Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ASA nongtorèng kènèh basa jen­atna indung nyarita kawas jogjog mondok cenah, basa nalingakeun anak jeung incuna , ramè waè, teu beunang dicaram. Hartina mangsa rèk sarè tèh mani raribut waè.

Da saenyana atuh, di kamar tèh mani kawas kapal peupeus, seprèna kusut, kasur jeung ban­talna pabaliut, geus kitu salian ti aya nu pasèa tèh ditamba­han ku nu ceurik sagala, wah pokona mah matak giung anu ngadèngèkeun. Tah lamun geus katalanjuran tèh, indung ukur ngalengo dina panto, tuluy nyar­ita lalaunan.

“Heup….heup, ulah raribut waè, geura sararè, isukan bisa katinggaleun ngaluluh taneuh,”pokna tèh, teu bari molotot, ukur sakitu-kituna teu panjang lèbar. Jep wè anu keur kancolah tèh jempè, teu lila anu tadina ramè tèh geus tibra, ngam­bah dina impian sèwang-sèwangan.

Saentas anjeunna ning­galkeun alam dunya, kakara karasa yèn anu dimaksudkeun tèh aya hartina. Ngaluluh taneuh, bisa ogè dihartikeun ngala, ng­umpulkeun atawa icikibung dina taneuh.

Hartina bangsa urang mah, kaasup karuhun indung mèmang turunan bau leutak, patani anu unggal poèna ngagugulung leu­tak sawah jeung taneuh kebon.

“Urang ulah ngarasa hina jeung minder yèn urang tèh katu­runan patani,”saurna deui. Sata­dina mah, teu kaharti basa jenat­na indung nyarita kitu tèh, sabab ceuk pikiran harita patani mah gawèna ogè bebelokan, bajuna ogè pinuh leutak, jejeblogan, ah pokona mah ceuk pamikiran har­ita, kahirupan patani jauh pihan jeung sodagar, kontraktor atawa pangusaha anu sapopoèna di jas jeung make dasi bari jeung turun unggah mobil.

BACA JUGA :  H+1 Lebaran, Lalu Lintas ke Arah Puncak Bogor Mulai Padat

Imah patani mah ayana ogè di sisi lembur, dina bilikna loba parabotan paragi ka sawah, lamun teu korèd nya pacul. Bèda jeung imah pangusaha ayana di tengah kota, imahna gedong sigrong, aya anteneu parabola, parabotan imahna leuks, korsina hipu, ah po­kona mah sarwa wah wè.

Kabèhdieunakeun kakara ka­harti, hina jeung minder di pale­bah dinya, sigana mah lain di hare­upeun manusa, tapi dina “panon” Allah. Sabab tètèla pikeun patani mah, kasempetan ngaruksak ra­hayat, ngagalaksak banda batur tèh kacida heureutna.

Hiji-hijina kasempetan tèh ngan saukur mindahkeun galengan wungkul, sangkan sawahna nam­bahan lega. Tapi ceuk rarasaan èta ogè asa jarang kajadian.

Mangsa geus ditancebkeun bari jeung dibacaan ku Bismil­lah, bari jeung ngarawatan tèh sangkan kaaal hasilna, teu wèlèh diguyuran du’a. Sabab dina tata­nèn mah, aya kapasrahan, aya sambungan antara manusa jeung alam.

Sedeng pagawèan sèjènna, asa loba pisan lolongkrang dijadikeun tempat korupsi. Nu ngawangun gedong, bisa ngaleutikan beusi, tina ukuran dua belas jadi sapu­luh, semen ogè loba dikurangan.

Tukang dagang ogè kurang-kurangna mah, sarua, lamun teu ngurangan timbangan, pan kada­haranana loba diakalan. Ti mimiti daging anu diparaban ku cai nepi ka weureuna samèmèh dipeun­cit, aya ayam tirèn, lauk jeung ka­daharan sèjènna make pangawèt anu ngabahayakeun, buah dis­untik make biang gula, sangkan amis, ah pokona rupa-rupa wè, tarèkah pikeun ngakalanana tèh.

BACA JUGA :  Kapan Puasa Syawal Dilakukan? Simak Ketentuannya

Pangusaha jeung Pagawè? ce­nah loba ngulinkeun pajeg, nga­jak kongkalingkong ka pajabat, nepi ka aya bèjana pan anu geus katangkep.

Dina hukum loba anu marungkal-marèngkolkeun sang­kan hukumanana hampang, malah aya anu ngakalan sangkan henteu dihukum atawa bèbas, sanajan nu sarua migawèna mah angger di jero. Aya anu ngaga­ntung, ah matak lieur anu ng­abandunganana.

Tani? saayeuna mah, loba ditipuan, ti mimiti binih palsu, pupuk palsu, obat hama palsu, sagalana tèh dipalsukeun. Atuh hasilna tèh, teu saimbang jeung kèsang badag anu kaluar tina ra­gana.

Keur mah, tani tèh cape sa­galana, èh didzaliman ku barang-barang anu palsu, atuh hasilna tèh beuki mojrèt waè. Asa ku kaniaya pisan tah jalma anu nipu­na tèh. Padahal patani mah teu bisaeun tupa-tipu kawas kitu, can aya patani anu malsukeun bèas atawa pare nya.

Hartina anu didaharna tèh, teu kacampuran ku barang-barang haram, iwal ti rumbat-rambèt kana tatangkalan batur mah. Malah kètang dina prak-prakanana mah, sawaktu pa­nèn mah sok silih kiriman sagala, jeung deui urusan pepelakan mah pada boga sèwang-sèwangan.

Jadi ulah ngarasa minder jeung hina jadi patani tèh nya, malah bisa jadi leuwih mulya ti­batan pagawèan lianna. (*)

============================================================
============================================================
============================================================