Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR anteng nempoan ucing anu parasèa di buruan, jol Ki Madi, paromanna ngungun tara biasa­na, jigana tèh keur boga pasua­lan anu kacida gèdèna. Satengah meubeutkeun awakna dina korsi males, manèhna gegerendeng, bari narik napas jero pisan.

Teu lila, hol Ujang Kèmèd, sabalikna ti Ki Madi, Ujang mah bangun nu keur meunang kabun­gah, paromanna bear marahmay, sanajan teu kaasup kasèp atawa baby face, nempo kitu mah re­sep wè nu aya. Biwirna katempo gegerenceman, sigana tèh keur ngalapalkeun kalimah-kalimah Allah, sakurangna Asma Ul Hus­na.

“Subhanallah, bangun keur meunang rejeki gèdè yeuh, mani suka bungah kitu,” cèkèng tèh ngaheureuyan. Pangna pang­heulana nanya ka Ujang Kèmèd tèh dibanding ka Ki Madi, bisi anjeunna hayang reureuh pikir heula.

Pan anu keur gering pikir, hatèna pinuh kabingung, biasa­na teu kaopan, gancang kasing­geung ceuk basa kiwari mah sen­si. Lain kalahka atoh ditanya tèh kalah malik ngambek.

“Alhamdulilllah yi, bieu basa turun di mobil jigana tèh duit anu dina saku murag. Ah, keun wè diihlaskeun lamun kapang­gih ku nu sèjèn tèh. Mudah-mudahan mangfaat boh pikeun nu manggih atawa pikeun uing sorangan,”jawabna tèh angger wè bari seuri bungah.

“Naha bet kitu,” cèkèng tèh rada teu percaya, tara biasana Ujang Kèmèd tèh henteu kitu, naha jadi robah adat kitu.

BACA JUGA :  Menu Makan Spesial dengan Nasi Goreng Kari Cumi yang Lezat dan Sedap

“Kè…kè… asa rada bèda yeuh. Tas dahar naon euy.”

“His jadi jalma mah kudu bisa hijrah atuh, ti nu gorèng ka nu alus. Geus kitu kudu daèk ngaji, ambèh sagala nyaho,”tèmbalna bari tuluy nyaritakeun beubeu­nangana ngajina, diantarana su’al ijabahna doa. Firman Allah dina Al Qur’an Adz- Dzariyat nye­batkeun yèn sapertilu peuting pangahirna.

Dawuhan Rosulullah sa­kumaha riwayat HR Al Bukhari sareng Muslim nyebatkeun yèn Rabb (Pangeran) urang turun dina unggal peuting ka langit anu panghandapna nalika sapertilu peuting panungtungan.

Mantenna ngadawuh : Sing saha anu ngadu’a ka KAULA tang­tu dikabulkeun, saha anu mènta tangtu dikabulkeun jeung saha anu mènta ampun ka KAULA, pasti kana dihampurana. Salian ti èta dina waktu adzan jeung iqomah (qomat) nalika ngadago­an pikeun shalat berjamaah.

Dumasar kana hadist Anas bin Malik RA yèn Rasulullah SAW ngadawuh, Du’a anu henteu dihu­lag antara adeazn jeung iqomah, numatak ngadarua. (HR. Ahmad jeung Ibnu Hibban). Anu sèjènna nalika sujud, boh sujud mangsa keur shalat atawa sujud-sujud sèjènna anu diajarkeun dina Is­lam. Diantarana sujud syukur, sujud tilawah jeung sujud sahwi.

Dalilna nyèta hadits Abu Hurairah RA, yèn Rasulullah SAW kantos ngadawuh, Kay­aan hamba anu pangdeukeutna jeung Pangèranna nyaèta nalika manèhna keur sujud, numatak lobakeun ngadu’a (HR. Muslim). Waktu anu diijabah dina saentas­na shalat wajib (fardlu) lima wak­tu kaasup shalat Jumaah.

BACA JUGA :  Tes Kepribadian: Sifat dan Karakter Tersembunyi Seseorang Diungkap dari Bentuk Kaki

Salah sahijina dumasar kana hadits Umamah Al-Bahili, an­jeunna nyarios : “Rasulullah SAW ditaros ngeunaan du’a naon anu pangdidanguna (ku Allah), dawuhna tèh.”Tengah peuting panungtungan jeung saentas shalat-shalat anu diwajibkeun.

“Walah hèbat euy teu sangka,”cèkèng tèh bari nga­cungkeu jempol.

“Kèheula, aya kènèh bisi poho mantèn,” pokna daria. Anu sèjènna sawaktu Imam naèk kana pangimbaran nepi ka rèngsna shalat Jumaah dina poè èta, atawa waktu panungtungan saentas shalat Ashar. Komo deui nalika ngadu’ana tèh dibarengan ku hate anu husu, mamandapan dipayeuneun Nu Maha Kawasa, nyanghareup kiblat dina kaayaan beresih atawa suci tina hadast, tur namprakeun dua panangan di mimitian ku Tahmid, shalawat ka Kangjeng Nabi Muhammad, tobat dibarengan istigfar saencan nepikeun pamaksudan.

Satuluyna mayun ka Gusti Al­lah, kalayan enya-enya pinuh ku rasa karumasaan, tawasul kalay­an Asma sarta sifat-sifatNA.

“Tah lamun bisa kitu insya Allah, du’an dikabulkeun komo nganggo du’a-du’a anu dis­aurkeun ku Kangjeng Nabi SAW mangruoi du’a musatajab anu eu­sina Al-Ismul-A’zham. Ya Allah, kabulkeun du’a-dua kami. Komo deui keur bulan puasa mah, pan manglipet-lipet rah. Lebar euy waktu lamun ngan saukur dipakè nongton tipi jeung sarè wungkul mah. Pan bulan ayeuna mah bu­lan anu pinuh barokah nya.”

 

============================================================
============================================================
============================================================