Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAUR Abah Koyod atawa Rajaya, mangsa aya kÄ—nÄ—h yÄ—n dina poÄ— JuÂmaah, urang Kampung Urug baheuÂla dipahing indit-inditana kamana-mana. Lain ngan saukur ka sawah jeung ka huma wungkul, tapi kaluar ti Kampung Urug, pikeun kaperluan sÄ—jÄ—n, anu sakirana kurang penting. Dipahingna urang Kampung Urug lumaku dina unggal poÄ— Jumaah, raket patalina jeung kasangtukang Nyi Mas Pohaci anu meunang kaÂreseban. Malah lain ngan saukur lumaku kaluar ti imah wungkul, tapi dina poÄ— Ä—ta mah teu meunang pisan ngomÄ— parÄ— nu lalaki mah.
“Bisa matak kawiwirangan,†saur Abah Koyod. Kurang jelas tah, kawiwirangan anu dimasudkeunna tÄ—h. Kolot baheula mah, dina ucaÂpanna mÄ—mang loba nu kitu, pinuh siloka. Contona kecap pamali, pan taya katerangan anu ngajelasÂkeun. Tapi lamun dirumpak sok aya matakna. Tah urusan poÄ— Jumaah ogÄ—, teuing meneran atawa geus kudu kituna. Patali jeung “pangharÂgaan†umat Islam anu nyebut yÄ—n Jumaah mah sayidul ayyam, rajana poÄ—. Malah di sababaraha tempat, aya anu nyaram kaluar ti lemburna saentas jam 9. Lamun rÄ—k miang ti imah kudu samÄ—mÄ—h jam 6 isuk.
“Bisi teu kaburu Shalat Jumaah,†ceuk salah saurang inohong. OgÄ— pikeun jalma anu kasabna, di lemÂbur kayaning tani, dagang di pasar sarta bisa kÄ—nÄ—h migawÄ— shalat JuÂmaah di masjid di lemburna, diutaÂmakeun shalat Jumaah di lembur. Kaharti kituna mah, sabab mangsa harita pangeusi lembur tÄ—h arang kÄ—nÄ—h henteu gegek kawas ayeuna, henteu kawas di kota-kota gedÄ— anu pangeusina mani patÄ—tÄ—Ä—p. Dina ngadegkeun shalat Jumaah aya kaÂtangtuan, kudu dilaksanakeun ku sakurangna 40 urang jalma dÄ—wasa atawa ngarti agama. Dina sababaraÂha katerangan, nyebutkeun salah sahijina kunaon Jumaah jadi poÄ— anu “istimÄ—wa†tibatan poÄ— lianna. Dina Hadist Riwayat Muslim dina poÄ— Jumaah. Mangsa Kangjeng Nabi Adam diciptatkeun sarta disÂupkeun ka Surga jeung diurunkeun ti Surga. OgÄ— dina poÄ— Ä—ta pisan, aya hiji waktu kaum Mukmin shalat sarta ngadeuheus ka Allah ngaahaÂrepkeun kahadÄ—an iwal ti Allah ngÂabulkeun pamÄ—ntana. OgÄ— dina poÄ— Jumaah pisan kajadian kiamat.
Sedengkeun amal-amalana nu kacida alusna dipigawÄ— dina poÄ— Ä—ta diantarana: Ngalobakeun maca shalawat, sabab saur Kangjeng RaÂsul anu ngalobakeun maca shalaÂwat bakal pangdeukeutna darajat sareng Mantenna. Maca
surat Al Kahfi, ngalobakeun ngadu’a, pikeun lalaki wajib melakÂsanakan shalat Jum’at, sarta dina shalat Jumaahna ngutamakeun Mandi, bersiwak, sarta makÄ— seuÂseungitan, Indit ka Masjidna isuk-isuk (pangheulana), khusu ngaregeÂpkeun khatib mangsa keur khutbah, makÄ— pakÄ—an pangalusna, migawÄ— shalat sunnah samÄ—mÄ—h imam naÄ—k mimbar. Saur Al-Hafidz Ibnu Katsir, poÄ— Ä—ta diaranan Jumaah hartina turunan tina kecap al- jamu anu hartina karumpul, kusabab Umat Islam, kumpul dina poÄ— Ä—ta. Allah marÄ—ntahkeun hamba-hamba-NA anu mukmin kumpul pikeun ngalakÂsanakeun ibadah ka ManteNNA. SaÂkumaha ngadawuh dina Al Qur’an. HÄ—, jala-jalma nu airman, lamun digentraan pikeun ngalaksanakeun shalat dina poÄ— Jumaah, siang buÂru-buru maranÄ—h nginget-nginget Allah jeung tinggalkeun jual-beuli. Anu kitu satemenna leuwih hadÄ— pikeun maranÄ—h lamun maranÄ—h nyaho.
Dina poÄ— Jumaah ogÄ— waktu anu mustajab pikeun ngadu’a, nyaÄ—ta ti mimiti diukna imama nepi ka bÄ—rÄ—s ngalaksanakeun shalat jum’aah. Nu lianna nyebutkeun wates ahir dina waktu Ä—ta nepi ka saentas Ashar. Salain ti Ä—ta, dosa-doskuraana bakal dihampura, sakurangna ti Jumaah samÄ—mÄ—hna. Anu matak kabita, pikeun jalma anu miang pikeun Shalat Jumaah, bakal meunang paÂhala s,adarajat jeung ibadah sataun shalat jeung puasa. Kitu ogÄ— anu maot dina malem Jumaah atawa poÄ— Jumaah, tanda-tandana husÂnul khatimah nyaÄ—ta bakal dibeÂbaskeunn tina fitnah (azab) kubur.
Eta tÄ—h kara sabagÄ—an. Sanajan sakitu leubeutna pahala jeung kauÂtamaan, loba kÄ—nÄ—h umat Islam anu “sosoloyongan†di jalan tibatan cicÂing bari jeung shalat Jumaah di masÂjid. Kunaonnya? Naha maranÄ—hna tÄ—h teu nyahoeun? Atawa mÄ—mang hatÄ—na geus kahieuman halimun bebeneran. Lebar temen lamun kitu mah. Ngarudag dunya bari teu beuÂnang dunyana, komo ahÄ—ratna.
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















