Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
POÈ Jumaah, alusna mah, nyariÂtakeun nu aralus, komo anu raket patalina jeung kaagamaan mah. Komo deui samèmèh bedug ka hiji (aya anu dua kali atawa sakali) ditaÂbeuh, geus siap-siap ka cai.
Malah afdolna mah, jauh kèÂnèh samèmèh shalat Jumaah, geus cindekul di masjid. Ngan èta, siÂfating manusa mah geuning kitu, geus mah datang pangpandeurina, mangsa Imam atawa Khatib keur khutbah tèh hayoh kalah ka nguÂlinkeun “games†anu aya di HPna.
Caritaan Ki Endang Kosasih anu nyebutkeun yèn batu akik bisa nguÂrangan dosa, èstu kajadian pisan. Basa keur ngarariung di salah sahiji kantor, aya nu ngajalanan nyaritaÂkeun “kagorèngan†ngeunaan salah sahiji pamingpin, jol Ki Endang diÂbarengan Haji Ono, leungeunna anÂgkaribung ku babawaan.
Ari sugan tèh gorèngan sarupanÂing pisang gorèng, tahu, tèmpè ataÂwa sabangsana. Horèng anu dibawa tèh batu akik. Atuh anu rèk nyaritaÂkeun kabiasan salah sahiji pamingpin tèh kapegat ku ayana batu akik.
Numutkeun anjeunna, saentas asruk-asrukan di sababaraha tempat di Bogor, utamana wewengkon KaÂbupatèn, tètèla pisan, di Kacamatan Cariu beunghar pisan ku babatuan.
“Tah batu ieu, bahanna meuÂnang kuring ngagali sorangan, sarta dibeulah jeung digosokna ogè ngahaja disaksian,â€pokna bari ngèbrèh-ngèbrèhkeun batu akik anu lobana dua cepuk. Basa ditÂanya, naha mani kudu cape-capè kukurusukan ka lembur lembur.
Pan batu akik ayeuna mah, ngaleuya di mana-mana, ampir unggal puseur pangbalanjaan nyaÂdiakeun tempat pamèran. Kitu ogè nu daragang batu akik, ngaleuya di sisi jalan.
“Ih, kuring mah hayang ngabukÂtikeun wè yèn di Bogor ogè, batu akik tèh loba jeung aralus, teu èlèh ku wewengkon sèjèn,â€tèmbalna daria. Diantara koleksi batu akik anu asalna ti Bogor tèh, aya Yaman, Pamca Warna, Lumut, Badar Asam, Sangga Buana jeung nu lianna.
Tah batu akik sanggabuana mah, dumasar kana panitènan sarta geus dibuktikeun tètèla kawilang pangÂteuasna. Ukuran teuasna tèh nepi ka 9 (salapan). Batu anu digali jeung digosok ku Kang Endang tèh, dianÂtarana ti Kacamatan Cariu, Gunung Sanggabuana, sarta ti Cibèèt Kulon.
Wewengkon Sanggabuana, saur Kang Endang, sabeulah ka Karawang sabeulah deui asup ka Kabupatèn Bogor. Kitu ogè Cibèèt, saparona asup ka wewengkon KaÂbupatèn Bogor.
Jadi tètèla pisan Bogor ogè bogaeun puseur batu akik, komo deui salah sahijina (Sanggabuana) kawilang batu pangteuasn.
Urusan batu akik asli Bogor ogè, kuring meunang carita nu rada ahèng, basa pesen piala pikeun Lomba Ngabodor Sorangan di Kang Wahyu Kujang. Di Padepokan Guru Teupa, Katulampa, harita aya pagawè Pongkor anu keur mesen Kujang.
Ku Kang Wahyu Kujang, kurÂing diasongan bahan batu akik anu gedè pisan. Mangsa keur guluntunÂgan kènèh mah teu katempo alusna.
“Tah yi, lamun nempo bahÂanna mah, mèmang siga kurang alus. Tapi lamun geus jadi mah, tah kawas cingcin akang,â€pokna bari nembongkeun batu cingcin Panca Warna anu rupana hade pisan.
Enya geuning teu salah, saentas dijadikeun mah geuning rupana tèh alus pisan, salian ti rupa-rupa warnana ogè kinclong pisan. Jadi tètèla pisan nèangan batu akik mah teu kudu jauh-jauh ka wewengkon sèjèn.
Di Jawa Barat sorangan anu rada kasebutkeun loba jeung aralus tèh nyaèta ti wewengkon Garut. Sedengkeun Bogor anu ceuk panÂgakuan Ki Endang kawilang loba jeung aralus, èlèh ku nu sèjèn.
Ari soal kakuatan jeung “mutu†mah tètèla teu èlèh ku nu sèjèn. Elèhna mah pèdah can atawa kurang kakoncara wungkul.
Salian ti èta, sanggem Kang Endang, anjeunna ogè hayang ngaÂjakan langsung ka tempat ngagaÂlina, lamun aya jalma anu kurang percaya atawa cangcaya yèn di BoÂgor gudangna batu akik.
“Hayu urang babarengan ka tempatna, teu jauh ieu masih di BoÂgor kènèh, lamun kurang percaya mah,â€pokna daria. Tapi kètang kang haji, percaya mah kedah ka Allah SWT nya. Hè…hè…hè..(*)