Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SACARA teu karasa, urang,umat manusa sabenerna geus dikawasaan ku duit, sabab ampir sagala “tarèkah” anu sifatna mènta tulung lamun ceuk basa lomana karna Allah, lamun taya duitna mah angger wè rada kalèkèd, malah deukeut teu dipigawè.

Anu pangheulana, nempo nu ni­tahna heula, jelema beunghar bari jeung bageur atawa beunghar tapi pelit mèrègèhèsè cap jahè. Nu kahiji inya Allah lamun tèa mah tutah-titah pasti rada diturutkeun, sanajan enya taya perjangjian rèk mere, kusabab geus karasa rejekina, pasti panitahna dilaksanakeun.

Nu kadua mah , dilaksanakeun, tapi kudu jelas heula, kumaha-kuma­hana. Lamun perlu disaklekeun heula, kumaha kajelasanna. Sabab ceuk Ki Tatang nu enggeus-enggeus ogè barangbèrèna tèh teu make duduga peryoga.

Lamun ceuk itungan, kakayaan mah, jajauheun kudu mere sakitum ssabab imah gedong sigrong. mobil nangoh di buruan bari jeung taun panganyarna.

“Tapi ngahargaan tanaga tèh teu bèda ti ka budak leutik,” ceuk Ki Tatang basa ngobrol sisi bendungan. Rada teu kaharti puguh ogè, maenya gawè ti isuk nepi ka loho, bari jeung pagawèanna kawilang beurat, ukur mere sapuluh rèbu. Mèmang taya perjangjian kudu sabaraha mèrèna, tapi sakurangna sing boga adeuh, nga­hargaan tanaga nu lian tèh.

“Rèk mènta deui, kaburu èra mantèn. Ah ditarima wè saharita mah. Ngan kahareupna moal daèk deui, lamun teu jèntrè heula sabaraha buruhna,”pokna daria pisan.

BACA JUGA :  Cek Lokasi SIM Keliling Kota Bogor, Senin 22 April 2024

Duduga peryoga saur Kang Haji Endang, mangrupa alat ukur pikeun manusa, naha kaasup bèrèhan, daèk mere mawèh ka sasama atawa hen­teu. Salian ti èta jadi hiji panimbang kana kapribadian èta jalma.

“Lamun èta jalma nyaho kana duduga peryoga moal bakal jadi pio­mongeun batur,”saurna tèh. Anjeunna masihan conto, aya hiji pajabat anu beunghar, geus naèk haji, hartana loba, duitna di bank enolna geus ng­abèrèbèt.

“Mangsa datang dulurna di kam­pung bari jeng rebo ku babawaan, cèlèkètèk tèh mere amplop eusina ukur dua ratus rèbu,”saurna.

Duit dua ratus rèbu di jaman ki­wari, bakal mahi kana naon. Komo pan datangna ti lembur anu keur waragad bèngsinna ogè teu kurang ti lima ratus rèbu, geus kitu nu dibawana ogè bèas anyar ngaheuleur da anyar panèn tèa, peuteuy, gula beureum, lauk emas, ah rupa-rupa kadaharan ti lembur wè, mun diitung moal kurang ti lima ratus rèbueun tah.

“Pantesna mah, sakurangna dua juta, komo bari jeung nu loba duit mah, kudu kana lima jut amah.” Pasti nu dibèrèna mah, moal bisa protes, atawa teu narimakeun, sabab am­plopna tèh dibukana di tengah jalan.

Pajabat nu model kitu geus pasti bakal jadi omong di lembur kalahiran­na, sarta geus pasti dulurna èta moal daèkeun datang deui.

BACA JUGA :  Sinergi Jaga Ketahanan Pangan, Sekda Kabupaten Bogor Hadiri Rakor Bersama Sekda Se-Jawa Barat 

“Malah sigana mah, mangsa pa­jabat èta boga hajat tur merlukeun tanaga ti lemburna, geus pasti moal pati dipalirè.”

Sifat pelit, korun mèmang geus aya di saban jalma, aya nu pageuh nempèl nepi ka bawa maot, aya ogè anu leungit di satengahing jalan.Bi­asana nu nepi kabawa maot mah, jal­mana kurang daèk gaul, arang ngaji, ibadahna ogè ukur keur sorangeun wungkul.

Anu leungit di tengah jalan, bi­asana mangsa keur leutikna ngarasa susah pisan, tur rasa èta dibalikeun ka dirina jeung batur.

“Kuring baheula ngarasaan kuma­ha jadi jalma susah, numatak nempo nu susah tèh kuring hayang nulungan waè,” ceuk salah saurang pangusaha sukses anu keur leutikna masakat ka bina-bina.

Salian ti èta kusabab remen gaul, nyaho kaayaan di sakurilingeunna, remen hubungan jeung jalma laleu­tik anu susah, remen ngariung jeung jalma-jalma solèh, biasana sakumaha pelitna ogè rasa asihna kahudang­keun, sarta robah jadi jalma bageur.

Jadi jalam mah kumaha jeung saha ngariungna. Hirup kumbuh jeung tukang minyak seungit kabawa seungit, jeung tukang dagang huut atuh meureun kabagian kebulna.

“Pan di urang mah, aya pajabat anu rada hèsè barangbèrè, tong waè ka batur ka dirina ogè geus pelit pisan,” saur Kang Haji Endang tatag. Beuh, mu­gia urang mah ulah nepi ka kitu nya !

============================================================
============================================================
============================================================