Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ABONGKÈNA cenah ayeuna mah jaÂman èdan, sagalana tèh jiga anu araÂrèdan, harianeun anu keur dirawat di rumah sakit jiwa mah, sabab jiwa jeung pikiranana kaganggu.
Ieu mah awak jeung pikiranana sèhat, ngan jiwana kaganggu. Rèk teu kitu kumaha, dibèjakeun dina Koran ieu, aya ibu rumah tangga, bari jeung pamajikanana pulisi deuih, nipuan kolegana anu sabagèan gedè anggota pulisi.
Kitu ogè kabèjakeun loba bangsa deungeun anu nyumputkeun barang-barang haram, sabangsaning NarkoÂba, heroin, anu hargana milyaran dina laranganana.
Di jaman kiwari, anu cenah tong boroning nèangan duit anu halal dalah nu haram, mun dititènan matak ngabirigidig.
Pikeun nyukupan kabutuhanana (kaasup hawa nafsuna) manusa geus nempatkeun dirina sadarajat jeung sato malah sahandapeunana.
Sato leuweung anu galak mangsa kakurangan dahareun sok ngagalakÂsak ka lembur, tapi anu didaharna tèh ukur hiji, atawa lamun geus seubeuh mah, sok balik deui ka tempatna, tara nepi ka bebekelan.
Manusa? sakandang tèh dirampid kabèh, teu “nyèsakeun†keur nu bogaÂna. Bari jeung teu nempoan heula yèn anu boga pipiaraan tèh ukur maparo.
Kajadian-kajadian anu tumiba kiÂwari, saliwat mah asa teu jauh bèda tina “pituduh†anu remen dibèjakeun minangka “Wangsit Siliwangiâ€.
Dina sabagèan wangsit ieu kajadiÂanana tèh sarimbag pisan, geura wè urang perhatikeun. Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan uraÂng aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna.
Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaÂranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Wuluku ditumpakan kunyuk? wuÂluku tèh pan harita mah alat anu panÂgpentingna, sawah sorangan tempat pakasaban pokok, jadi dikaratekeun mah aya alat anu raket patalina jeung kaperluan masarakat geus ditumpakan atawa dibogaan ku nu sèjèn, sarta dina ngagunakeunana teu make aturan.
Naha kitu ieu tèh aya patalina jeung salahsahiji pausahaan komunikasi anu dijual ka luar nagri tèa kitu ? DisamÂbungkeun ka handap anu unina kieu :
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, keÂbon béak ku monyét, sawah béak ku monyét,……. jstna.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading.
Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukÂna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu.
Tutunjuk bari nyumput ti nu jauh, pan sarimbag pisan jeung jalma-jalma anu ngeusian alam maya urang ngeuÂsian ku rupa-rupa urusan anu ngarukÂsak ahlak bangsa urang.
Naha atuh make monyèt, saÂbab monyèt mah sabangsa sato anu hawek, sungutna pinuh, dua leungeunna geus ranggeum angger wè ngarebut kènèh. Nu sèjènna deui nyaèta ngadak-ngadak loba pangkat nu marèntah ku cara èdan, rarasaan aya keuna nya jeung anu karandapan di jaman kiwari.
Barudak satepak jadi bapa?, nu ngaramuk tambah rosa, naha ieu tèh raket patalina jeung para pajabat ngora atawa loba barudak ngarora anu geus karawin tur baroga anak (lain ngan ukur siloka).
Ngaranna ogè kirata, bisa bener bisa heunteu nya. Jadi tong dipikiran teuing nya! Ngan nu jelas di jaman ayeuna geus loba, budi santri, lègèg lebè, ari lampah euwah- euwah. (*)