Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BASA Ki Sobat, Kang Yono ngabèÂjaan yèn anakna di rawat di rumah sakit PMI, malah cenah mah gerÂingna tèh aya kana dua mingguna, rada ngarènjag ogè. Malah satenÂgah nyalahkeun, ka Ki Sobat, kurÂing nganaha-naha kunaon kakara ngabèjaan ayeuna.
Teu antaparah deui, biur wè ka rumah sakit, kasampak budak tèh keur ngalemprèh, anu teu walÂakaya. Horèng ceuk bapana Kang Yono tèa, anu nyababkeun budaÂkna nepi ka kitu tèh balukar tina tawuran.
Kètang lain tawuran-tawuran teuing, tapi cenah mah tas balik ti sakolana aya nu megat di wewengÂkon Kandang Roda. Musibah wè pikeun Ki Sobat mah, malah beuÂnang disebutkeun katutuh katurug.
Saba dina sabulan èta mah, kulawargana tèh pulang anting ka rumah sakit. Nu pangheulana, anakna nu pangleutikna, cageur anakna.
nyusul indungna. Kakara ogè bèbèrès ngarènghap, malah jigana tèh, can ogè reureuh, budakna anu lalaki ngalaman tatu parna.
Saentas dirawat di rumah sakit di deukeut imahna, bari jeung teu ngalaman kamajuan, kapaksa kudu dipindahkeun ka PMI, sabab di rumah sakit anu tiheula mah, cenah kurang kumplit.
Sirah budak tèh kudu discan, bisi aya urat atawa tulang anu kaÂganggu. Palebah panonna ngabenÂggul sagedè peureup kolot. Sigana tèh kahantem ku barang teuas, teuing batu atawa nu sèjènna.
“Leuheung ninggang di nu aya, palebah di jalma pantar kurÂing mah, mani asa kiamat sugro. Pikeun uubar budak tèh jual itu, jual ieu, nginjeum ka ditu, nginÂjeum kadieu. Urusan mayar mah, kumaha bèhna baè, nu penting buÂdak dirawat heula, pokna ngageuri.
Awakna katempo nguruan, panonna celong bangun anu kurang sarè. Ceuk Ki Sobat, basa ngadèngè yèn anakna aya nu nanÂdasa nepi ka kituna, hate mah amÂbek kacida, tapi sanggeus dipikir-pikir kalayan jero, dibeuweung diutahkeun, niatna pikeun nyuÂsud tèh teu dituluykeun.
Sakuat tanaga, anakna tèh diÂubaran make waragad sorangan sanajan bari gagadè nyarandè ogè. Lamun ceuk kiratana mah, kajadiÂan èta tèh sarua jeung hurup caÂcarakan jawa anu kungsi diajarkan mangsa keur SD tèa, nyaèta hana caraka data sawala. Anak cilaka bapa ka bawa-bawa.
Da saenyana atuh, saha deui anu rèk mikiran ari lian ti bapana mah, sabab nu sèjèn mah dina mantuan ogè ukur sawilasana. Pareng keur teu aya, ukur nyebutÂkeun aduh karunya, atawa dina leuwihna ngadu’akeun sangkan tèrèh cageur, jeung rèngsè dina urusanana.
Anu ripuh mah, angger wè indung bapana.
Kabiasaan tawuran, boh antaÂra budak sakola, mahasiswa nepi ka ormas, masarakat sigana tèh keur mahabu, ceuk basa kiwari mah trend.
Padahal, boh anu ngajorag ataÂwa anu dijoragna tèh, ti turunan anu sarua kaum Adam, komo deui ieu mah kawengku ku sa-nagara, malah bisa jadi salembur.
Teuing naon atuh nya anu nyababkeun manusa tèh mani gampang pisan ambèk, jeung lain ngan semet ambek wungkul, sok aya tuluyna.
Padahal lamun dipikiran kalayÂan gemet, asa taya untungna. Ceuk dina paribasana tèa mah, èlèh jadi lebu, meunang jadi areng, duaÂnana bisa disebutkeun èlèh.
Anu èlèh ngajurahroh, tuluy asup rumah sakit. anu meunang sakurangna diudag-udag rasa hariÂwang, kumaha lamun jadi urusan jeung anu berwajib. Dina henteuÂna ogè pan di ahèrat mah pastina ogè dibalitungkeun.
Bisa jadi anu hiji mah, kulantaÂran solidaritas, silih bèlaan diantaÂra babaturan, atawa panyababna anu teu pira kacida. Kulantaran diÂbarengan ku kaambek nepi ka teu kapikirkeun kumaha balukarna, boh pikeun batur atawa dirina.
Padahal lamun tèa mah ngaji rasa (ceuk kolot baheula) hèg anu ngalaman èlèh tur nepi ka kudu diÂrawat tèh ninggang di dirina (anu meunang) bari jeung kaayaan koÂlotna tèh teu kaasup jalma jegud.
Pastina ogè kolotna tèh tisukÂsuk tidungdung ngabèlaan pikeun nyageurkeunana. Urusan tawuran tètèla lain ukur di barudak sakola wungkul, tapi geuning ayeuna mah tatangga lembur ogè, anu pangeusina lain barudak wungkul asa beuki loba. Panyababna ku urusan teu pira.
Manusa ayeuna mani gancang pisan ambek, sètan tèh sigana marakayangan di mana-mana. Aya nu salah kitu jeung dunya atikan urang? atawa mèmang jaÂmanna jaman èdan ?