Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA Kang Acun nyebutkeun yèn wakil sakapeung mah panghasi­lan jeung kakawasanaana leuwih gedè, Ki Madi jeung kuring teu buru-buru ngaenyakeun, malah nyebutkeun teu panuju.

Sabab kanyataanana henteu kitu ieuh, di sababaraha organ­isasi, boh sosial, kamasarakatan, atawa politik, fungsi wakil kaèlèh­keun ku sekretarisna. Da cenah, la­mun sekretarisna rancagè gawèna hade, pupuhuna pinter ngaorgan­isir organisasi pastina bisa jalan.

“Dimana-mana ogè anu boga kakawaasan jeung wewenang mah pupuhu atawa ketua, lamun ketu­ana geus teu bsa gawè, anu maju kakara wakilna, kang. Malah dina pamarèntahan mah, di sababara­ha tempat wakil mah ukur baud serep,” tèmbal Ki Madi.

“Maksadna kumaha, Ki,” kur­ing rada teu ngarti.

“Ah, manèh mah pentium hiji sugan, memorina leutik, loading­na lila,” Acun mairan.

“Baud serep, Ki?”

“Enya, ban serep mah leuheung kapakè kènèh, ban mah sok aya kempesna, baud sèrep mah rada lila kapakèna,” tèmbal Aki Madi.

“Kè….kè.., ieu aya dua pasua­lan, ceuk Kang Acun wakil leuwih gedè panghasilanana, saur Aki, ukur teu jadi ban sèrp-sèrèp acan, asa teu nyambung tah. Anu kaka­wasaanana leutik mah gajihna ogè leutik. Panghasilan resmi Lurah geus pasti bèda jeung Camat, Wa­likota atawa Bupati,” cèkèng tèh rada keuheul pèdah disebut pèn­tium hiji.

“Aèh, heueuh nya. Ari ceuk ma­nèh anu dimaksud wakil èta saha Cun,” Ki Madi nanyakeun ka Acun.

BACA JUGA :  Laga Penentuan Timnas Indonesia vs Yordania di Piala Asia U-23 2024

“Enya wakil rahayat, pan gaji­hna leuwih gedè tibatan uing, geus kitu sakarepna.

Puguh-puguh loba nu teu satu­ju studi banding ka Yunani tèh, èh keukeuh berangkat da cenah rèk diajar ètika politik.

Mangkaning ongkos jeung sa­galana tèh ditanggung ku nagara, anu hartina pan duit rahayat kè­nèh. Tah lamun kitu maranèha­nana tèh ngawakilan saha ? Pada­hal pan ngakuna tèh wakil rahayat, pan anu disebut rahayatna tèh di­antarana urang, lin?.

Lamun rahayatna atawa anu diwakilanana teu satuju, lain èta tèh sarua jeung ngahianatan anu milihna? Padahal urusan ètika mah gumantung kana pribadina sèwang-sèwangan, nya.” ceuk Kang Acun.

“Beuh, enya geuning nya?” tèm­bal Ki Madi bari garo-garo teu ateul.

“Is, ulah suudzon atuh, nu­matak kitu ogè, kacida pentingna jeung geus dipikirkeun mangfaatna pikeun kamajuan dèmokrasi di nag­ara urang,”cèkèng tèh teu panuju.

“Ari numutkeun Aki?”

“Teuing ah, teu ngarti. Uteuk Aki mah anu ngan saukur lulusan SR, teu nepi ka dinya. Tong boron­ing mikiran naon tadi tèh, ètika berpolitik. Maca di Koran loba ba­rudak anu garelut ogè geus lend­eng. Sok sieun incu Aki pipilueun, kumaha mun nepi ka tatu, tuluy asup ka rumah sakit, saha anu nga­waragadan.

BACA JUGA :  Rekonsiliasi Tokoh Politik Bumi Tegar Beriman, Jelang Pilkada 2024 Pajeleran dan Bilabong Kian Harmonis

Sabab mun nempo kahirupan kolotna, tong boroning pikeun nu kararitu, nyukupan kabutuhan da­har sapopoèna ogè mani seuseut seuat,” ceuk Aki Madi tuluy nge­luk, paromanana ngadadak robah, pikarunyaeun.

Kuring jeung Kang Acun kawas nu kasima. Brèh dina implengan mangsa keur kampanyeu, mani jiga nu enya, jangjina tèh rèk mer­juangkeun kapentingan rahayat. Ari geus kapilih mah, rarasaan tèh asa jauh tina panyangka.

Tong boroning manggihan ka rahayat, dalah ngahaja dipanggi­han ogè tara daèkeun nepungan. Pikiran gorèng kitu tèh gancang disieuhkeun, sabab teu sakabèh, wakil rahayat boga kalakuan kitu. Loba kènèh anu benet-bener mè­laan ka nu laleutik. Bari jeung teu apal saha-sahana ogè . Pastina ogè aya lah.

“Tah pamadegan Aki kumaha, geuning tadi Aki mah benten. Anu dimaksad ku Aki wakil tèh naon.”

“Nu jelas lain wakil rahayat, tapi wakil nu sèjèn. Tapi wawakil dina pamarèntahan, kayaning Wakil Presidèn, Wakil Gubernur jeung di sahandapeunana.

Aki mah nempo kana kajadian-kajadian anu geus kaliwat, boh di urang atawa di sababaraha tem­pat, wakil tèh ngan saukur jadi ganjel wungkul. Sabab teu bisa mutuskeun nanaon, sagalana kumaha anu diwakilanana.”

“Enya atuh Ki, lamun wakil jeung anu diwakilanana teu saja­lan, rèk kumaha jeung kamana dibawana.” (*)

============================================================
============================================================
============================================================