Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
MANGSA keur teu hujan, komo malem Ahad, hèg parengan teu macèt, Kota Bogor tèh karasa pisan èndahna, nempo lampu taman, komo mangsa nempo PJU di sapanÂjang Jalan Pajajaran anu dipapaèsan ku Kujang (???)mani asa di mana tah.
Komo mangsa ngaliwat ka Kebon Raya, mangsa rèk magrib, wah mani waas pisan. Sora tonggèrèt mani paterèmbalan. Asa keur di lembur, pareng keur ngala suluh, hèg masih aya di jero leuweung.
Tonggèrèt biasana disadana tèh buÂrit, mangsa waktu manjing ka magrib. Ngabèjaan yèn geus wayah gura-giru balik, pikeun ngajalankeun kawajiban ka Nu Maha Welas Asih. Numatak laÂmun umurna geus “magrib†hèg kalÂakuan isuk-isuk kènèh pisan, kudu èra ku tonggèrèt anu remen ngingetan.
Sabab ceuk sarèat lamun geus magrib mah deukeut pisan ka alam poèk, alam anu bakal disaba saentas hirup. Lamun beuki kolot beuki maÂceuh kana subat-sabet harta banda anu lain hakna, daèk kènèh milamÂpah pagawèan nista, rucah, beuh bakal tinggaleun karèta kabagyaan.
Di sapanjang Jalan Sudirman, motor mani ngajèjèr, teu pacorok, merek ieu ngariungna jeung nu ieu deui, pastina ogè nu naraèkna tèh barudak rumaja, sabab motorna dirÂupa-rupa pisan.
Aya anu dirarangkènan ku lampu, banna dileutikan jeung ipis pisan, pareng manggih gejlugan, mani usad èsod kusabab sieuneun ngajetruk. Enya pastina ogè barudak ngora, saÂbab aki-aki jeung nini-nini mah, geus rada èraeun, tungkrang-tongkrong model kitu mah.
Salian ti èta, pastina nepi ka imah lamun teu mènta dipencètan ka niniÂna, pastina ogè dikerokan mah kudu, keuna panyakit bengèk jeung asup angin.
Lamun tèa mah rumaja anu ngarÂiung di Jalan Jendral Sudirman, boh anu di deukeut Air Mancur atawa anu di Taman Peranginan disuguhan ku rupa-rupa pintonan Sunda kayanÂing calung, rèog atawa kacapi suling, meureun tambah èndah nya, kaayÂaan di wewengkon dinya tèh meuÂreun tambah èndah nya.
Kahiji ngawanohkeun deui seni Sunda ka rumaja, sugan wè ari ku remen dipintonkeun mah, aya rasa panasaran, saterusna nyaah jeung hayang bisa. Sabab seni anu sakitu èndahna tèh geuning ayeuna mah geus jadi anu “eksklusif†pisan, ukru aya di tempat hajatan jeung rohanÂgan anu sarwa katutup.
Pareng keur diondang ku nu hajatna, lamu henteu mah, nya laÂpur. Kusabab taya pintonan ditempat anu bisa ditempo sarta dijugjug ku balarèa.
Kètanh baheula mah, kungsi aya di buruan balèkota tèh, tapi geus lila pisan asa tara aya deui. Teu apal naon panyababna tah.
Lamun tèa kaparengan (ngaranÂna ogè keur ngalamun) sakurangna aya dua panggung di jalan èta tèh, tuluy giliran.
Di panggung nu kahiji calung, di nu kadua mah nya bisa kacapi suling, lamun geus bèrès kakara digilir mintÂonna. Teu kudu lila-lila, ti jam dalapan nepi ka jam salapan atawa jam sapuÂluh, ngan tangtuna kudu mindeng ataÂwa boga jadwal anu tetep. Bisa sabuÂlan sakali, atawa dua minggu sakali.
Jadi lamun tèa mah pareng aya anu hayang nongton, kari milih wakÂtuna. Salian ti èta, panggung èta ogè bisa jadi unjuk kabisa para pangamèn anus ok tinggarantung dina angkot, bari disadikeun kènclèng.
Sugan wè atuh diantara anu maÂranggung tèh aya anu boga bakat alus, kari dicatet bari tuluy dijeujeuhÂkeun kamana sakuduna.
Sabab Tegar, panyanyi anu ayeuna remen di tipi ogè, pan asalna mah ti pangamèn jalanan lin? Tapi naha laÂmuna di luhur tèh bakal kaalaman kitu? Lamun merhatikeun kaayaan jaman kiÂwari mah asa ku pamohalan kalaksana.
sabab nyaah anu diucapkeun dina prak-prakanna bèda pisan. LaÂmun aya budak ceurik hayang dahar peremen nepi ka lolongsèran, pan meureun ubar anu mujarab mah, nya kudu dibèrè atawa dipangmeulikeun, lain dibèbènjokeun yèn isukan bakal aya samagaha bulan.
Tah saayeuna mah kitu nu karanÂdapan tèh, duka kahareupna mah, sugan . Ngalamun kètang ieu mah, sugan jeung sugan diparengkeun !