Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SORÈ-SORÈ kira-kira jam opat, Keur ngahuleng di tempat parkir Dinas Pendidikan Kota Bogor, mikiran ban motor anu kempès, teu sakara-kara reuwas kaliwat saking, boa lamun boga panya­kit lemah jantung mah, nepi ka sawanna.

Rèk teu kitu kumaha geura, aya nu ngadurugdug ka tempat parkir bari sorana nyaruaan ka­pal jèt, sakapeung jiga sora heu­leur pare. Ceuk pikiran anu keur ngalamun, jigana tèh mobil kalu­aran taun panganyarna sabab cètna ogè belang-belang, malah lamun diperhatikeun make aya motif batik sagala.

Sanggeus diperhatikeun tètè­la èta tèh mobil saljuna Mama Arief Hidayat, ahli dongèng anu kaceluk ka awun-awun, kakon­cara ka janapria. Rada hèlok ogè sabab mobilna tèh geuning salin jinis mindah rupa, utamana mah cètna.

“Kumaha tah ayeuna Si Salju tèh, gandang nya?” pokna tèh bari tuluy ngajak sasalaman. Kuring teu langsung nèmbalan, rada bingung puguh ogè. Ari di­enyakeun, sarua jeung ngabinih­keun bibit munafik dina jero hatè, mun ceuk kasarna mah beungeut nyanghareup ati mungkir. Lamun disebutkeun saècèsna, diterang­keun sacèwèrèlèna, sok sieun an­jeunna kasigeung.

“Pokona mah bèda lah jeung nu baheula,”cèkèng tèh.

Mama Arief Hidayat, jigana pikeun generasi sajaman kuring jeung saluhureun kuring mah pada nyaho, inohong dongèng anu taya duana. Komo keur ja­man anjeunna keur ngadongèng­keun lalakon Si Riweuh mah, pan loba para ibu, ngarèngsèkeun masak samèmèh waktuna.

BACA JUGA :  Hindari 5 Makanan Penyebab Kamu Pikun, Ternyata Sering Dikonsumsi

Tujuanana taya deui hayang rinèh mangsa ngadèngèkeun dongèng anu diasuh ku Mama Ar­ief Hidayat. Teu budak teu kolot, teu nini-nini teu aki-aki ting dare­pong di tepas imah, ngarariung radio dua band.

Dina urusan ngamumulè budaya Sunda, hususna basa, Mama Arief, sanajan yuswana geus teu kawilang anom deui, panginten ayeuna langkung ti tujuh puluh taun, sumangetna teu pernahna ngirangan. Dis­arengan ku istrina, Mamah Adè, ngagunakeun Si Salju singgetan tina asal maju, anjeunna satia mendakan para pangdanguna ku dongèng Sunda.

Mama, kaasup seniman anu sepi ing pamrih ramè ing gawè, teu pernah mikirkeun naha bakal jeung kudu dibayar sabaraha. Anjeunna ogè, teu kaasup kana golongan jalma-jalma anu nga­lobakeun tiori wungkul, nu mè­pèndè ku ranggeuyan kalimah hade ngahareupkeun taktik kem­bang biwir.

Enya, ari nyarios mah jiga nu enya, nyaah, malirè jeung rèk ngarojong kana budaya karuhun­na, mangsa diperedih panulung­na, api-api teu ngadèngè.

“Ih lain Asbun ieu mah. Ka­saksian pisan ku panon sorangan, mangsa aya pintonan kasenian Sunda jeung aya kagiatan seni lu­kis, pan ti rèngrèngan èta mah taya nu sumping,” saur Ki Madi bangun neuteuli. Saentas salami 30 taun teu ngadongèng, hatèna kasuat deui, mangsa terangeun yèn nu ngagunakeun basa Sunda tèh ngan saukur dua puluh persèn.

“Lamun taya lèngkah anu daria ti ayeuna, boa moal nepi lima puluh taun, basa Sunda tèh bakal carem sabab nu ngagunak­eunana beuki dieu beuki ngu­rangan. Sabab salah sahiji sarat sangkan basa langgeng tèh loba anu ngagunakeunana,”walerna basa ditaros naha kersa nga­dongèng deui. Pikeun anjeunna, ngamumulè basa Sunda jeung budaya karuhun sèjènna, geus ngagetih ngadaging. Sabab, dina prak-prakan ngamumulè tèh kat­ingalina pinuh ku rasa ihlas tur didasaran ku kabagyaan.

BACA JUGA :  Todong Sajam, 2 Pengamen di Bandarlampung Coba Rampas Motor Warga

Mama Arief anu dua taun ka­liwat mah jiga nu nguluwut pinuh kabingung, ayeuna mah ngajang­gèlèk jiga anu ngora deui. Saur Ki Madi mah, tètèla ubar kahiru­pan tèh lain ngan saukur ku lo­bana dunya wungkul, aya deui nu sèjènna, nyaèta kapanggih jeung dunya anu dipikaresepna.

“Jadi lamun urang hayang langgeng dina hiji pagawèan, panjang umur, salian ti neda ka Gusti Allah tèh, istiqomah tur mikaresep jeung mikadeu­deuh kana pagawèan anu keur digugulung,”saurna. Lamun hiji pagawèan geus disanghareupan ku luhlah jeung crukcrek, geus pasti hasilna moal bener, sabab sarua jeung teu narimakeun ata­wa tegesna mah teu nyukuran anu dipaparinkeun ku Allah.

“Jadi kèdah kumaha atuh Ki,”cèkèng tèh panasaran.

“Nya tarimakeun wè, malah alusna mah ngahareupkeun gawè nu bener ti heula, da re­jeki mah pastina ogè nuturkeun, cohagna mah ulah pupulut samèmèh mantun, gorèng tatèh sabab miheulakeun hak tibatan kawajibanana,”pokna tatag pisan.

“Insya Allah, Ki dièstokeun pisan.”

“Tah kitu atuh.”

============================================================
============================================================
============================================================