Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN kolot-kolot ayeuna jeung baheula pastina rada apaleun kènèh kana kawih barudak anu dikawihkeuÂnana ku kolot, biasana mah aki-aki anu rumpakana tèh kieu: cang uncang anggè, mulung muncang ka paranggè, digogog ku anjing gedè, anjing gedè nu palèbè, ari gog-gog cungungung.
Kawih ieu biasana mah dilagukeun ku aki-aki, mangsa ngabèbènjokeun ataÂwa ngogo incuna. Si aki bari diuk, tuluy incuna tèh ditangkodkeun dina sukuna bari diangkat, diacung-acung ka luhur.
Saliwat jiga nu taya hartina, ukur ngabèbènjokeun wungkul tapi lamun diteuleuman mah, tètèla mibanda kaÂgunaan anu lumayan jero.
Kahiji nepikeun kaasih ka nu jadi incu langsung ku jalan anu pangmuÂrah-murahna, teu kudu make duit, kaduana mangrupa olahraga, ngalatih suku anu geus karolot, sangkan teu kakeunaan rupa-rupa panyakit anu aya patalina jeung suku, sabab dina ngangÂkatkeun budak ka luhur tèh, sakurangÂna ngagunakeun kakuatan èngsèl tuur jeung cècèklokan.
Padahal mangsa keur si incu nangÂkod dina suku akina tèh, aya tatali asih anu keur dibeungkeutkeun. SakurangÂna, si budak bakal neuteup ka akina, kaduana si aki ogè bakal negeskeun rupa incuna.
Sawaktu dua panon keur silih teuÂteup, dipastikeun aya kanyaah anu nyambung, komo pan duanana ogè bakal ngarasa yèn aya getih anu ngaÂmalir diantara kaduana. Malah aya paribasa, mangsa incuna (biasana anu munggaran) gubrag ka dunya, asih ka anakna tèh pindah kabèh ka incuna.
Ka anakna mah, masih kènèh bisa ambek, mangsa keur aya kapusing tèh. Ku incu mah, sakumaha keur pabeuÂlitna pikiran, tara ieuh bisaeun ambek, seuri wè nu aya.
“Elèh lah ku incu mah. Lamun kabeneran keur boga kadaharan anu ngeunah, atawa keur parasmanan, èra-èra ogè sok disakuan, inget ka incu,†ceuk Mang Tatang anu kamari mah make kopèah beureum basa kaÂpanggih di warungna.
Jaman kiwari aya kènèh kitu, rarasaan geus rada jarang rarasaan mah, sabab boh si aki jeung incuna boga kasiÂbukan sèwang-sèwangan, saluyu jeung kaayaan jaman. Pikeun nempokeun kanyaahna, aki nu baroga duit, leuwih resep mangmeulikeun kaulinan jaman kiwari anu marahal, kayaning momobiÂlan anu make remote control.
Kaduana loba anu misahkeun asih antara incu jeung akina, komo jalma-jalma modern anu beunghar hèg kurang didikan agama mah, nitipkeun kolotna ka panti jompo, geus mangruÂpakeun hiji kabiasaan anu umum.
Sawatara ngeunaan muncang anu jadi eusi lagu teu kapanggih rarataÂnana, kunaon make muncang, naha dipurawakantikeun akan uncang-unÂcangna, atawa pèdah harita mah loba anu marulung muncang, anu mangruÂpa salah sahiji samara dapur.
Muncang atawa kemiri (Aleurites moluccana), nyaèta hiji tatangkaÂlan, anu sikina loba dimangpaatkeun pikeun sumber minyak jeung bungbu atawa samara. Tangkal muncang maÂsih sakulawarga jeung sampeu kaasup kana golongan suku Euphorbiaceae.
Di Indonèsia sorangan muncang loba pisan ngaranna, nyaèta kemÂbiri, gambiri, hambiri (Batak), kemili (Gayo); kemiling (Lamp.); buah kareh (buah keras, Mink.; Nias); keminting (Dayak), dèrèkan, pidekan, miri (Jawa.) kamèrè, komèrè, mèrè (Madura). Keun lah su’al ètana mah, anu jelas sakurangna, ku lagu uncang-uncang anggè bari jeung naplokeun budak dina suku tèh, sakumaha anu sok dilakÂsanakeun ku para kolot baheula, tètèla teu samanèa, pastina aya hartina.
Mangsa keur orok kènèh, indung baheula sok ngawihan anakna, ku nèng nèlèngkung, geura gedè geura jangkung geura sakola ka Bandung, geura bisa nulung indung. Kawih atawa ucapan naon waè anu kaluar tina biwir indung (komo dibarengan ku hate) bari jeung tuluy-tumuluy mangrupa du’a.
Numatak kudu ati-ati pisan tah. Ulah nepi ka ngawih atawa nyarita teu pararuguh. Pan indung-indung nu ngaÂrora ayeuna mah, mangsa nyarèkeun budakna tèh ku lagu Bang Toyib anu teu balik-balik tèa, atawa ku lagu nina bobo, lamun teu sarè dicocoan reungit. Beuh kumaha atuh.
“Tah anu awakna parèndèk tèh baheulana mah tara dikawihan ku lagu nèngnèlèngkung ku indungna, sabab teu didu’akeun jangkung,†ceuk Mang Tatang bari seuri. Ah, ari Mang Tang ku aya-aya wè, su’al jangkung henteuna mah salian ti gizi jigana tèh kusabab aya turunan atuh mang. (*)