Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji “kahèbatan” manusa di dunya nyaèta ngucapkeun sumpah palsu jeung kelid dina raraga nyalametkeun di­rina di dunya, bari jeung (mo)poho(keun) bakal aya pangadilan nu saadil-adilna mangsa umurna geus dicabut, ragana teu walakaya sawaktu diurugan taneuh beu­reum. Sababaraha kajadian anu nalikung para pejabat jeung jalma-jalma palinter anu geus ngarugikeun nagara nepi ka miliaran, dina kasaksianana anu mung­garan angger wè, teu daèkeun balaka jeung wakca lamun dirina teu salah, tapi saentas dijagragkeun ka Pangadilan sarta ditempokeun bukti-buktina kakara cicing, tapi angger wè teu daèkeun ngaku yèn kalakunana tèh nyimpang tina aturan, bari ngajagragkeun pasal-pasal hukum anu ceuk maranèhanana mah bener.

Komo deui dina sumpahna tèh make nyambit-nyambit Asma Allah sa­gala deuih. Tètèla di kahirupan sapopoè, sumpah palsu geus jadi lalab rumbah, anu digayem unggal poè. Pikeun nu­tupan kabohonganana, biasana sok ditutupan ku bohong deui. Pikeun ngay­akinkeun sangkan bohongna tèh diang­gap teu salah atawa bener, tungtungna dipapaèsan ku Sumpah Palsu, Demi Allah sagala deuih. Baheula, rarasaan teu baheula-baheula teuing, pikeun ngayakinkeun hiji pasualan, kungsi ramè ku Sumpah Pocong. Anu disangka ngal­akukeun pagawèan gorèng tur manèhna teu ngaku atawa mèmang teu ngalakuke­un pagawèan èta, nyanggupan pikeun migawè Sumpah Pocong. Awakna di­bungkus ku boèh, disaksian ku sababara­ha jalma, ngucapkeun sumpah lamun di­rina teu migawè kalakuan èta. Ngan teu pernah kabèjakeun, kumaha balukarna lamun Sumpah Pocong waè dibohongan kènèh, pastina ogè karasana tèh ku dirina kènèh, moal bèbèja ka sasaha.

Baca Juga :  Masuk Kualifikasi, 64 Tim Kembali Berlaga di Tournament Erick Thohir MLBB 2022

“Urang ogè pan remen nyaksian sawaktu para pajabat anyar diistrènan sok disina ngucapkeun sumpah atawa jangji bari jeung nyebutkeun Asma Al­lah, yèn para pajabat tèh moal cidra, migawè korupsi. Tapi buktina, beuki dieu beuki loba anu katèwak, dijagragkeun ka pangadilan, unggah bale watangan, bari jumlah anu dikorupsina tèh badag pisan deuih,”ceuk Mang Tatang bari kekerot na­han ambek. Padahal saur Mang Tatang, numutkeun hadist Riwayat Muslim, Abu Umamah Iyas bin Tsa’labah Al Haritsi ra, nyebatkeun yèn Rasulullah kantos nyab­da, sing saha-saha jalma anu nyokot hak Muslim kalayan sumpah palsu (pikeun kabeungharan dirina), mangka Allah nga­wajibkeun èta jalma pikeun asup naraka jeung diharamkeun asup surga. Aya sau­rang lalaki anu nanya, sanajan mung sake­dik ya Rasulullah? Rassululloh ngawaler, sanajan ngan saukur sabatang kai siwak.

“Beuh beurat geuning nya Mang, komo deui ieu mah jumlahna tèh lain saeutik. Geus kitu lain lalaki wungkul anu kitu tèh, awèwè ogè loba mang,”cèkèng tèh mairan.

‘Urusan nu kitu mah teu awèwè teu lalaki, teu kolot teu budak teu aki-aki teu nini-nini lamun imanna teu kuat mah pasti kana migawèna,” pokna deui. Ceuk pari­basana mah, sanajan bubuahan sakuma­ha luhurna dipager, angger wè ditarajèan. Sanajan aturan jeung hukum sakumaha lengkepna, lamun hatèna teu dipager mah angger wè bisa diakalan. Dina hadis sèjènna, nyaèta Hadist Riwayat Bukhari, ti Abdullah bin Amr bin Ash ra. dari Nabi Muhammad SAW kantos nyabda yèn dosa-dosa gedè tèh nyaèta Nyakutukeun Allah, doraka ka indung bapa, maèhan jalma jeung sumpah palsu.

Baca Juga :  Penyebab dan Cara Mencegah Gigi Berlubang yang Perlu Kamu Ketahui

“Ari nyieun buuk jeung huntu palsu mah teu kaasup kana golongan èta nya Mang?” kuring ngaheureuyan.

“Eta mah barang atuh, ieu mah ucapan anu ngagambarkeun tèkad, laku jeung lampahna,” pokna daria. Jadi jelas pisan dina katerangan, yèn sumpah palsu tèh sarua jeung doraka ka indung bapa, maèhan jalma sarta Syrik ka Allah. Padahal pikeun anu syrik mah taya pan­gampura pisan tah. Tapi naha nya loba kènèh anu resep migawè anu samodèl kitu? Naha teu nyahoeun, atawa api-api teu apaleun. Lamun kanyataanana kitu, karunya teuing, sabab hirup tèh sasatna lain ngan di dunya wungkul, aya tempat panyabaan ahir pikeun salilana. Komo deui pan èngkè di alam kubur tèh ngan sorangan, moal aya nu ngabèla iwal ti amalna sorangan. (*)