Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MANGSA keur teu hujan, komo malem Ahad, hèg parengan teu macèt, Kota Bogor tèh karasa pisan èndahna, nempo lampu taman, komo mangsa nempo PJU di sapan­jang Jalan Pajajaran anu dipapaèsan ku Kujang (???)mani asa di mana tah.

Komo mangsa ngaliwat ka Kebon Raya, mangsa rèk magrib, wah mani waas pisan. Sora tonggèrèt mani paterèmbalan. Asa keur di lembur, pareng keur ngala suluh, hèg masih aya di jero leuweung.

Tonggèrèt biasana disadana tèh bu­rit, mangsa waktu manjing ka magrib. Ngabèjaan yèn geus wayah gura-giru balik, pikeun ngajalankeun kawajiban ka Nu Maha Welas Asih. Numatak la­mun umurna geus “magrib” hèg kal­akuan isuk-isuk kènèh pisan, kudu èra ku tonggèrèt anu remen ngingetan.

Sabab ceuk sarèat lamun geus magrib mah deukeut pisan ka alam poèk, alam anu bakal disaba saentas hirup. Lamun beuki kolot beuki ma­ceuh kana subat-sabet harta banda anu lain hakna, daèk kènèh milam­pah pagawèan nista, rucah, beuh bakal tinggaleun karèta kabagyaan.

Di sapanjang Jalan Sudirman, motor mani ngajèjèr, teu pacorok, merek ieu ngariungna jeung nu ieu deui, pastina ogè nu naraèkna tèh barudak rumaja, sabab motorna dir­upa-rupa pisan.

Aya anu dirarangkènan ku lampu, banna dileutikan jeung ipis pisan, pareng manggih gejlugan, mani usad èsod kusabab sieuneun ngajetruk. Enya pastina ogè barudak ngora, sa­bab aki-aki jeung nini-nini mah, geus rada èraeun, tungkrang-tongkrong model kitu mah.

Baca Juga :  Tak Memiliki Izin, Tungku Pembakaran Pabrik di Bogor Disegel

Salian ti èta, pastina nepi ka imah lamun teu mènta dipencètan ka nini­na, pastina ogè dikerokan mah kudu, keuna panyakit bengèk jeung asup angin.

Lamun tèa mah rumaja anu ngar­iung di Jalan Jendral Sudirman, boh anu di deukeut Air Mancur atawa anu di Taman Peranginan disuguhan ku rupa-rupa pintonan Sunda kayan­ing calung, rèog atawa kacapi suling, meureun tambah èndah nya, kaay­aan di wewengkon dinya tèh meu­reun tambah èndah nya.

Kahiji ngawanohkeun deui seni Sunda ka rumaja, sugan wè ari ku remen dipintonkeun mah, aya rasa panasaran, saterusna nyaah jeung hayang bisa. Sabab seni anu sakitu èndahna tèh geuning ayeuna mah geus jadi anu “eksklusif” pisan, ukru aya di tempat hajatan jeung rohan­gan anu sarwa katutup.

Pareng keur diondang ku nu hajatna, lamu henteu mah, nya la­pur. Kusabab taya pintonan ditempat anu bisa ditempo sarta dijugjug ku balarèa.

Kètanh baheula mah, kungsi aya di buruan balèkota tèh, tapi geus lila pisan asa tara aya deui. Teu apal naon panyababna tah.

Lamun tèa kaparengan (ngaran­na ogè keur ngalamun) sakurangna aya dua panggung di jalan èta tèh, tuluy giliran.

Baca Juga :  Resep Klepon Ketan Isi Gula Merah Lezat dan Kenyal

Di panggung nu kahiji calung, di nu kadua mah nya bisa kacapi suling, lamun geus bèrès kakara digilir mint­onna. Teu kudu lila-lila, ti jam dalapan nepi ka jam salapan atawa jam sapu­luh, ngan tangtuna kudu mindeng ata­wa boga jadwal anu tetep. Bisa sabu­lan sakali, atawa dua minggu sakali.

Jadi lamun tèa mah pareng aya anu hayang nongton, kari milih wak­tuna. Salian ti èta, panggung èta ogè bisa jadi unjuk kabisa para pangamèn anus ok tinggarantung dina angkot, bari disadikeun kènclèng.

Sugan wè atuh diantara anu ma­ranggung tèh aya anu boga bakat alus, kari dicatet bari tuluy dijeujeuh­keun kamana sakuduna.

Sabab Tegar, panyanyi anu ayeuna remen di tipi ogè, pan asalna mah ti pangamèn jalanan lin? Tapi naha la­muna di luhur tèh bakal kaalaman kitu? Lamun merhatikeun kaayaan jaman ki­wari mah asa ku pamohalan kalaksana.

sabab nyaah anu diucapkeun dina prak-prakanna bèda pisan. La­mun aya budak ceurik hayang dahar peremen nepi ka lolongsèran, pan meureun ubar anu mujarab mah, nya kudu dibèrè atawa dipangmeulikeun, lain dibèbènjokeun yèn isukan bakal aya samagaha bulan.

Tah saayeuna mah kitu nu karan­dapan tèh, duka kahareupna mah, sugan . Ngalamun kètang ieu mah, sugan jeung sugan diparengkeun !