Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN kolot-kolot ayeuna jeung baheula pastina rada apaleun kènèh kana kawih baÂrudak anu dikawihkeunana ku kolot, biasana mah aki-aki anu rumpakana tèh kieu: cang unÂcang anggè, mulung muncang ka paranggè, digogog ku anjing gedè, anjing gedè nu palèbè, ari gog-gog cungungung. Kawih ieu biasana mah dilagukeun ku aki-aki, mangsa ngabèbènjokeun atawa ngogo incuna. Si aki bari diuk, tuluy incuna tèh ditangÂkodkeun dina sukuna bari diÂangkat, diacung-acung ka luhur.
Saliwat jiga nu taya hartina, ukur ngabèbènjokeun wungkul tapi lamun diteuleuman mah, tètèla mibanda kagunaan anu lumayan jero. Kahiji nepikeun kaasih ka nu jadi incu langÂsung ku jalan anu pangmurah-murahna, teu kudu make duit, kaduana mangrupa olahraga, ngalatih suku anu geus karoÂlot, sangkan teu kakeunaan rupa-rupa panyakit anu aya patalina jeung suku, sabab dina ngangkatkeun budak ka luhur tèh, sakurangna ngagunakeun kakuatan èngsèl tuur jeung cècèklokan.
Padahal mangsa keur si incu nangkod dina suku akina tèh, aya tatali asih anu keur dibeungkeutkeun. SakurangÂna, si budak bakal neuteup ka akina, kaduana si aki ogè bakal negeskeun rupa incuna. SawakÂtu dua panon keur silih teuteup, dipastikeun aya kanyaah anu nyambung, komo pan duanana ogè bakal ngarasa yèn aya getih anu ngamalir diantara kaduana. Malah aya paribasa, mangsa incuna (biasana anu mungÂgaran) gubrag ka dunya, asih ka anakna tèh pindah kabèh ka incuna. Ka anakna mah, masih kènèh bisa ambek, mangsa keur aya kapusing tèh.
Ku incu mah, sakumaha keur pabeulitna pikiran, tara ieuh bisaeun ambek, seuri wè nu aya. “Elèh lah ku incu mah. Lamun kabeneran keur boga kadaharan anu ngeunah, atawa keur parasmanan, èra-èra ogè sok disakuan, inget ka incu,†ceuk Mang Tatang anu kamari mah make kopèah beureum basa kapanggih di warungna.
Jaman kiwari aya kènèh kitu, rarasaan geus rada jarang rarasaan mah, sabab boh si aki jeung incuna boga kasibuÂkan sèwang-sèwangan, saluyu jeung kaayaan jaman. Pikeun nempokeun kanyaahna, aki nu baroga duit, leuwih resep mangmeulikeun kaulinan jaÂman kiwari anu marahal, kayÂaning momobilan anu make remote control.