Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ISUK-ISUK kènèh Aki Madi geus ngetrokan panto, bari lulungu kuring mukakeun panto, rumasa hudang tèh kabeurangan, mener­ana patih goah jeung budak keur ngèndong di ninina.

“Sare tèh mani kawas bangkè, aya kana satengah jamna aki cicing di hareupeun panto, teuing geus sabaraha kali uluk salam,” ceuk Ki Madi bangun nu ambek.

“Aduh, hapunten pisan Ki, mangga linggih heula, abdi bade netepan Subuh heula,” cèkèng tèh bari tuluy ka cai ngala wudhu.

“Asragfirullah, can shalat Subuh nepi ka wayah kieu, atuh geus subrang euy. Pantes lamun jauh kana milik ogè, kumaha rèk meunang milik gedè, ibadahna ogè geuning kedul,” Aki Mali ngagerendengan.

Ah teu didèngè ieuh, anggap wè radio butut anu gelombangna teu pas, lian ti hawar-hawar tèh gegeresekan deuih. Saha nu hay­ang kabeurangan, sarè mah pan lain aya dina kakawasaan manusa.

Teu hayang nèmbalan ieuh, cong wè shalat, nyèmbah ka Nu Maha Hyang Widi, rumasa poè èta mah shalat tèh kabeurangan, pan biasana ogè …..kitu.

“Aya naon Ki, sisinanteneun, ènjing-ènjing parantos sumping,” ceuk kuring bari ngasongkeun cièntèh amis. Sabab geus saming­gu cenah geus teu nginum cikopi. Basana tèh, lamun geus ngopi beuteungna sok kurang bèrès, salian ti karasana seueul tèh, hayangna ngan ka cai waè.

Baca Juga :  5 Tradisi Unik Perayaan Idul Adha di Indonesia, Ada Sapi Kurban Dimakeup

Barina ogè kudu ngaruma­sakeun manèh atuh Ki, ari geus kolot mah. Mun si baheula keur ngora kènèh, bisa sagala di dahar.

“Puguh hayang dianteur ka Museum Perjoangan, sugan wè papanggih jeung sobat-sobat saperjuangan baheula,. Pan ayeu­na tèh acarana rèk dibuka” pokna tèh mani daria.

“Upami teu lepat, numut­keun susunan acara mung saukur muka bazaar kadaharan, lomba ngagambar barudak jeung nga­warnaan Ki, èta ogè pikeun baru­dak,” tèmbal kuring. Apal sotèh pèdah wè kamari papanggih jeung Kang Awal, salah saurang panitiana.

“Ah, maenya, pastina ogè daratang lah, embung nganteur mah terus terang wè euy, make sagala nyebutkeun acara-acara bazaar kitu,” pokna tèh satengah nyentak.

Nempo roman Ki Madi itu tèh gesut wè dangdan, bisi kaburu ambek, sabab lamu adatna geus kaluar gorèng kacida.Katambah lamun geus kitu sok hèsè pisan diinjeuman duitna. Sanajan geus pèot ogè, ari duitna mah loba kènèh geus kitu teu pati hèsè di­injeuman, palebah mayarna mah kumaha ingetna baè.

Matak lamun ceuk Mama Ar­ief Hidayat tèa mah, moal waka dikubur lamun can maot mah. Lantaran si jimat keur kurang ca­geur, indit ka Museum tèh naèk angkot, ceuk pikiran da ngan sakali ieuh, kari naèk angkot tra­yèk 02, 03 atawa 15 ogè nepi.

Baca Juga :  Akibat Abrasi, 387 Jiwa di Pesisir Amurang Masih Hidup di Pengungsian

Saur Aki Madi barang-barang di museum perjoangan Bogor tèh diantarana aya anu milik kula­wargana, sabab aki jeung bapana tèh pejuang.

“Yeug lamun urang datang jeung neuleuman eusi musieum komo bari nyaho sajarahna mah sakurangna bisa ngandelkeun kanyaah urang ka para pejuang. Sok wè impleng tuh kaos, baju jeung sanjata anu dipakè ku para pejuang urang dibandingkeun jeung pakakas perang milik mu­suh. Rarasaan kacida jomplangna.

Tuh baju anu pinuh getih bo­gana pasukan PMI, boa dina baju èta tèh baheulana kungsi nyang­saya para pahlawan anu keur maragatkeun nyawana, bari geti­hna maseuhan baju anu nulun­gana,” pokan tèh bari nuduhkeun baju anu digantung dina lomari anu dikacaan.

Salian ti baju-baju anu pinuh ku getih ogè aya bedog, keris, anu boa-boa baheulana tèh dipakè nubles beuteung musuh. Boa-boa èta pakakas tèh ti baheulana pinuh ku getih hèg can kungsi dikumbah. Teuing kunaon bulu punduk asa nararangtung.

“Ki…ki boa –boa di dieu tèh aya eusian,” ceuk kuring bari muntan­gan taktakna, sabab waktu harita tèh ukur aya kuring jeung Ki Madi, nu sèjèn mah geus tarurun.

“Pasti aya eusina, barang-barang nu di lomarian jeung di­kacaan. Yeuh dèngèkeun para pahlawan mah komo anu maot­na dina kaayaan chusnul choti­mah geus aya jaminan ti Allah euy,”tèmbalna. (*)