Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

URUSAN jiarah ka kuburan di urang, jadi paguneman anu teu anggeus-anggeus, aya nu keukeuh teu meu­nang, malah nepi ka ngaharamkeun sagala, aya anu cicing, jiarah mangga henteu ogè teu nanaon, aya ogè anu ngahajakeun, hususna ka makam para solihin, aulia jeung sajabana.

Keun wè lah, urusan èta mah, kumaha pamadegan sèwang-sèwan­gan, sabab sakabèhna boga dalil anu manguatkeun, teu bisa diulah-ulah, dicaram mah kuriak ngalawan.

Keun wè lah, urang pasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, sabab ku re­men jiarah ka kuburan atawa makam ogè geuning teu ngurangan kaper­cayaan ka Allah SWT, Nu Maha We­las Asih, Maha Murbeng alam jeung Maha sagalana.

Komplek kuburan kawas TPU boh Blender di Kebon Pedes, Dreded di Bondongan, dina wangkid kiwari mah, geus lain jadi tempat anu angker.

Lamun kolot baheula remen ba­bacaan sangkan jurig nyingkir sètan nyingkah ayeuna mah, masing teu diusir ogè, sètan jeung jurig tèh ny­ingkah sorangan. Malah bisa jadi geus bèakeun tempat.

Coba wè mun malem Ahad ulin ka TPU Blender, loba pisan anu keur baro­bogohan. Teuing tah, naha èraeun si jurig tèh nempo anu barobogohan, antukna kalah ka nyingkur ka sisi cai.

Kètang sigana mah, kalah arasup kana raga jelema, sabab geuning loba manusa anu ragana mah manusa, ka­lakuanna teu bèda tina sètan jeung jurig nyiliwuri, aya bapa nepi ka tèga mergasa anak kandungna sorangan, anak daèk kikituan jeung ucing. La­mun kitu naon bèdana ti sato nyah.

Upama tèa mah ukuran modern nu kararitu, atuh leuwih modern ti sato. Kapanggihna kajahatan susila di salah sahiji sakola internasional di Jakarta, JIS, sakurangna geus ngagam­barkeun kumaha darajat manusa geus leuwih hina tibatan sato.

Samèmèh nepi ka jadi layon, tangtuna aya prosès heula nyaèta sakaratul maot, mangsa sukma ning­galkeun jasmani, roh leupas tina raga.

Aya nu gampang, aya nu hèsè, malah lila pisan diganggayongna tèh. Cenah bakating ku nyeri mangsa di­cabut nyawa ku Malaikat Izroil tèh nepi ka maotna tah si jalma tèh. Uru­san gampang, hèsè diganggayong, ru­siah anu teu bisa dibukakeun.

Ngan meureun ceuk kasimpulan dèètna mah gumantung kana sikep par­ipolah samangsa hirupna. Lamun solèh (lain pèdah bapan Mad Solèh) rajin sidèkah, teu ngaraheutkeun sasamana, biasana dina maot jeung saentasna di­jaga, angger aya dina kahormatan.

Tapi lamun benclung, urang ogè pada nyaho, aya gegedèn anu luar bi­asa dipihormat, dipikasèrab jeung dip­ikasieun mangsa keur hirupna, dawuh geus ngagojod mah teu sirikna mani dihinakeun pisan.

Naudzubillah summa naudzubilla­himindzalik. Di sagigireun èta, aya ogè anu geus nyaho maot samèmèh paèh, Ki Sobat kungsi nyaritakeun urusan ieu. Tapi tangtuna rada jarang pisan, sabab jelas, jodo pati bagya cilaka, lain urusan manusa.

Atuh mun loba nu nyahoeun mah, nya meureun loba anu “tobat” ngada­dak, kamari durjana ayeuna mandita. Panasaran ogè tah basa Ki Sobat nyari­takeun aya jalma anu geus bisaeun nganjang ka alam pagèto. Numatak mangsa manèhna nyarita tèh mani husu ngaregepkeunna.

Di hiji lembur, ceuk Ki sobat, aya hiji inohong anu katelah bageur, solèh jeung benghar. Hiji waktu èta jalma tèh ngalaman gering parna, malah ngarasa ajalna geus deukeut pisan.

Sakabèh anak incuna boh anu jauh atawa anu deukeut dikum­pulkeun di tengah imah, ari manèhna geus nartibkeun manèh, ngampar kar­pèt bari ngagojod.

“Geus kumpul kabèh acan, Gan,” bapa anu keur gering parna tèa nan­yakeun ka anakna anu cikal.

“Parantos apa,”tèmbal anakna bari rambisak nempo bapana anu ka­tempo teu walakaya.

“Dèngèkeun yeuh ku sarèrèa, ku anak bapa jeung incuaki, sigana poè ieu poè panungtungan urang baba­rengan di dunya. Bisa bapa teu aya umur, bapa rèk amanah ka sakabèh turunan bapa.

Poma ,ulah wani-wani ngajual sawah anu deukeut Kampung Budaya Sindangbarang,”pokna tèh bari narik napas jero pisan.

“Kunaon kitu bapa,”ceuk Gandi satengah ngagorowok sieun kaleungi­tan bapana.

“Nu batur,” tèmbalna bari tuluy cicing, awakna oyag kabèh.

======================================
======================================
======================================