Teuing naon alesanana, tah. Padahal, sarèrèa ogè nyaho yèn melakkeun disiplin mah alusna tèh mangsa keur barudak kè­nèh. Sakumaha anu ditembang­keun dina qasidahan, diajar sawaktu leutik mah lir natah dina batu, bakal aya tapakna.

Rarasaan bakal kacida èn­dahna tah lamun di hareupeun ruko-ruko di sapanjang jalan Tajur, jeung jalan-jalan sèjènna pinuh ku tatangkalan. Carana mah (lamun daèk) gampang pisan, kari nyadiakeun pot bun­ga, boh tina plastic atawa tina dreum kurut, rarasaan teu ma­hal ieuh. Atuh perkara bibitna mah teu hèsè ieu, bisa ti Dinas Pertanian Kota Bogor, ogè kon­sultasi tangkal naon anu pantes atawa alus dipelak dina pot.

Mun teu salah bibit-bibit èta tèh dibagikeun gratis, pikeun saha waè anu hayangeun melak. Malah Kang Sam ogè, ceuk kasar­na mah sanggupeun mun kudu nyadiakeun bibit tatangkalan ka­layan haratis, alias teu mayar tèa.

BACA JUGA :  REFLEKSI HARI PENDIDIKAN NASIONAL: REPRESI SISTEM PENDIDKAN DALAM BENTUK KOMERSIALISASI

Tah meureun ceuk tiorina mah teu hèsè ieuh nya, nu boga toko nyayagikeun tempat, bibit­na kari ngirim, kari prakna. Ka­dituna kari miara sangkan èta tangkal tèh hirup, tanggung jawabna nya nu baroga toko, da moal bèak cai dreum-dreuman ieuh, dina kudu nyèborna ogè. Dines anu aya patalina jeung èta, meureun kari migawè nu sèjènna. Sabab lamun kudu ngurus tatangkalan anu aya di hareupeun toko-toko èta mah, pimanaeun kasiwer.

Tah ceuk Ki Mardud mah, nu kitu anu disebut sepi ing pamrih ramè ing gawè tèh, sumanget gotong royong , sabanda sarik­sa tèa anu ayeuna geus mimiti leyur bisa dihangkeutkeun deui ku cara-cara anu samodèl kitu. Teu kudu nu gedè-gedè heula, anu sederhana tur gampang dipigawèna, bari jeung murah deuih, tapi mangpaatna, insya Allah saumur hirup.

BACA JUGA :  TIPS JITU BERHENTI MEROKOK

Ceuk itungan, lamun aya rèbuan jalma anu baroga toko melak dua tilu tangkal wè, meu­reun sakurangna dua nepi ka tilu rèbu tangkal, nyadiakeun oksigen pikeun masarakat Bo­gor. Sakumaha tarèkah anu keur dileukeunan ku Bogor Today. Sugan wè ku jalan kitu mah, hawa anu karasa panas bayeungyang tèh rada nguran­gan nya. Tapi kètang èta mah teu langkung ka nu garaduh toko jeung pamarèntahanana. Mugia wè atuh kahartos nya!

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================