Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGARAN (tempat ) Cikabuyutan tètèla lain ngan saukur di Banjar (Ciamis) wungkul, tètèla ampir di unggal tempat ogè aya. Di Bogor sorangan aya Cikabuyu­tan anu pernahna di Kalurahan Baranangsiang, ayeuna mah tu­kangeun pisan Botani Square.

Di tempat èta aya kobak di sahandapeun tangkal sukun. Aya carita “ahèng” sabudeureun Cikabuyutan ieu tèh, sakumaha kaalaman ku Mang Adun (ngaran samaran) pensiunan panghulu (Lebè) anu gawèna purah nga­winkeun jalma. Kira-kira taun 1968, Mang Adun (keur lèlèngo­han kènèh) katarajang panyakit eksim, suku jeung awakna bun­yanyahan, bengeutna ngandelan.

Teuing geus sabaraha dokter didatangan, tapi nya kitu tèa, pa­nyakitna tèh can diparengkeun cageur. Hiji peuting, anjeunna ngimpi didatangan ku nini-nini anu nyebutna tèh ti Kampung Manggis. Nini-nini èta ngajelas­keun yèn lamun hayang cageur panyakit Mang Adun tèh kudu diubaran ku daun duduitan sarta dipandikeun di Cikabuyu­tan samèmèh shalat Jumaah. Ngarasa panasaran Mang Adun tèh nanyakeun ka kolotna, ngeu­naan impianana.

“Bener nini manèh tèh diku­burkeunana di Kebon Manggis,” ceuk bapa Mang Adun. Singket carita, kira-kira jam dalapan isuk, Mang Adun ngajugjug ka Cikabuyutan, gebrus mandi bari dibalur ku daun duduitan meu­nang nutuan.

“Alhamdulillah, poè katilu tèh borokna cageur, anu ngadagleg dina beungeut ogè morolok. Ca­geurna tèh teuing pèdah ku akar sukun, atawa cai èta mèmang mustajab, ”pokna tèh daria.

BACA JUGA :  Open House Lebaran, Bima Arya Titip ke Tokoh Lintas Agama Jaga Keberagaman

Cikabuyutan atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran abad ka-11 M. Prasas­ti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M, nerangkeun yèn Prabu Sri Jay­abupati (Raja Sunda) geus netep­keun sabagian tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak, minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu di­hormat ku sakabèh rahayatna.

Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu atawa pamali. Ke­cap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun, waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu diang­gap karamat atawa suci.

Barang-barang paninggalan para karuhun ogè remen diang­gap kabuyutan, misalna goong kabuyutan. Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wu­judna bisa mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona wewengkon Kanèkès di Banten.

Dina harti sèjèn (filolog) ka­buyutan leuwih dima’naan skrip­torium, nyaèta tempat pikeun nyieun jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray, Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè kungsi dise­butkeun ku Bujangga Manik anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna anu mangrupa hulu Cili­wung tèh kabuyutanana Pakuan.

BACA JUGA :  Resep Membuat Sayur Gurih Nangka Muda, Dijamin Keluarga Nambah Terus

‘Sadatang ka Bukit Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyu­tan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna.” Anu disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pas­tina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga Warna atawa Gunung Gedè (Ageung) geus aya jaman Karajaan Pajajaran anu pura­sabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasas­ti Batutulis) sedeng Gunung Ageung disaruakeun jeung Ba­digul tèa.

Urusan Kabuyutan ieu di ja­man baheula kacida dihormat­na, dina Amanat Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu bisa ngarawat jeung ngaru­matna di wewengkon kaka­wasanana, leuwih hina tibatan kulit lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah.

Ieu tangtuna siloka pikeun urang sarèrèa. Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup kabuyu­tan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari? Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor, anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab la­mun dititènan tètèla wangsit Sili­wangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari. Tah kitu ! Wal­lahualam bissawab.

(Tina sa­babaraha sumber)

============================================================
============================================================
============================================================