Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SATADINA mah rada bingung ogè, mangsa kios babaturan purah ngomèan jok motor jeung mobil, ngan kari ruruntukna, na pindah kamana atuh nya, Kang Edi tèh ceuk pikiran bari luak-lieuk nèangan. Lain pèdah euweuh deui bèngkèl bèkleding tèh, da ampir di unggal tempat ogè aya. Ngan èta, ka Kang Edi mah, bisa bad­ami heula, jèntrèna mah bisa nganjuk heula, mangsa jok hareupna Si Jimat potong elasanana.

Lain maksud ngaririweuh atawa nyaliksik ka buuk anu saeutik, nyiksi­kudi ka nu leutik. Sabab jigana tèh geus kitu hukumna, nu leutik wawuh atawa silih tulungan jeung nu leutik deui, sa­bab jeung nu galaledè mah pan seung­gah tèa.

Ceuk sakaol, nu leutik mah gam­pang dipèntaan tulungna, geura talin­gakeun dina salah sahiji acara telepisi anu judulna mènta tulung (Minta To­long) pan anu haat nulungan tèh sa­satna mah jalma laleutik, anu hirupna korèh-korèh cok, bari jeung teu ngaha­repkeun babalesna.

Sanggeus tunya-tanya ka sababara­ha urang anu daragang di dinya, kakara meunang katerangan yèn anjeunna tèh, pindah ka tempat anu teu jauh ti dinya, ngan tempatna rada kajero.

“Kakara dua poè pindah ka dieu tèh, sabab di nu ti heula mah tempatna arèk dipakè ku nu bogana,. Rèk kumaha deui atuh, kieu geuning nasibna jadi jalma leutik mah,”jawabna tèh basa ditanya kunaon make pindah. Saujratna mun dititènan kalayan daria, nu boga taneuh teu salah, sabab sawaktu nempatan tempat èta taya perjangjian, boh nyèwa atawa ngontrak, sakumaha kuduna.

BACA JUGA :  Briefing Staf Terakhir Bersama Wali Kota Bogor, Ini Kata Bima Arya dan Dedie Rachim

Kang Edi jeung nu daragang di dinya, lain teu hayangeun ngontrak atawa boga tempat sangkan tumani­nah dina ngajalankeun usahana. Tapi nya kitu tèa, teu boga waragadna. Sa­bab hasil tina usahan tèh ngan saukur cukup pikeun ngarèsikoan kahirupan sapopoè wungkul.

“Tong boroning sisimpenan atawa boga tabungan kawas nu sèjèn, dalah keur nyukupan rumah tangga sapopoè ogè kurat-karèt pisan,”pokna tèh.

“Aya naon kitu kang?” manèhna nanya.

“Rèk mènta tulung pang­menerkeun jok Si Jimat, ngan ayeuna mah keur tongpès yeuh,”cèkèng tèh ngaheureuyan.

“Alah gampang èta mah, kawas ka saha waè,”pokna tèh bari tuluy mu­kaan jok motor.

Nu sanasib jeung anjeunna tèh, loba, malah loba pisan. Geura wè per­hatikeun, boh di sapanjang Jalan M.A. Salmun, Merdèka atawa di sabudeu­reun Kebon Raya, anu jam dagangna diwates nepi ka jam tujuh isuk, sabab mun diantepkeun nepi ka beurang mah, bakal ngaganggu kana balawirina kandaraan anu ngaliwat ka dinya.

Kang Edi jeung para pangusaha anu nasibna sarua, rada hèsè pikeun meunang kiridit boh ti bank atawa lembaga anu sarupa, salian teu boga banda pikeun diborgkeun, ogè teu bisa nyumponan sarat-saratna. Antukna usahana tèh, beunang disebutkeun hirup teu neut paèh teu hos.

BACA JUGA :  Kecelakaan Toyota Innova di Lampung Terjun ke Jurang

Naha taya jalan kaluarna pisan kitu, pikeun para pangusaha anu kawas kitu tèh? Mun teu salah dina salah sahiji situs anu ngabahas ngeunaan za­kat nyebutkeun yèn zakat lamun enya-enya dilaksanakeun boh muzakina nu ngajalankeunana, atawa mustahikna bisa jadi solusi pikeun mèrèskeun ka­miskinan.

Ngaluarkeun zakat mibanda kau­tamaan anu kacida gedèna sakumaha disebutkeun dina Suraah Al Baqarah : 277 anu tarjamahan bèbasna : Saenya-enyana jalma anu ariman, migawè amal solèh, ngadegkeun shalat jeung mayar zakat . Maranèhanan meunang pahala di sagigireun Pangeranna. Taya kahariwang ka maranèhanana jeung henteu (ogè) maranèhanana aya dina kasedihan.

Zakat, infaq jeung shadaqah mibanda fadhilah jeung faedah anu kacida lobana diantarana: bisa ny­inglarkeun bebendu Allah sakumaha sabda Rasulullah SAW, yèn saenyana shodaqoh kalayan cicing-cicing bisa mareuman bebendon Allah (Shahih At-targhib), mupus kasalahan saurang mahlukna, meunang panyalindun­gan jeung panangtayungan Arsy dina poèan kiamat, ubar pikeun sagala panyakit awak jeung hate, panyinglar tina rupa-rupa bahla jeung musibah, didu’akeun ku malaikat unggal poèna, diberkahan harta bandana ku Allah, dilipetgandakeun pahalana sarta man­grupakeun cicirèn kaimanan.

“Shadaqah oge mangrupa cara pikeun ngabersihkeun harta sarta bisa nyucikeun tina kotoran,” saur Ki Madi.

============================================================
============================================================
============================================================