
Enya anjeunna naroÂskeun ka Aki, naha yakin laÂmun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?. .Waler Aki kumaha?
.Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina kaÂhirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaaminan.. Malah saur anjeunna, salah sahiji panyaÂbabna tèh ayana dina basa SunÂda sorangan.
Lamun ditanya, panyaÂbabna teu ngagunakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababÂna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.
Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,. saur Aki Tatang nirukeun cariÂtaan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi panyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunakÂeun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa MataÂram. Jadi lamun tèa mah nèanÂgan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.
Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,.kuring mairan.
Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.. .Teras walerna kumaha Ki?. .Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaÂho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.
Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nungÂtut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeuÂnaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan.
Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inoÂhong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.
Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bangÂsawan di urang mah mènak meureunnya..
Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,.Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piÂceun wè. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















