Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

PIKEUN anu saentragan kuring sarta kungsi ngalaman werit nepi ceuk paribasana mah geus teu bisa ngaroko-roko acan, nepi ka pindah kelas, ka daun kawung, ngagadabah bako Uwa atawa bo­gana Mamang, bako mole jeung pahpirna, atawa lamun hayang naèk kelas, kudu meuli pang­gulungan udud, pastina rada wawuh kana bako warning, anu dibungkus ku kertas warna biru kolot, hèg dihareupan aya tulisan warning.

Sanajan teu kaumuran, da harita mah budak kènèh, sana­jan karasana kana angen nyelek, kana sirah leng-lengan, ih angger wè dikenyot, kusabab geus kacan­duan tèa.

Numatak ka barudak ayeuna anu can katèpaan ku panyakit nyandu udud, ulah nepi nyoba-nyoba. Sabab karasa geuning hèsè pisan ngeureunana.

Anu bisa jalma eureun tina nyanduna, iwal ti vonis dokter nu nyebutkeun umurna moal lila deui, lamun teu ngeureunan udud. Tah kakara èta mah matih pisan, sakumaha nyanduna ogè, gancang w eureun, bari jeung kudu ngalaman murang maring ogè, saheulaanan mah.

Nepi ka ayeuna, kurang apal tah eusina warning (paringetan) tèh. Naha eusina tèh ngeunaan bahaya ngudud sakumaha anu ditulis dina cangkang udud ja­man ayeuna, atawa paringetan pikeun anu niru kana produksina. Nu jelas di jaman harita, sebutan bako warning tèh geus kapaham ku sarèrèa, boh anu meuli atawa nu dagangna. Taya kacaritakeun meuli warning dibèrè bako sèjèn, pasti bungkusna tèh anu kitu.

Baca Juga :  Resep Membuat Kue Bugis Mandi Gurih dan Kenyal

Warning atawa perhatian tèh sanajan ditulis ngajeblag dina cangkangna, tètèla ukur jadi pa­paès bungkus roko anu taya harti, sanajan ècès ditulis kumaha balu­karna pikeun anu nyandu ti mim­iti panyakit jantung nepi ka gang­guan kahamilan jeung jantung, ih mani taya peurahna pisan, èstu dianggap angin lalu.

Sarimbag jeung èta, letter S jeung P anu dicorèt di sababaraha tempat kayaning di Lampu Beu­reum Bubulak, hareupeun Ter­minal Laladon, parapatan Yasmin Semplak, ah pokona mah rada rèa, tara digugu lamun taya polisi mah. Aya patugas sèjèn, fungsina sarua jeung tulisan dina cangkang roko sanajan sakumaha lobana ogè, teu dianggap pisan.

Dianggapna tèh ukur ku mo­bil bak anu muatanana metet, sarta angkutan ti kota sèjèn anu pareng ngaliwat, tah nu kararitu mah daèkeun eureun mangsa dis­etop tèh, tapi teu lila laju deui, da meureun surat-suratna komplit, atawa sugan aya kajadian sèjèn di sagigireun pamariksaan surat tèh.

Teuing naon tah anu jadi pan­yabab maranèhanana teu narurut sanajan aya patuga anu ngaja­jar mageran tèh, padahal lamun diterapkeun aji diri, rarasaan moal nepi ka kitu. Geura wè titènan, anu di jarero terminal mah geus lila pisan ngetem tèh, kari-kari di­hareupeun irung aya anu ngetèm deui, bari ngarumpak aturan, teu kungsi lila langsung pinuh.

Kitu ogè di tempat-tempat sèjènna, dina antrian tèh angger wè aya jalan tukang anu leuwih cepet, boh ku alatan wawuh ata­wa mere pangleuleur.

Baca Juga :  MUI Kota Bogor Keluarkan Fatwa Penyakit PMK

Anu embung atawa teu nyaho jalanna, sarta anu pengkuh kana aturan sanajan bisa jeung boga duit ogè, angger maksakeun ngantri bari jeung mèakeun wak­tu salila-lila.

Anu kudu dikurangan tèh nyaèta budaya komunitas atawa ceuk basa kiwarina mah anu dise­but nèopotisme tèa, komo dina prak-prakanana ngan saukur mi­heulakeun “kukulawargaan” lain kamampuan.

Mending lamun dina nempat­keun ka pagawèaanana tèh salian ti kasobatan aya kamampuan, anu ngarojong kana widang ata­wa tugasna, lamun henteu matak cilaka, sabab mikeun pagawèan lain kaahlanana, sakumaha dawuhan Kangjeng Rasul tunggu kaancuranana.

Ngajaga kukularwgaan jeung silaturahmi alus, tapi dina lebah pagawèan anu raket patalina jeung kapentingan umum atawa rahayat mah ulah coba-coba, ka­was iklan ubar angin, buat anak ko coba-coba, pilih yang pasti-pasti aja atuh.

Ceuk para ahli, jeung kasepu­han, geus waktuna naon waè, dibalikeun kana rèlna, ulah nepi kalalanjoanan, meungpeung wak­tu pikeun pangbalikanana hen­teu lila, sarta lampahna can jauh teuing.

“Sabab lamun geus kasarungna jauh teuing mah, bisi gorèng balu­karna. Sok prung ah, ulah ditunda-ditunda deui nya,”pokna daria. Ngan teuing pikeun saha tah, pan­gèling-pangèling èta tèh, asa teu puguh anu ditujuna.

“Pikeun anu ngarasa wè,” tèmbalna deui bangun nu surti kana eusi hate kuring. (*)