Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAKAPEUNG mah sok ngarasa kaÂrunya ka sasatoan tèh, utamana ka embè atawa domba, sabab teu tuah teu dosa sok disalahkeun ku manusa. Geura wè reungeukeun lamun manusa embung disalahÂkeun, atawa ngangles tina kasalahÂanana anu ditèangan tèh sok embè hideung atawa kambing hitam.
Bèda jeung nasib hayam hiÂdeung atawa hayam camani tèa pada narèangan pikeun sarat malah hargana ogè kawilang maÂhal da langka tèa.
Sato sèjènna anu jadi sasaran tèh, nyaèta ucing, sabab lamun manusa boga jangji atawa sumpah anu dititah tèh dikeureut tèh ceuli ucing cenah. Pantes lamun aya raja sato, maung ngaraanna aya nu ngambek nepi ka ngarogahala manusa.
sabab ngarasa teu ngeunah, rahayatna disalahkeun. Padahal sato mah ukur dibèrè naluri wunÂgkul bèda jeung manusa, anu boga akal, tapi sakapeung akalna tèh sok digunakeun ka nu henteu-henÂteu, malah loba jalma anu kaleunÂgitan akal, boh dihaja atawa di teu dihaja.
Anu dihaja mah nyaèta ngeuÂsian dirina ku rupa-rupa barang anu ngamabokeun, nepi ka poho temah wadi. Tapi kètang loba ogè anu kalayan sadar ngaleungitkeun akalna, karungkupan nafsuna anu ngaberung, ngagugudug nepi ka pamikiranana kaèlèhkeun ku parasaanana. Lamun geus kitu, manusa jadi leuwih galak tibatan sato, kitu ogè kalakuanana.
Enya maung anu kawèntar galÂak, tara pernah ngahakan anakna, tapi manusa? loba kacaritakeun nepi aya istilah cunak nya incu nya anak. Kajadian èta ngagamÂbarkeun kumaha ruksakna ahlak manusa, teu bèda ti sato anu kitu tèh.
Padahal dina sababaraha uruÂsan manusa tèh loba diajar tina sasatoan, hususna dina urusan ngajaga diri tawa silat, nepi ka aya jurus Pamacan, Pamonyèt jeung nu sèjèn-sèjènna.
Hanjakalna lain ngan palebah dinya wungkul anu pakèna tèh, nepi ka sifat-sifatna deuih. Loba manusa anu sifatna kawas monyèt, sungut samutut, dua leungeunna geus pinuh ku dahareun tapi maÂsih kènèh resep ruwal-rawèl kana hak batur, sarakah kabina-bina.
Kitu ogè anu ngagem èlmu bangkong, sagigireun disieuhÂkeun, sahandapeun ditincak saluhureun disembah-sembah. Dina palebah kitu, manusa teu kaeunteupan ku paribasa kecap tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah tèh, sabab pamèrè diuÂkur ku babalikan atawa buruhna.
“Enya lamun mere ka nu miskin mah, balikanana tèh ukur du’a, tapi ka inohong jeung paÂjabat mah, bisa proyèk anu ngaÂdatangkeun untungan leuwih gedè,â€saur Ki Mardud. Beuh cilaka tah lamun manusa geus kaleungiÂtan rasa sosialna, dina pikiranana tèh ngan saukur ngitung untung jeung rugi.
Teu salah lamun Ki Mardud nyarita dina wangkid kiwari loba jalma anu ninggalkeun purwa daksina, poho kana asal-usulna, atawa kacang poho kana kulitna. Mangsa keur perlu mah, teu sirikÂna datangna tèh mani unggal poè, ngan lamun geus jeneng, papangÂgih ogè ngabalieur, embungeun nanya-nanya acan.
Poho kana purwadaksi lain ngan saukur palebah dinya atawa ditujukeun ka saurang wungkul, tapi ka sakumna sèkèsèlèr, sabab sifatna “berjamaahâ€.
Geura wè talingakeun, anu ninggalkeun pusaka karuhunna, kayaning tata-titi, ucap paripolah, tèkad lèngkah tèh geuning ayeuna mah geus nepi ka sikluk-sikluk guÂnung, sumebar ka tungtung lemÂbur ku lobana panto informasi tèa.
Harianeun lamun ngadèngè anu ngalobrol dina angkot mah, mani geus teu kaciri basa Sundana tèh, anu aya tèh ngan lèntongna wungkul.
Kitu ogè urusan ngaran, baÂrudak jaman kiwari anu kolotna urang Sunda pituin, kurang pati resepeun make ngaran Cècèp, Tatang, Wawan anu kaciri SunÂdana, tapi diganti ku ngaran BerÂnard, Robert ah pokona mah anu rada bau-bau bangsa deungeun, sabab kadèngèna modern. PadaÂhal, ukuran modern tèh lain tina ngaran tapi pamikiran.
“Jalma anu ngaleungitkeun akal pikiranana, teu bisa disebutÂkeun modern, tapi jahiliyah jaÂman kiwari, sabab maranèhanana tèga-tègaan ngazoliman dirina sorangan. Pan anu resep ngarukÂsak waruga jeung pikiran soranÂgan mah jalma-jalma baheula anu teu ngarti,â€saur Ki Mardud tatag pisan.
Alus lamun bisa ngawasa basa deungeun, rèk Inggris, Francis, komo Basa Arab mah, tapi teu kudu ninggalkeun basa jeung buÂdaya sorangan anu jelas luhunÂgna. Sabab geuning loba bangsa deungeun anu haryangeun diajar basa jeung budaya urang.