“Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, baru­dak ngora urang dina kahirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaami­nan.” Malah saur anjeunna, salah sahiji panyababna tèh ayana dina basa Sunda sorangan. Lamun ditanya, panyababna teu ngagu­nakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusa­bab aya undak usuk basa tèa.

Sagala pasualan, saur anjeun­na, geus pasti bakal aya jalan kalu­arna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.

“Tah lamun geus kanyaho­an kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,” saur Aki Tatang nirukeun cari­taan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi pan­yabab utamana. Sabab, basa Sun­da anu ku urang digunakeun tèh sasatna basa anu loba kapangaru­han ku basa Mataram. Jadi lamun tèa mah nèangan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.

BACA JUGA :  REFLEKSI HARI PENDIDIKAN NASIONAL: REPRESI SISTEM PENDIDKAN DALAM BENTUK KOMERSIALISASI

“Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakra­ma jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,”kuring mairan.

“Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.”

“Teras walerna kumaha Ki?”

“Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalamet­keun basa Sunda ka hareup.”

Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nungtut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeunaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang.

BACA JUGA :  HALAL BIHALAL HANYA ADA DI INDONESIA DAN BANYAK MANFAATNYA

Sabab sidik pisan panyabab­na tèh èta pisan. Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagu­nakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inohong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.

“Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bangsawan di urang mah mènak meureunnya.”

“Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,”

“Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piceun wè.”

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================