Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR anteng mikiran kumaha carana, nyitak deui buku Sajarah Bogor yasana almarhum Kang Salèh Danasamita anu kiwari hèsè pisan dipanggihanana, jol Ki Mardud, sobat dalit.

Sanajan umurna saentragan aki kuring, tapi anjeunna mah jagjag waringkas kènèh. Panon jeung cepilna masih kènèh sabi­hari, kitu ogè waosna, weuteuh kènèh.

“Tah baca, maenya sikep gegedèn tèh kawas kitu?”pokna tèh bari ngasongkeun Koran au dibawana. Gancang Koran tèh ditampanan, tuluy dibaca lalau­nan.

Dina Koran èta jelas pisan la­mun Mang Udjo, anu geus nyip­takeun rekor dunia sarta ditulis dina buku Guiness of The Re­cord, tur mawa seungit ngaran nagarana ,batinna ceurik.

Panyababna, saurna tèh mani taya perhatian pisan ti Gubernur Jawa Barat, Achmad Heryawan. Sababaraha taun kaliwat, mun teu salah, anjeunna ogè kung­si nyebutkeun yèn Jaipongan gorèng, meunang mulung tina runtah.

Malah kamari mah garwana kungsi nyebutkeun yèn Sintren anu aya di Cirebon tèh musrik, sanajan ucapan ieu kaburu dira­lat deui, yèn anjeunna teu nyari­os kitu.

Dina salah sahiji media on line, Miing atawa Didin Gumelar nyebutkeun yèn Sintren saujrat­na kudu dimumulè, malah mènta sangkan pajabat atawa tokoh masarakat anu henteu melèk bu­daya, teu gancang monis kana hiji kasenian samodèl Sintren.

“Malah urang kudu ngarasa syukur mibanda kasenian model kitu,” tegesna basa jadi panyatur di STSI Bandung.

BACA JUGA :  Turunkan Kolesterol dan Gula Darah Tinggi dengan Rebusan Daun Salam, Ini Dia Caranya

Kitu ogè, Kadisbudpar Kota Cirebon, Abidin Aslich, ngajelas­keun palsafahna tina kasenia Sin­trèn tèh ma’nana nyaèta, manusa kudu bisa ngaleupaskeun diri tina kurungan mangrupa simbol dun­ya jeung norma.

Sawaktu manusa kakurun­gan ku dunya jeung norma èta, manusa mibanda akal pikeun nyiasatanana tina rereged kahiru­pan. Untung wè teu kapapanjan­gan. Aya ogè harita anu ngaSMS, ngajakan cumarita ka Aki Mardud ngeunaan hal èta.

Tapi, pagètona aya bèja deui yèn Ibu Netty tèh teu ngaluarkeun kalimah anu ngamusrikeun jeung ngaharamkan Sintrèn.

Tah sakumaha anu diberita­keun dina Koran-koran, ngeu­naan taya perhatian di Pemda Jawa Barat, Mang Udjo nepi ka nyebutkeun yèn lamun dirina mawa ngaran Indonèsia atawa bendera beureum bodas, lain ngawakilan Jawa Barat.

Anjeunna negeskeun yèn per­hatian anu dimaksud lain urusan duit, tapi dorongan sumanget. Sabab ti mimiti persiapan, miang nepi ka Washington DC, Guber­nur Jawa Barat tèh, teu kungsi manggihan-manggihan acan.

“Tah kumaha lamun kitu?” ceuk Ki Mardud deui, pèdah kur­ing ngan saukur olohok, teu nyar­ita sakemek-kemek acan.

“Duka atuh Ki, padahal dina raraga ngajaga deresna budaya bangsa deungeun anu ngagulidag dina saban panto informasi anu asup ka urang, ceuk anu dibar­endo tèh cara anu pangafdolna ku nguatan budaya sorangan anu pinuh ku ajèn-inajèn ètika jeung moral,”cèkèng tèh.

BACA JUGA :  Membuat Sambal Leunca Cabai Hijau untuk Santapan saat Makan Bareng Keluarga

“Tah geuning ilaing ngarti.”

“Sumuhun Ki, saur dina Koran-koran jeung lamun pareng ngirin­gan pasamoan para gegedèn wè, boh pajabat, inohong atawa para budayawan. Nyariosna tèh kitu.”

“Yeuh di jaman kiwari mah, geus lain waktuna ukur nyarita wungkul, perlu bukti jeung prak. Komo deui ieu mah, ngan saukur diperedih dorongan sumanget wungkul, teu mènta duit sagala, maenya embung, asa ku teung­teuingeun pisan nya,” saur Aki Mardud deui.

Padahal salah sahiji tugas ti Pamarèntah Daèrah tèh nyaèta ngajaga sangkan budaya jeung seni satempat henteu nepi ka tumpur. Malah ayeuna mah keur ceuyah sangkan ngaguar kasur­tian lokal anu sumberna tina bu­daya karuhun.

Lamun Unesco waè ngaku yèn salah sahiji kasenian urang tèh bu­daya anu adiluhung, diantarana Wayang Golèk, kuduna mah anu sakuduna reueus tèh milu ngamu­mulè jeung nanjeurkeun.

Di Kota Bogor dina raraga milangkala Bogor, ampir unggal taun aya Wayang Golèk, naha di Gedong Satè kiwari aya acara kawas kitu? Ah, duka tèh teuing sabab mangsa di korèhan dina Koran wedalan Bandung mah, Ki Asep remen maèn di Cimahi.

Ceurik batin Mang Udjo, tang­tuna jadi ceurik seniman Sunda, leuheung Mang Udjo mah, geus bisa hirup sorangan, teu perlu il­ubiung pamarèntahan satempat.

============================================================
============================================================
============================================================