
Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
JIGANA kahayang jalma dina uruÂsan saha anu bakal jadi batur hirÂupna, teu awèwè teu lalaki pastina rada sarua. Nu lalaki sanajan teu kabiruyungan boga rupa kasèp malah asup kana golongan gorèng patut (kawas kuring) dina meuÂnangkan jodo mah, pastina ogè anu geulis, beungeutna ngadaun seureuh, irungna bangir, halisna siga jelèr ngajepat, gadona enÂdog sapotong, jangkung leutik, solèhah, bahènol nèrkom. ah poÂkona mah sampurna wè lamun ceuk basa ayeuna mah idèal.
Kitu ogè nu awèwè sanajan asup kana majar manèh cengkèh konèng kulit peuteuy dina nyiru, majar manèh lengkèh konèng kuÂlit beuteung mani nambru dina milih calon pisalakieun mah nya kudu anu kasèp, jangkung badag, beurat beunghar, hirupna ajeg, boga pangkat atawa jabatan anu alus jeung solèh wujud anu hade lianna.
Tapi mangsa ku Allah SWT dipaparin anu kaayaanan ukur 20 persèn kurang tina catetan kahayangna, geuning teu burung narima, malah rumah tanggana awèt nepi ka pakotrèk iteuk.
“nu penting tanggungjawab, nyaah ka diri kuring, bisa nyuÂkupan lahir batin, cukup sandang jeung papan. Naon deui, pokona mah ngarasa tenang jeung bagya dina ngajalanan kahirupan bari didasaran ku ibadah,†tèmbal Ceu Eèn basa ditanyaan naha salakina saluyu jeung gambaran kahayangÂna mangsa keur ngora? urusan jodo, pati bagya cilaka bener lain urusan manusa, satemenna hak preogratif Allah Nu Maha Agung.
Dina ajaran Sunda, sifatna awèwè alusna dulang tinandè, ngan saukur nungguan, bari tangÂtuna angger mere sèn atawa tanda-tanda aya pangharepan, dina harti teu dimurah-marèh. Tapi di jaman ayeuna mah, tibalik, nu awèwè paÂboro-boro nembrakeun kahayangÂna (bogoh), sabab lamun henteu kitu cenah bisi kaburu ku nu lian.
Palah pilih teuing pibatureun hirup bisa jadi keuna ku paribasa pipilih meunang nu leuwih kocèÂplak meunang nu pècak, salian teu saluyu jeung kahayang tèh, jauh pisan tina standar panghanÂdapna. Salah sahiji cara ngungÂkulanna ceuk Ki Tatang ka alona Ujang Sahala kudu daèk narima kakuranganna, sabab nu ngaranÂna cinta, asih jeung nyaah sasatna èta pisan.
Salah sahiji cara pikeun namÂbahan kanyaah ka batur sakasur, nya kudu remen hudang tengah peuting (lain ngan saukur kahamÂpangan wungkul) nyokot wudu tuÂluy ngadegkeun shalat lail, tengah peuting, tahajud tèa. Tah mangsa rèk kacai atawa saentas tahajud, hèg perhatikeun pamajikan anu keur ngageubra sarè, bari inget kahadèanna.
“Mangsa subuh geus hudang, naheur cai pikeun nyadiakeun kopi, nyiapkeun sarapan keur uraÂng jeung anak urang, ngamandian budak, nyetrika, nyeuseuh jeung pagawèan lainna,†pokna daria pisan. Terus, balikeun ka diri urang, naha geus bisa nyukupan nafkah lahir kawas nu sèjèn.
Unggal bulan diajak jalan-jalan, hiburan, dahar anu ngaÂrareunah, ah pokona mah disÂenangkeun kawas anu laloba dunya. Unggal perè diajak jalan-jalan kana mobil, balanja sagala kahayangna, henteu pan.
“Dina hate pamajikan salaku manusa biasa pastina aya kereteg hayang kawas tatanggana anu baleunghar. Hayang make perÂhiasan emas, dangdan make baju alus jeung mahal. Tapi kahayng èta ukur disidem dina hate, sabab nempo kaayaan salakina.
Sanajan teu kacumponan naha bakti ka nu jadi salaki ngurangan, pan heunteu nya?†ceuk Ki Tatang deui. Pan urang mah bisa mangÂmeulikeun baju ogè ukur sataun sakali, mangsa rèk lebaran, kitu ogè teu bisa nu mahal-mahal.
Tah pikeun golongan kawas urang kieu mah,leuwih hade boga prinsip sanajan teu bosa nyÂenangkeun atuh ulah nyiksa baÂtinna pamajikan, karunya. Komo bari jeung disalingkuhan di satuÂkangeun mah Sabab lamun ngawaÂyuh bari jeung teu balaka, salilana bakal ngabohongan. Puguh kilir, nyebutkeun piket di kantor, kitu jeung kitu waè tah. Lain nambhaÂna dosa, pagawèan kitu tèh?
Komo deui lamun urang maca dina koran aya salaki anu nyarèkan pamajikanna laklak dasar bari jeung dirogahala, digeÂbukan satakerna asa ku kaniaya pisan. Sabab awèwè mah dalah dikumaha ogè mahluk anu sakuÂduna dipikanyaah, ditangtayunÂgan, lain dikaniaya.
“Bener Mang, tètèla di sagiÂgireun nguatkeun kaimanan ka Gusti Allah, hikmah shalat TahaÂjud tèh geuning bisa nengtremÂkeun rumah tangga nya.â€
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















