Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
Tadina mah, rada males kudu ka Balèkota isuk-isuk tèh, sabab panon mani karasa cepel pisan. Hawa tunduh masih ngagayot dina juru panon, saÂbab tadi peuting tas ngabungÂbang nepi ka isuk, lalajo semi final maèn bal antara Jerman jeung Spanyol. Teu rugi, sanaÂjan kudu nahan pitunduheun ogè, sabab Spanyol meunang. Enya geuning maèn bal mah, rada hèsè diteguh, disangka meunang kalah kèok, dianggap bakal èlèh.èh maènna kawas anu kaasupan sètan.
Kulantaran anu nelepon tèh Kang Teddy SAO, nya bari tunduh-tunduh ogè makÂsakeun nemonan pamundut anjeunna. Enya wè datang ka nu dijugjug tèh geus loba jalma, tangtuna para pangurus PaÂguyuban Pasundan Kota Bogor. Bèrès ngadeuheus ka Pa Wali, sakabèh pangurus ngarumÂpul di sekretariatna, biasa wè nyawalakeun anu bakal dipiÂgawè atawa ceuk gagahna mah nyusun program ka hareup. Sabab sababaraha poè nu bakal datang, pangurus anyar bakal diistrènan. Ari kuring mah nya kitu tèa, lauk buruk milu mijah, resep ruang-riung jeung palang-pulung. Ngalaksanakeun piwuÂruk sepuh, yèn silaturahmi tèh salian ti manjangkeun umur ogè bisa nambahan rejeki.
Saur Kang Teddy SAO, salah saurang pangurus Paguyuban Pasundan anu idek liher dina dunya pendidikan jeung kaÂsundaan, Allah nyiptakeun sagalana sapasang-sapasang. Aya beurang aya peuting, aya awèwè aya lalaki, bungah jeung bagya, hirup jeung maot.
Tah karuhun Sunda ogè kitu, resepna tèh kana papasanÂgan, sabab lamun teu kitu meuÂreun moal aya urang jeung moal aya kolot urang,. sanggemna. Euh meureun anu dimaksudÂkeun anjeunna tèh urusan jodo. Leres pisan atuh kang, urusan èta mah, malah lain ngan ukur sapasang tapi seueur anu mung sanès hiji, sanajan sarangkep ogè, pan aya nu hiji pikeun dua, tilu nepi ka opatna, anu gaduh kawantun mah, bari jeung yaÂkin bisa adil pikeun babagina mah nya hè.hè..hè. Lain ngan saukur babagi nafkah lahir wunÂgkul kayaning ngaimahan, ngÂabajuan, maraban tapi nafkah batin ogè kang nya.
Nyaèta urusan meutingan ogè, tangtuna .kahayangna. bèda antara nuu ngora jeung geus kolot. Sabab nu jadi salaki palebah dieu mah aya kabeungÂbeurat, lamun pamajikan nepi ka nèangan deui .kapuasan. di luar, si salaki tèh bakal dipènta tanggung jawabna. Lamun salaÂki anu ngaranyèd mah, pamajiÂkan teu pipilueun, dina urusan tanggungjawab tangtuna ogè. Lain deui ceuk, Mama Arief, anu nyebutkeun yèn warna anu alus ceuk urang Sunda ngan ukur tilu nyaèta, hèjo lèho, beureum (jambu) bol, jeung konèng… ah, teu wasa nyebutkeunana. Dina su.al kecap ogè tètèla aya papaÂsanganana.
Hideung jeung bodas, malah kecap pamali anu baheuÂla bisa dipakè pikeun nyaram sangkan ulah dipigawè ogè aya pasanganana,. pokna basa kaÂpanggih di Jalan Julang No. 7. .Naha kumaha kitu?. cèkèng tèh rada teu ngarti, sabab paÂmali sanajan kecap nyaram anu lemes bisa dilarapkeun kana saÂgala hal. Kawas, pamali ulah cicÂing dina panto, pamali lamun tas dahar dawegan, urutna ulah ditangkarakeun, atawa mangsa magrib ulah sok dadapangan (lalanggiran).
sakabèhna nyaram, cicing dina panto sarèatna ngahaÂlangan liliwatan, nangkaraÂkeun dawegan, bakal nyimpen cai anu satuluyna dijadikeun sayang reungit. Tah waktu Magrib mah kudu shalat berÂjamaah lain dadapangan. Tah Pa Mali ogè boga jodo henteu sosorangana,. saurna. Ih, sanès Pa Mali atuh, Ma. LaÂmun kitu mah aya Ma Mali, Ceu Mali, Aki Mali atawa Nini Mali. Pamali mah saÂnès nami jalmi atuh, Ma,. cèkèng tèh rada kerung. .Puguh aya,. tèmbalna keuÂkeuh. Kuring teu nèmbalan, sabab apal pisan kana tabèatna, sok sabulang bèntor, sakapeung mah tara kabadè tungtungna. Ah, mending diantep, lamun diÂlawan bisi sarua gèlona.
Tah pamajikan pamali tèh nyaèta Ma Onam, geura wè perÂhatikeun, dina ngagunakeun kalimah pamali sok ditungtunÂgan ku Ma Onam. Pamali ulah dirumpak bisi kumaonam. Jadi Ma Onam tèh pamajikan Pa Mali,.pokna deui. Tuh enya wè, ngaco, hanas didèngèkeun. Tapi kètang lamun teu kitu moal ramè nya, Ma !
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















