Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGAREGEPKEUN carita Prabu Siliwangi ti para kasepuhan ata­wa maca tina buku, situs, blog ti dunya maya, rarasaan tèh teu bosen-bosen sarta nambah kap­anasaran. Sanajan sakapeung mah, rada ngahuleng jeung nambahan kahimeng bari dièm­bohan ku bingung, sabab loba pisan “tafsiranna”. Lamun tèa mah sakabèhna didèngèkeun, boa matak gering langlayungan.

Diantarana ngeunaan ng­hyangna Eyang Prabu atawa Uga Wangsit Prabu Siliwangi. Ceuk sakaol ngahyangna Eyang Prabu tèh, ngan sakolèpat nga­hiji jeung mangsa caang bulan dibarengan hujan sakeprulan sarta dina sikep sidakep sinnu­hung tunggal Tapi lamun maca sajarah anu aya, ngahyangna tèh mangsa keur mujasmedi di jero kamar, saentas lèngsèr tina kakawasaanna. Mangsa ditèang ku putra jeung putuna, jasadna geus teu aya, ukur aya acuk tilas nganggona. Dina carita liana, disebutkeun mimiti miangna tèh ti Gunung Gedè, sawaktu ditèang ku putrana Kèan Santang Raja Sangara, pu­tra anu bungsu ti Nyimas Sub­anglarang, aya nu ngabèjaan yèn rombonganna miang ka Leuweung Sancang, Garut.

Disusul ka ditu, ènya wè aya, malah cenah kungsi ngo­brol sagala. Ngeunaan Prabu Siliwangina sorangan ogè, aya sababaraha pamanggih. Umum­na urang Sunda, komo urang Bogor mah, boga pamadegan yèn anu dimaksud Prabu Sili­wangi tèh nyaèta Sri Baduga Maharaja Ratu (H)Aji Pakwan Padjadjaran,anu keur ngo­rana gumelar Raden Pamanah Rasa atawa Prabu Jaya Dewata putrana Rahyang Dewa Nis­kala. tapi teu saeutik ogè anu ngajèntrèkeun yèn Siliwangi mangrupa gelar pikeun Raja- Raja Sunda-Galuh anu mibanda wewesèn, kasaktian, kawijakan atawa kaleuwihan dina sagala­na disbanding raja-raja liana.

Tapi lamun ngudag ka akina, Maharaja Nila Watukan­cana, disebut Prabu Wangi, putrana Dewa Niskala disebut Wangisutah (putrana), Raden Pamanah Rasa disebut Silih Wangi (kadieunakeunna ro­bah jadi Siliwangi), gagantina Prabu Wangi. Kusabab sagalana nyeplès akina pisan, tina raray, kawijakan, kagagahan jeung nu sèjènna. Warisan anu mangru­pa Uga Wangsit Siliwangi, sarta di jaman kiwari rèa pisan “tar­jamahanna”. Kusabab dianggap penting jeung pikeun ngaha­rgaan kinarya karuhunna, dina unggal acara husus kasundaan wangsit ieu remen dibacakeun.

============================================================
============================================================
============================================================