Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS ziarah ka makam indung jeung bapa (makamna di hiji tempat) sarta mitoha duanana, sirah tèh karasa beurat pisan. Keur mah peutingna kurang sarè, urusan umur anu geus ohir mèmang geus teu bisa dis­umputkeun, atuh sadatangna ka saung panganjrekan tèh ker wè sarè. Sigana bakating ku tibra jeung nyahoeun sirah puy­eng pisan, patih goah ogè teu wanieun ngahudangkeun. Atuh Shalat Jumaah ogè kaliwat. Hu­dang-hudang jam dua beurang, èta ogè pèdah wè ucing tatangga pasèa, gandèng pisan. Bari rada sosoloyongantuluy wè kacai, cong shalat Lohor.

Alhamdulillah dina mèha hareup geus disadiakeun kopi hideung jeung seupan cau oli, dibarengan surat sacewir ti pamajikan ngabèjaan yèn ma­nèhna milu arisan di tatangga lembur di imah Haji Sukardi. Keur ngarasakeun ni’matna cikopi jeung seupan cau Oli, HP jadul tèh disada, horèng ti Ustad Dudi Mauludi, urang Kebon Pe­des. Anjeunna nanyakeun kay­aan kuring, naha cageur atawa henteu. Sabab saur anjeunna geus dua kali Kemis, kuring tara ngariung.

“Alhamdulillah Tad, ari awak mah sèhat. Anu karasa gering mah pèsak. Ngan dua malem Kemis kamari mah jadw­al tèh bentrok jeung ondangan ti tatangga nu rèk seserahan, mangka kuring kabagèan nu bèantara, wawakil ti calon pan­gantèn lalaki,” tèmbal kuring ka Ustad Dudi. Puguh wè di jaman kiwari mah, sagalana geus sar­wa cepet. Lamun hayang nyaho kaayaan nu lian, aya HP anu bisa dibawa kamamana. Praktis pisan, bisa disakuan. Baheula mah ukur aya telepon imah, kitu ogè teu sakabèh imah bogaeun, sabab harita mah, kaaysup ba­rang mèwah.

Ziarah ka kuburan, pikeun kulawarga kuring mah geus kaasup kagiatan anu remen di­laksanakeun, lain ngan saukur rèk mapag puasa jeung lebaran wungkul, tapi unggal Jumaah. Lamun teu kaburu samèmèh Jumaah, nya saentasna. Komo ka makam mitoha mah. Sabab ngarasa dosa pisan. Ti saprak mileuleuheungkeun anakna, kuring can pernah patanya jeung duanana, mangsa nikah jeung patih goah, duanana geus taya dikieuna. Sanajan di ja­man kiwari aya sabagèan kaum anu mahing ziarah ka kuburan, pikeun kuring mah taya panga­ruhna. Kitu ogè, nu lianna, dina rèk mapag puasa, pan kayaan TPU jeung komplèk pamaka­man liannna parinuh ku nu rèk “ngaralongok” ka kulawargna, boh makam indung bapana ata­wa dulur-dulurna.

============================================================
============================================================
============================================================