Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Bulan Rayagung meureun singgetan tina Raya Agung atawa bulan Haji aya cirri anu mandiri. Salian ti Bulan Ibadah Haji, aya Shalat Iedul Adha jeung peupeuncitan  sato qurban,  ogè loba pisan janur anu melengkung, nandakeun anu keur kawinan.

Sigana dina bulan ieu mah loba jalma anu narina surat ondangan, saminggu tèh aya kana opat limana. Leuheung lamun poèna bèda-bèda, ieu mah marengan pisan. Jaba geus jadi kabiasaan hayang sarwa cepet jeung embung cape-capè teuing bèbèrès, lolobana tèh karianna milih di gedong. Ngan hanjakal ngaranna di gedong waktuna samporèt pisan, waktuna tèh antara jam 11.00 nepi ka jam 02.00.

Kètang anu puguh mah lain pasualan waktu-waktu teuing sabab make motor mah bisa diudag. Anu jadi pasualan pentingna mah, eusi pèsak. Ari mere saeutik asa teu kèlu, mere loba puguh keur meneran haliwu pisan. Lantaran kudi ditedunan kabèh, antukna eusina tèh dibagi dua, kituna tèh ngahaja bari jeung teu milu dahar di tempat hajatan. Su’al undangan tèa mèmang sakapeung matak rada himeng. Pikeun jalma-jalma anu gedè adat mah, surat ondang tèh jadi matak. Ceuk tidituna mah,mani asa teu dihargaan, dipopohokeun mangsa meneran teu kaondang tèh.

Antukna, tong boroning datang, papanggih sabèrèsna hajat ogè jadi baluar-balieur. Puguh wè anu tas hajat tèh jadi bingungeun teu ngarti.  Geus kitu mangsa meunang surat ondang loba hèg kantongna keur kemps angger wè gugurutu.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

“Nu hajat tè mani mareng kieu, meneran tanggal kolot deui,”pokna gao-garo teua ateul.  Surat ondang ayeuna mah rupa-rupa pisan jinisna tèh. Aya anu murah (basajan) aya ogè nepi ka ratusan rèbu. Surat ondang di jaman kiwari mah sigana tèh geus jadi ciri, “saha” nu hajatna. Lamun anu hajatna jalma biasa, surat ondangna ogè paling mahal  antara lima rèbu nepi ka sapuluh rèbu.

Tapia nu beunghar, pajabat, pangusaha mah, pastina ogè anu mahal jeung katempo “ekskusive” mani èndah, di jerona ogè poto pangantènna alus pisan, sabab ngahaja nu motona ogè professional. Geus kitu hajatna ogè moal di tempat anu bantrak-bantrakeun biasana di Hotèl Bintang Lima, nu daratangna ogè kana mobil mèwah dina ngadona, moal puluhan atawa ratusan rèbu, pastina saluyu jeung pangaluaran sarta tempat hajatna (komo mangsa can aya KPK mah).

Golongan anu menegah biasana  surat ondangna rada alus sanajan teu kaasup murah. Hajatna di gedong atawa di imah (lamun imahna badag) diayakeun ogè di pakarangan imah tukang. Nu daratangna loba kènèh nu kana mobil tibatan  kana motor, eusi amplopna lumayan. Ngan lamun diteruskeun ku ayana hiburan sok rada tekor, sanajan teu pati gedè ogè. Kètang da ieu mah hajatan, lain dagang kudu ngitung untung rugi. Nu golongan handap, surat ondanganna ogè anu geus jadi atawa dina nyieunna ogè anu murah. Biasana anu milu ngondangna loba pisan, ti mimiti RT, RW nepi ka tokoh pemuda,  jawara, nepi ka Lurah ditulis tah dina sorat ondang tèh. Hajatna di imah. Hèbatna sok aya tatanggapan.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

Lamun teu kiliningan, dangdut atawa wayang golèk. Komo marengan anu hajatna jalma beunghar, hajatna ogè nepi ka isuk, malah aya kana tilu poè tilu peutingna. Nu daratangna rupa-rupa ti mimiti pajabat, jagoan  pasar nepi ka padagang. Wah pokona mah matak geunjleung. Sanajan surat ondangna basajan tapi hajatna nepi ka mèakeun ratusan juta. Keur jaman nu nyieun surat ondang can mahabu nepi ka lembur-lembur baheula mah ngondang rèk hajat tèh cukup ku udud. Bisa dititipkeun ka nu dipercaya bari dipesenan caritaan rèk hajat.

  Nu nyambunganna rupa-rupa lain ku duit wungkul, boga suluh nya sulujh, boag bèas nya bèas,  boga kuèh nya kuèh, Sakabèhna bakal dicatet sarta “dibayar” mangsa nu nyambungan èta hajat. Tapi teu ngajadikeun hutang, lamun tèa mah teu kaburu kabayar kusabab teu hajat tèa. Mangsa rèk parasmanan dibagi kartu gaplèh maksudna mah antri saluyu jeung nomer anu aya dina kartu. Teu hèsè, gampang  pisan, sabab didasaran ku rasa ihlas tèa. Pan ayeuna mah, sanajan hajat rongkah nu hajat tèh masih kènèh sok narina amplop kosong.

============================================================
============================================================
============================================================