Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LANTARAN kapeutingnakeun hujan beuki gedè, rèk lumaku tèh jadi pugag, sanajan beuteung mah geus peurih, sakadang cacÂing dina jero peujit geus nagih eusi, kapaksa kudu ditunda heuÂla, rèk barangbeuli di warung meneran pèsak keur tongpès pisan. Antukna kalahka ngarariÂung, bari jeung ngabeunteur, cai deui, cai deui nepi ka geus bungÂkak tah beuteung tèh. Tapi basa ngadèngèkeun carita H. Oo SuÂparman (mun di luar nagri mah, jadi Superman), cacing tèh jigana jadi tibra, sabab teu arusik deui.
Dongèngna mun teu salah mah, kieu. Lantaran ngarasa teu diondang ku tatanggana anu hajat rongkah mangsa ngawinkeun anakna. Teu rongkah kumaha tuda, hajatna ogè tujuh poè tujuh peuiting, ampir sakabèh kasenian dipintonkeun, ti mimiti kacapai suling, kiliningan nepi ka wayÂang golèk, dalah panutupna mah, rencana ogè rèk ngangkir Kiai JuÂjun Junaèdi sagala cenah.
Tah teuing kunaon, Si KabayÂan ti isuk kènèh, geus dangdan rèk meuli jeruk bali saloba-lobaÂna ka langganana, di Pasar Anyar, Aki Uding tèa. Anu dibalanjaan, Aki Uding ngarasa hèran, sabab Si Kabayan, balanjana loba pisan, tara-tara tisasari.
“Naha rèk dagang jeruk kitu, Kabayan?â€ceuk Ki Udung panasaÂran, bari ngasupkeun jeruk kana karung.
“Ah, henteu,â€tèmbal Kabayan pondok.
“Rèk hajat?â€
“Henteu, aya ogè tatangga anu hajat mah,â€ceuk Kabayan, saentas mayar mah, kencling wè manèhna indit, bangun anu rusuh.
“Nepi ka imahna, gancang wè èta jeruk tèh dikeureutan, dijieun momobilan,â€ceuk Haji Oo. SangÂgeus jadi, ti isuk kènèh, manèhna geus bulak-balik bari nanarik momobilan anu tina jeruk bali tèa. Leuheung lamun ngan sauÂkur ditatarik wungkul, ieu bari gogorowokan, Leuwiliang…..JasÂinga, Leuwiliang….Jasinga cenah. Atuh anu keur kaarondangan tèh, teu sirikna ngalieuk, malah rèa nu nyampeurkeun, kaasup dianÂtarana Ketua RTna, Pa Edo.
“Naha Kabayan manèh mah, kawas budak, teu èra ku tatangga,â€ceuk Pa Edo nyentak bangun nu ambek.
“Yeuh Pa RT, lamun enya kurÂing dianggap kolot ogè, meureun kuring tèh diondang.Numatak kitu ogè kuring tèh disaruakeun jeung budak, sabab teu diondang. Kapalang dianggap budak, nya mending jadi budak sakalian amÂbèh teu boga kawajiban,â€tèmbal Si Kabayan bari terus nanarik momobilanana hareupeun nu keur hajat.
Ngadèngè jawaban kitu tèh, gancang wè Ki Komar kaluar, bari sanduk-sanduk mènta diÂhampura. Maksudna mah, lain teu hayang ngondang, pèdah tatangga deukeut, rarasaana mah ku talatah ka anakna ogè cukup. Ngan jigana, nu ditalatahana tèh pohoeun teu nepikeun amanat bapana.
Teu meunang surat undang (komo ti babaturan anu deukeut), sakapeung matak nyeri hate, saÂbab asa teu diaku. Tapi mangsa meunang surat ondangan anu loba teuing ogè (komo keur tangÂgung bulan), matak bingung. Teu datang asa kumaha, èra lamun kapanggih jeung nu boga hajat. Ngan saukur datang wungkul, bari jeung teu ngaamplopan, asa teu kèlu, jeung asa dosa, piraku ngan saukur milu dahar wungkul.
Anu jiga Si Kabayan (paripoÂlahna jiga budak leutik), tètèla aya dina kahirupan sapopoè, teu jauh-jauh teuing, bisa diri urang sorangan, bisa ogè batur, diantaÂrana para gegedèn. Sikep ngaranÂjah jeung ngagasab boga rahayat, bisa jadi salah sahiji kaasup sikep anu bubudakeun.
Sabab para gegedèn tèh pasÂtina nyahoeun, lamun ngagasab barang batur, komo anu rahayat, kaasupna pagawèan haram.
Naha atuh ku maranèhanana masih dipigawè. Kitu ogè mangsa pajabat norèk merekedeweng, teu daèk ngadèngèkeun kahayang rahayat, èta ogè kaasup paripolah bubudakeun. Sabab ukur budak anu teu bisa dipangpalèrkeun, lamun boga kahayang. Pokona mah sakabèh kahayangna kudu dikabulkeun, teu paduli kumaha balukarna.
Anu teu perlu ngondang-ngonÂdang mah atawa teu kudu dionÂdang mah, nya ngan ukur aya nu kamusibahan komo kapapatènan mah. Ku ngadèngè diumumkeun dina speaker Masjid atawa MushÂolla ogè wajib datang, komo bari jeung deukeut mah. Tapi di komÂplèk paimahan mèwah anu anÂtara tatangga jeung tatanggana teu pernah wawuh mah teu kitu ieuh. Mangsa aya bandèra konèng cirina aya nu maot tèh, hare-harè baè. Nu daratang ukur dulur jeung babaturanna ti saluareun komplèk. (*)