Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LANTARAN geus lila teu kapanggih jeung Ki Tatang, dulurna Ki Madi tèa, kuring ngahajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaay­aan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.

“Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?”cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman.

“Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeunan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,”jawabna tèh, pasamo­nana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.

“Geuning Aki katingalna masih kè­nèh bingung?”.

“Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Ka­wasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?”

“Su’al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?” kuring panasaran.

Derekdek wè anjeunna nyarita­keun pangalamanana mangsa keur nungguan istrina di rumah sakit.

Hiji waktu, basa keur nungguan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyampeurkeun ngajak ngobrol, kituna mah tamba kesel. Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mas­tikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendidikan anu luhur. Mimitina mah anu diobrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasar kana budaya Sunda, hususna ngeunaan basa.

BACA JUGA :  Agar Tak Mudah Sakit saat Puasa, 5 Minuman Ini Bisa Tambah Imunitas

“Tah, tah kumaha Ki?”

“Enya anjeunna naroskeun ka Aki, naha yakin lamun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?”

“Waler Aki kumaha?”

“Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina kahirupan sapopoèna geus tara mara­kè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaami­nan.” Malah saur anjeunna, salah sahiji panyababna tèh ayana dina basa Sunda sorangan. Lamun ditanya, panyababna teu ngagunakeun basa Sunda, jawaba­nana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih pan­yabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.

“Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,” saur Aki Tatang nirukeun caritaan èta sepuh tèa. Di­antarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi pa­nyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunakeun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa Mataram. Jadi lamun tèa mah nèan­gan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.

“Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,”kuring mairan.

BACA JUGA :  Ini Lokasi SIM Keliling di Kota Bogor, Rabu 27 Maret 2024

“Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.”

“Teras walerna kumaha Ki?”

“Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.” Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, ung­gal poèna aya sapuluh nepi ka saratus­na, basa indung anu carem, nungtut laleungitan.

Tah lamun ti ayeuna taya kapu­tusan ngeunaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan. Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inohong kudu nyieun kapu­tusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.

“Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku ata­wa sèkèsèler tapi bangsawan di urang mah mènak meureunnya.”

“Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,”

“Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piceun wè.”

============================================================
============================================================
============================================================