
Tah numatak keuheul deui dina spakbor motor budak saÂkola anu miheulaan èta, aya stiker anu eusina kieu, Hari Gini Oper Gigi, cenah. Puguh wè mani asa kasindiran, sabab motor anu ditumpakan ku kurÂing pan kaluaran baheula, anu masih kènèh kudu ngoper gigi. rada kaubaran hate sotèh pèÂdah wè aya motor Vespa anu ngarèndèng di sagigireun moÂtor èta. Dina handapeun jokna ngajeblag tulisan badag pisan sarta lamun disundakeun harÂtina tèh kieu, Mending Ngoper Kopling Tibatan Ngoper KiridÂtan ka Deb Collector mah.
Meureun anu dimaksudkeuÂnana tèh, ditarik ku pausahaan leasing lantaran teu kabayar angsuranana. Perang sticker sakapeng sok pikaseurieun (lolona mah pikasebeleun) kaÂwas tulisan dina salah sahiji angkot, sakumaha anu dicaritaÂkeun ku Mang Tatang. Mangsa di jalan Gunung Batu, angkot anu ditumpangan ku anjeunna siet nyiap miheulaan baturma, teu lila tuluy eureun rada ngaÂdadak sabab aya calon panumÂpang kaluar tina gang. Atuh mobil prèman anu milu nyiap tèh kapaksa kudu milu ngerèm ngadadak. Geus jadi kabiasaan, sopir angkot tèh tara ieu ngaÂlieuk kabeulah katuhu.
Tah nu ieu mah kalahka naèkeun kaca jandèlana,. ceuk Mang Tatang. Anu disabeulaÂheun sopir mobil prèman tèa, nurunkeun kacana, basa ngaliÂwatan angkot èta tèh, sigana mah rèk nyarèkan. Ngan kaÂtempo ku Mang Tatang mah teu jadi ambekna tèh, kalahka seuri sorangan. .Ari kitu aya naon mang make teu jadi ambekna?. cèkèng tèh panasaran. .Puguh Emang ogè teu ngarti kunaon jadi kitu, basa keur turun panaÂsaran ditanyakeun ka supirna.
Dijawabna tèh ku naèkeun jandèla kaca,.pokna tèh. .Teras kumaha tah mang?. .Enya di jandèla tèh aya badag pisan anu eusina kieu, Punten Pa, abdi mah mèmang monyèt !.Ha.ha.ha<. kuring teu kuat nahan seuri, ku aya-aya waè atuh nya. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















