Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PANINEUNGAN (romantisme) kajayaan karuhun urang di mangsa katukang, hususna ngeuÂnaan kama’muran, kagemuhan di jaman Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) wabil husus (jiga ustad waè) ka Prabu SiliÂwangi anu sarimbag pisan jeung tokoh Sri Baduga Maharaja, teu bisa disinglarkeun yèn sakaÂpeung urang hayang “mindahÂkeun†jaman èta ka alam ayeuna.
Sanajan dina hatèna, yakin pisan kaayaan èta geus pasti moal bisa dipulangkeun. Komara Prabu Siliwangi, pikeun sabaÂgèan jalma anu ngarasa seuweu-siwina, rarasaan mah moal bisa dipisahkeun tina alam pamikiraÂnana, bakal tetep hirup kumbuh dina hatèna sèwang-sèwangan. Salah sahiji pikeun ngajaga “ruhÂna†tetep hirup di Tatar PasunÂdan, loba organisasi, paguyuban kasundaan anu tetep ngayakeun ritual atawa upacara dina raraga nyambungkeun tatali batin jeung “alam†baheula.
Diantarana macakeun wangÂsit atawa Uga Siliwangi dina unggal riungan, bari saencana dimimitian ku rupa-rupa upaÂcara husus. Panineungan kana kahèbatan, kasaktian, kawijakÂsanaan, kagagahan Eyang Prabu èta, sakapeung mah sok kaleuÂleuwihi, malah teu saeutik nimÂbulkeun kaayaan anu dijieun-jieun, nepi ka nyieuhkeun akal sèhat jeung kanyataan anu saÂbenerna anu dirojong ku bukti-bukti anu aya.
Salah sahijina, anggapan yèn Prabu Siliwangi ngahyang jeung karatonna anu dipercaya ku saÂbagèan masarakat Sunda. Lamun nu ngahyangna Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja, maÂsih kènèh rada “kaakalan†sabab di jaman saentasna ogè loba kaÂjadian-kajadian ahèng, misalna kungsi kacaritakeun aya nu jadi imam di sababaraha masjid.
Malah sejarawan satingkat Prof. Ayat Rohaèdi waè, saÂkumaha anu ditulis dina buku Nyukcruk Galur Mapay Raratan Siliwangi, nyebutkeun yèn keÂpercayaan urang Sunda baheula kawas kitu. Samangsa ditingali ka kamar tempat anjeunna nyeÂpèn (mujasmèdi) geus teu aya, ngaelungit atawa ngahyang tèa.. Aya ogè anu nyebutkeun layÂonna dibeuleum, tur lebuna diÂawurkeun di Rancamaya, tegesÂna di Badigul.
Carita ieu masih kènèh paÂdungdengan, naha enya kitu ? Tapi dina “sajarah†sèjèn aya ogè anu ngajelaskeun yèn Kian SanÂtang (Raja Sangara) kungsi neÂpungan apana (Prabu Siliwangi) bari tetep meredih sangkan asup Islam, ngan anjeunna tetep alÂimeun. Sabab pindah kayakinan teu kawas malikeun leungeun.
Teu saeutik anu yakin yèn saÂbenerna Prabu Siliwangi geus IsÂlam, alesanana sawaktu anjeunÂna mileuleuheungkeun Subang Larang anu muslim tur murid Syeh Quro anu mazhabna Imam Hanafi geus pasti moal mikeun lamun Sri Baduga henteu nguÂcapkeun dua kalimah syahadat. Puguh rada hèsè ngabuktikeuÂnana argument-argumèn èta tèh, salian ti kajadianana geus lawas, jeung taya bukti anu nguatkeuÂnana.
Hartina bisa enya bisa henÂteu. Tapi lamun Prabu Siliwangi anu ngaleungitkeun karatonna mah, matak rada himeng. AleÂsanana, asa can pernah maca jeung kacaritakeun aya dua karaton. Karajaan anu dihijikeun ku Sri Baduga anu harita diraÂjaan ku Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal, karaton atawa istana tèh ngan hiji ani disebut Sri Bima Punta Narayana Suradipati beunang ngadegkeun Maharaja Tarusbawa dina taun 670 masèhi.
Sakumaha ditulis dina KoÂropak 406 anu eusina nyebutÂkeun yèn di dinya urut Karaton, ku Bujangga Sedamanah dingaÂranan Sri Kadatuan Bima Panta Narayana Madura Suradipati, saentas rèngsè tuluy dijiadan (diberkahan) ku Maharaja TarusÂbawa jeung Bujangga SedamaÂnah. Ditèangan ka hulu CipakanÂcilan, papanggih Bagawat Sunda Majayati.
Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka payuneun Maharaja Tarusbawa. Anu satuluyna ku Sri Baduga Maharaja dibalay, sakuriÂlingna dijieunan solokan pikeun nguatkeun pertahanan. Lamun tèa mah sakumaha sabagèan kapercayaan masarakat Sunda dileungitkeun ku Sri Baduga (Prabu Siliwangi), dimana Prabu Surawisèsa jeung panerus sèjènÂna neruskeun kakawasaanana. Lamun tèa mah rèk ditarik benaÂng beureumna (dipaksakeun), siÂgana tèh leuwih keuna ka Prabu Ragamulya Suryakencana, Raja panungtungan Karajaan Pakuan Pajajaran.
Inget ka jaman baheula henÂteu salah, sabab urang ulah nepi ka mohokeun sajarah jeung kaÂruhun sorangan. Ngan lamun nepi ka nyieuhkeun akal pikiran tur ukur “sarè tibra†ngaguguÂlung lamunan jeung panineunÂgan mulangkeun alam baheula ka ayeuna anu pamohalan kalakÂsanakeun, rarasaan kudu buru-buru dihadèan, bisi kajongjonan jeung kalalajoanan. Sabab saèsÂtuna, urang Sunda tèh geus loba katinggaleun ku sèkèsèlèr sèjènÂna. Sakumaha ceuk Doel SumÂbang dina laguna, na kamarana ari urang Sunda. Gendang geus dipadudungkeun goong geus diÂtabeuh, kari prung. Sok, ah!