaritakeun bisa ngubaran parabot lalaki anu geus leumpeuh atawa teu kuateun “adu re­geng”, kètang kaasupna tèh kaired ku omongan sorangan. Lamun ditanya ku sasaha, Ki Lamsijan nèmbalanna tèh cukup ku bawa wè ka imah cenah.

Atuh isukna tèh ngabring jalma anu rèk uubar rupa-rupa panyakit. Padahal lamun geus kitu, Ki Lamsijan mah tara aya di imah. Tah lamun keur babarengan hèg ngarendeng jeung manèhna, ati-ati, sabab pasti kana di­heureuyanana. Contona lamun keur tahiyat ahir, di Musholla lembur mah, tarawèhna tèh 20 rakaat, curukna anu ngacung tèh lain anu katuhu wungkul tapi duanana jeung nu kènca bari teu daèk cicing.

Lamun teu kitu mangsa keur sujud sikuna tèh nyoro tempat anu di sagi­gireunana, nepi ka ngahalangan anu rèk sujud. Ah, pokona mah rupa-rupa pisan heureuyna tèh. Tapi tara unggal peuting, lamun geus datang mangsa alimna, manèhna tara daèakeun di shaf tengah, cicingna di pangsisina bari jajaran hareup ambèh henteu bisa diheureuyan. Aèh ampir poho neruskeun hanca anu kamari tèa, nga­haja tas Shalat Ashar tèh nganjang ka bumina Ustad Maman, hanjakalna keur suwung, ngan aya titipan am­plop di istrina.

Barang dibuka brèh wè catetan ngeunaan fadilah shalat Tarawèh tè, diantaran eusina tèh kieu. Dina malem kasalapan, ibadah urang disa­ruakeun jeung saolah-olah sakumaha anu dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sedengkeu malem ka sapuluhna, Allaj=h SWT ngaruni­aan ka jalma anu ngalakonan shalat Tarawèh kahadèan di dunya jeung ahèrat. Dina malem ka sabelas, èta manusa kaaayanana kawas orok anu kakara digubragkeun ka alam dunya tina rahim indungna. Saterusna dina malem ka dua belas, inyana datang dina poè kiamat tur rupana siga keur dina bulan purnama.

============================================================
============================================================
============================================================