Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DI palebah Gang Ambi, sabu­deureun Jambatan Merah, mo­tor kapaksa kudu eureun sakeu­deung, kusabab macèt. Teu dihaja, panon ngarèrèt kana bèja anu keur “mangkal” di dinya. Dina terpal ngajeblag tulisan mani badag pisan, Tati Kutunggu Jandam.

Lamun èta tulisan meunang nyieun tukang bèca èta, pasti manèhna pernah kaleungitan atawa ditinggalkeun kawin ku kabogohna, anu ngaranna Tati. Sigana bakat ku bogoh pisan, nepi kapèngpèongan sarta ditulis dina terpal bècana, teuing ambèh kab­aca ku dirina (atawa batur) unggal poè, minangka pangèling-ngèling.

Atawa minangka gerentes hate anu meupeus keuyang, ku­sabab kahayangna dina miharep Tati teu kalaksanakeun. Patan­yaanna kumaha lamun rumah tangga Tati jeung salakina anu ay­euna awèt nepi ka pakotrèk iteuk jadi nini-nini jeung aki-aki? pasti moal kalaksanakeun tah cita-cita tukang bèca tèh, ngadagoan ran­dana Bi Tati tèh.

Tulisan-tulisan samodèl kitu ogè remen kabaca dina bak treuk, biasa anu “trayèkna” ata­wa ngorderna rada jauh. Modèl ngirim ka Jawa Tengah, Lampung jsbna.

Dina bak treuk bagèan tu­kang, biasana sok aya tulisan anu kawilang anèh, malah bari ditambahan ku gambar awèwè geulis, awakna bohay, bari papak­èanna rada nempokeun aurat.

Tah nu ieu mah jigana ngong­kongkeun pikeun nyieunna tèh, sabab salian ti gambarna alus, tu­lisanna ogè nyeni deuih.

Anu ngagambarna numut­keun bèja ti koran jeung internet mah, lolobana urang Pantai Utara (Pantura) ti mimiti Karawang nepi ka Cirebon. Lamun dititènan, tu­lisanna tèh matak pikaseurieun, contona : Dua Anak Cukup, Dua Istri Ribut, atawa Pulang Malu, enggak Pulang Rindu, ah pokona mah, loba pisan wè.

Mun keur macèt tulisan èta dibaca ku mobil tukangeun­na, geus pasti macana tèh ting sèrèngèh atawa sakurangna seuri kèom. Kulantaan ayeuna mah geus jaman sticker anu bisa dici­tak (print) sanajan ukur hiji ogè, atuh tukang ngagambar tèh rada kadèsèh ku teknologi ieu.

Lain ngan saukur dina bèca jeung bak treuk wungkul, dina mo­tor ogè ceuyah ku tulisan anu sin­dir sampir, sanajan dibacana kudu rada deukeut ogè kusabab leutik.

Nu boga motor matic, dina palebah spakbord tukangna, masang tulisan anu eusina kieu : Hari Gini Masih Ngoper Gigi. Di sagigireun motor matic aya mo­tor taun heubeul anu masih kè­nèh kudu ngoper gigi.

Lantaran ngarasa kasindiran, manèhna masang tulisan anu eusina kieu : Mending Oper Gigi daripada Oper Kredit mah. Stick­er-sticker èta, pastina meunang meuli, lain pamèrè atawa haratis, hartina kreatifitas mah bisa nga­hasilkeun duit.

Di jaman kiwari mah nu pent­ing aya kadaèk, boh daèk gawè atawa daèk mikir, Lain ngan sau­kur namprakeun leungeun, punta pènta padahal kaayaan awak jag­jag waringkas. Jelas pisan hukum­na anu barangpènta tèh, atawa jadi baramaèn hukumna haram.

Nu pikasabeleun (pikaseu­rieun?), mangkukna, basa ngali­wat di palebah Gunung Batu. Ku­lantaran remen dicarèkan atawa digerendengan ku nu lian èta su­pir angkot tèh, jadi kreatif, nèan­gan jalan pikeun ngajaga sangkan sopir mobil pribadi henteu ngam­bek manèhn masang tulisan dina kaca jandèlana.

Kusabab nu ngeureunkeun angkot mah panumpang, teu mu­nasabah lamun eureunna tèh, sok ngadadak atawa tara sempet mere lampu sèn anu beulah kènca.

Biasana sangkan teu di­carèkan nu nu sèjèn ku sabab eureun ngadadak, manèhna tara ngalieuk ka beulah katuhu, tapi ka beulah kènca bari nempoan panumpang. Tah supir angkot anu ieu mah, teu kitu ieuh, tapi kalah naèkeun kaca jandèla beu­lah katuhu deukeur setir.

Mangsa nu make mobil se­dan ngaliwat angkotna, bari mu­kakeun kaca jandèla, sigana rèk ngambek kusabab angkot nu di­hareupeunna ngerem ngadadak kusabab aya panumpang anu megat, lain kalah nyarèkan ieuh, tapi kalah seuri sorangan bari ngabiur ninggalkeun angkot anu ngagokan tèa.

Horèng tulisan anu dipas­ang ku èta supir dina jandèla tèh eusian kieu. Sumuhun Pa, Abdi mah Monyèt. Sigana bakat ku re­men dicarèkan ku kecap monyèt mangsa eureun ngadadak, ma­nèhna nulis kitu. Beu èdas, ku aya aya waè atuh nya. (*)