Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“RAMÈNA dunya, kusabab kal­akuanna anèh-anèh, kusabab la­mun pangeusina balageur jeung taya kamonèsan, dunya pasti jiga kuburan,”ceuk Mang Bondan (MB), anu kamari leumpangna gang ègèng, balukar tina bisul sadua-dua dina palangkakanna.

Puguh rada pangling ayeuna mah, anu biasana mah buukna gondrong, ayeuna mah cepak siga tentara. Malah aya bèja geus ngukur baju jeung calana sera­gam sagala.

Teuing baju safari, seragam hansip atawa pakèan nu sok bisa dipakè ku para pangawal pres­iden. Wah pokona ginding jeung ngora deui saentas dicukur mah.

Malem Ahad mangkukna, ceuk MB, basa ngaliwat ka jalan di hareupeun Terminal Bubulak, Kacamatan Bogor Barat, Kota Bo­gor, mani ramè pisan. Horèng ba­rudak satepak keur balap di jalan èta, boroning merhatikeun kasal­ametan, kayaning make helm dalah lampuna ogè teu hurung.

“Teu lila kadèngè sora anu ngaguprak sigana dua motor anu keur baralap tèh tiguling. Lan­taran jadi macèt, balik tèh jadi ngaliwatan tukang. Isukna aja bèja yèn anu baralap motor tadi peuting tèh maraot.

Teu kaburu dibawa ka rumah sakit-saki acan,” sanggem MB. Komo lamun maca koran jeung la­lajo tipi mah, dunya tèh siga anu teu eureun-eureun ku pasualan.

Harianeun bèja KPK anu “pasèa” jeung Kapolisian mah. Encan ngeunaan ISIS anu nepi ka maèhan jalma ku jalan dibeule­um, budak anu mergasa indung-bapana, atawa sabalikna.

BACA JUGA :  Menu Sahur dengan Sup Miso Tofu Bayam yang Simple dan Lezat

Di sababaraha tempat di naga­ra urang kènèh teu eureun-eureun pasèa, pangeusi lembur nu hiji jeung nu lianna, silih jorag, mani taya eureunna. Geus kitu, nerekab ka mana-mana deuih, lain ngan saukur di kota-kota wungkul, sumebar ka lembur-lembur.

“Tah èta ciri-ciri dunya tèh geus deukeut kana kiamat. Sa­bab baheula ogè keur jaman Kangjeng Rosul saurna tihang du­nya tèh geus doyong, komo deui ayeuna,”ceuk Ujang Wono anu kakara pisan datang bari angkari­bung mawa gorèngan.

“Akur Kang Ujang, malah ay­euna mah geuning jaman bukti jeung babales. Lamun urang jahat ka nu lian tèh balesanna tara lila, teu nepi ka bulan-bulan dina minggu èta kènèh ogè sok aya balesanna,”tèmbal MB bari menerkeun calana, teuing nyeri atawa nyèngsol tah.

Keur guntreng ngobrol jol Kang Haji Endang Kosasih, bari nyandak mie ayam seroja, atuh obrolan tèh eureun, diselang ku ngahanca mie ayam heula.

“Mani pas pisan ieu mah, mangsa keur lapar aya nu ngiri­man. Alhamdulillah du’a uing tèh dikabul,” ceuk MB bari samutut ku mie ayam.

“Kumaha ngadu’ana tah?” Kang Haji Endang nanyakeun.

“Tadi basa nyeuseuh kolor di kamar mandi, uing ngadu’a. Tuh pan dikobulkeun,”tèmbalna.

BACA JUGA :  Kamu Harus Tahu, Ini Dia 6 Manfaat Air Kelapa untuk Kesehatan

“Hush ari nanaon tèh. Lamun ngadu’a hayang cepet-cepet diko­bul mah, aya waktu jeung carana atuh,” saur Kang Haji Engkos.

Kahiji saentas sholat wajib, komo nyuhunkeun ka Allahna dina kaayaan sujud. Kadua kudu beresih hate, pakèan jeung tempatna, afdolna mah terus-terusan,ulah keur dina kaayaan ripuh atawa susah kakara ngadu’a bari jeung ceurik sagala. Atawa dina keur sholat duha, tahajud tengah peuting. Kitu ogè saentas shalat Subuh jeung sabada Ashar.

“Tah aya deui waktuna anu dikabulkeun ku Allah,” saur Kang Endang.

“Iraha tah Kang?” MB pana­saran.

“Mangsa khatib reureuh sakeudeung hutbahna, salian ti maca shalawat tèh, pèk ngadu’a sing husu,”saurna. Anu teu èlèh penting kudu ngarasa syukur kana sagala ni’mat anu dipaparinkeun ku Gusti Allah, boh ni’mat leutik atawa ni’mat anu gedè.

Lamun urang remen ngarasa syukur tangtu ku Allah bakal dit­ambahan, kacida rugina lamun urang kufur ni’mat. Ngungkab­keun rasa syukur lain ngan sau­kur ngucapkeun wungkul barengan ku hate jeung laku lampah.

“Maksadna kumaha Kang Haji?”

“Lamun urang meunang re­jeki, sidekahkeun saeutik mah. Teu kudu ka nu jauh heula, ka du­lur dulur urang anu kahirupanna kurang kènèh,”saur Ki Haji En­dang tatag pisan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================