Kautamaan PoÄ— Jumaah

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAUR Abah Koyod atawa Rajaya, mangsa aya kėnėh yėn dina poė Ju­maah, urang Kampung Urug baheu­la dipahing indit-inditana kamana-mana. Lain ngan saukur ka sawah jeung ka huma wungkul, tapi kaluar ti Kampung Urug, pikeun kaperluan sėjėn, anu sakirana kurang penting. Dipahingna urang Kampung Urug lumaku dina unggal poė Jumaah, raket patalina jeung kasangtukang Nyi Mas Pohaci anu meunang ka­reseban. Malah lain ngan saukur lumaku kaluar ti imah wungkul, tapi dina poė ėta mah teu meunang pisan ngomė parė nu lalaki mah.

“Bisa matak kawiwirangan,” saur Abah Koyod. Kurang jelas tah, kawiwirangan anu dimasudkeunna tėh. Kolot baheula mah, dina uca­panna mėmang loba nu kitu, pinuh siloka. Contona kecap pamali, pan taya katerangan anu ngajelas­keun. Tapi lamun dirumpak sok aya matakna. Tah urusan poė Jumaah ogė, teuing meneran atawa geus kudu kituna. Patali jeung “panghar­gaan” umat Islam anu nyebut yėn Jumaah mah sayidul ayyam, rajana poė. Malah di sababaraha tempat, aya anu nyaram kaluar ti lemburna saentas jam 9. Lamun rėk miang ti imah kudu samėmėh jam 6 isuk.

“Bisi teu kaburu Shalat Jumaah,” ceuk salah saurang inohong. Ogė pikeun jalma anu kasabna, di lem­bur kayaning tani, dagang di pasar sarta bisa kėnėh migawė shalat Ju­maah di masjid di lemburna, diuta­makeun shalat Jumaah di lembur. Kaharti kituna mah, sabab mangsa harita pangeusi lembur tėh arang kėnėh henteu gegek kawas ayeuna, henteu kawas di kota-kota gedė anu pangeusina mani patėtėėp. Dina ngadegkeun shalat Jumaah aya ka­tangtuan, kudu dilaksanakeun ku sakurangna 40 urang jalma dėwasa atawa ngarti agama. Dina sababara­ha katerangan, nyebutkeun salah sahijina kunaon Jumaah jadi poė anu “istimėwa” tibatan poė lianna. Dina Hadist Riwayat Muslim dina poė Jumaah. Mangsa Kangjeng Nabi Adam diciptatkeun sarta dis­upkeun ka Surga jeung diurunkeun ti Surga. Ogė dina poė ėta pisan, aya hiji waktu kaum Mukmin shalat sarta ngadeuheus ka Allah ngaaha­repkeun kahadėan iwal ti Allah ng­abulkeun pamėntana. Ogė dina poė Jumaah pisan kajadian kiamat.

BACA JUGA :  MURID BERPRESTASI SAAT LIBURAN

Sedengkeun amal-amalana nu kacida alusna dipigawė dina poė ėta diantarana: Ngalobakeun maca shalawat, sabab saur Kangjeng Ra­sul anu ngalobakeun maca shala­wat bakal pangdeukeutna darajat sareng Mantenna. Maca

surat Al Kahfi, ngalobakeun ngadu’a, pikeun lalaki wajib melak­sanakan shalat Jum’at, sarta dina shalat Jumaahna ngutamakeun Mandi, bersiwak, sarta makė seu­seungitan, Indit ka Masjidna isuk-isuk (pangheulana), khusu ngarege­pkeun khatib mangsa keur khutbah, makė pakėan pangalusna, migawė shalat sunnah samėmėh imam naėk mimbar. Saur Al-Hafidz Ibnu Katsir, poė ėta diaranan Jumaah hartina turunan tina kecap al- jamu anu hartina karumpul, kusabab Umat Islam, kumpul dina poė ėta. Allah marėntahkeun hamba-hamba-NA anu mukmin kumpul pikeun ngalak­sanakeun ibadah ka ManteNNA. Sa­kumaha ngadawuh dina Al Qur’an. Hė, jala-jalma nu airman, lamun digentraan pikeun ngalaksanakeun shalat dina poė Jumaah, siang bu­ru-buru maranėh nginget-nginget Allah jeung tinggalkeun jual-beuli. Anu kitu satemenna leuwih hadė pikeun maranėh lamun maranėh nyaho.

BACA JUGA :  MBG: KETIKA TUJUAN MULIA TERCEDERAI

Dina poė Jumaah ogė waktu anu mustajab pikeun ngadu’a, nyaėta ti mimiti diukna imama nepi ka bėrės ngalaksanakeun shalat jum’aah. Nu lianna nyebutkeun wates ahir dina waktu ėta nepi ka saentas Ashar. Salain ti ėta, dosa-doskuraana bakal dihampura, sakurangna ti Jumaah samėmėhna. Anu matak kabita, pikeun jalma anu miang pikeun Shalat Jumaah, bakal meunang pa­hala s,adarajat jeung ibadah sataun shalat jeung puasa. Kitu ogė anu maot dina malem Jumaah atawa poė Jumaah, tanda-tandana hus­nul khatimah nyaėta bakal dibe­baskeunn tina fitnah (azab) kubur.

Eta tėh kara sabagėan. Sanajan sakitu leubeutna pahala jeung kau­tamaan, loba kėnėh umat Islam anu “sosoloyongan” di jalan tibatan cic­ing bari jeung shalat Jumaah di mas­jid. Kunaonnya? Naha maranėhna tėh teu nyahoeun? Atawa mėmang hatėna geus kahieuman halimun bebeneran. Lebar temen lamun kitu mah. Ngarudag dunya bari teu beu­nang dunyana, komo ahėratna.

Bagi Halaman

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================