Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN nitènan kecap atawa paÂribasa kawas saeutik mahi loba nyèsa atawa kudu bisa ngeureut neundeun, karuhun urang sabenÂerna geus ngajarkeun sangkan hirup tè teu awuntah, tapi henteu ogè pelit, mèrègè hèsè cap jahè.
Sabab di sagigireun èta aya paÂribasa nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, ngajait anu ti teuleum nyaangan anu poèkeun. Hartina dina urusan “tutulung jeung tataÂlang†ulah nepi ka nyaeuran gunung.
Palebah dieu urang ditungtut dina ngabalanjakeun rejeki anu dipaparinkeun ku Gusti Allah tèh kudu wijaksana.
Apik lain hartina korèt, sabab wujud syukur kana sagala ni’mat lain ngan saukur ngucapkeun AlÂhamdulillah wungkul, tapi babagi kabagyaan ku jalan mere ka anu bener-bener ngabutuhkeun.
Paripolah nyaeuran gunung ieu, tètèla ayeuna mah rada diÂlumakukeun. Contona mangsa dunungan hajat anu puguh geus beunghar, medah-meduh, harta bandana bru di juru, bro di panto ngalayah di tengah imah, pan ngarasa èra lamun nyambungan saeutik atawa barang bèrè ku baÂrang anu murah.
Malah sakapeung mah, makÂsakeun, kituna tèh bari dingaranÂan, ambèh kanyahoan saha anu mèrèna. Sawatara lamun nyamÂbungan ka sahandapeun mah, cuÂkup ku duit leutik, tara ieuh dinÂgaranan, asal katempo beungeut ku nu ngondangna wè wungkul.
Kètang lain ngan saukur kaÂlimah atawa paribasa wungkul, ayaÂna leuit, goah, pangbèasan salah saÂhiji bukti yèn kabiasaan neundeun (nabung) geus dilakonan.
Di Kampung Adat Urug anu mangrupa “ eunteung†urang Sunda baheula, aya leuit anu diÂpernahkeun teu jauh ti imahna, salah sahiji wujud syukur kana ni’mat rejeki, panènna mucekil diantarana Sèrèn Taun.
Kagiatan Sèrèn Taun, manÂgrupakeun wujud syukur anu dilaksanakeun, lain ngan saukur ucapan wungkul. Sabab dina kaÂgiatan èta, loba harta banda anu dikaluarkeun pikeun kaperluan ibadah, boh sodaqoh atawa ngaÂluarkeun hak batur anu disebut zakat tèa.
Sedengkeun di jero imah, di rumah tangga baheula, aya goah (ayeuna mah dapur) bari di jeroÂna tèh aya pandaringan, (tempat nyieun bèas anu mangrupa genÂtong ngan dijieunna tina taneuh )bèasan anu “pamali†nepi ka dikosongkeun pisan.
“Sakurangna aya pikeun sapoèeun isuk mah, ulah nepi ka pangbèasan tèh dibèakeun dina poè ayeuna,â€ceuk almarhumah nini basa anjeunna nyiuk bèas tina pandaringan.
Tah numatak aya istilah Patih Goah anu tugasna ngajaga, ngurus goah sangkan henteu kakurangan. Patih Goah ieu sanaÂjan diajarna tina pangalaman, tapi jadi ahli manajèmèn èkonoÂmi anu kacida hadena.
Salian kudu bisa ngeureut neundeun, ogè ulah nepi ka angÂgota rumah tanggana teu kukuranÂgan daharna tur nu sarakola tetep jalan, bari jeung duit balanja ti Raja Goah tèh sabenerna teu cukup pikeun sabulaneun. “Ngan hèranÂna sanajan ceuk itungan balanja mah teu cukup sabulaneun, tapi mangsa diinjeuman tèh aya waè,†saur Mang Tatang bari gideug.
Pamali lainna anu masih kèÂnèh dicekel ku jalma-jalma anu mituhu kana ajaran baheula tèh, nyaèta teu meunang ngosongÂkeun dompèt.
Sakurangna pikeun tunggul kuras mah kudu aya. Sabab ceÂnah, lamun dikosongkeun pisan taya pamancing pikeun duit anu di luar. Bisa jadi èta pamadegan èta tèh bener, tapi anu jelas mah “tunggul kuras “ kacida pentingna.
Sabab kaalaman ku babaturan anu ngahaja nyelipkeun duit dina sèla-sèla kartu ngaran dina domÂpètna. Sigana tèh duit èta kaÂpanggihan ku pamajikanana diÂcokot bari jeung teu bèbèja heula ka salakina.
Basa manèhna rèk mayar beus mani reup geuneuk ray pias, sabab duit anu ngan sakitu-kituna tèh suwung. Ma’lum harita bulan keur meujeuhna kolot pisan.
Untung wè aya babaturanana anu haat nginjeumkeun duit. Lamun heunteu cilaka dua beÂlas, sakurangna bisa pasèa jeung kondektur bari saterusna teu bisa balik ka Bogor, sabab gawèna di Jakarta.
“Tah pangalaman samodèl kitu tèh ulah kaalaman ku anak incu, numatak kudu aya sisimÂpenan pikeun kayaan anu teu disangka-sangka,†ceuk Mang Tatang nyaritakeun pangalaman babaturanana, anu mèh cilaka gaÂra-gara teu boga tunggul kuras.