Hariring-Dadang-HPLANTARAN balik tèh harita peuting pisan, ongkoh malem Jumaah, basa patih goah nga-SMS mènta dipangmawakeun doclang tèh, gancang wè disanggupan, da hargana teu sabaraha ieuh. Kahiji karunya sabab menu dahar di imah tèh tara anèh-anèh kusabab waragad pikeun balanjana pas-pasan pisan, kadua tanda nyaah, katiluna mah nyaèta pikeun sarat muka tulak panto jeung muka lawang sigotaka. Kumaha lamun pundung, teu daèkeun muka tulak panto jeung lawang sigotaka, pan sarè tèh meureun kudu di luar, teu kacipta kumaha tirisna. Ringkes caritana nepi wè ka Jambatan Mèrah , anu masih kènèh ramè pisan.

Di tempat ieu mah, urang Bogor pada apal, loba kènèh dahareun. Sabot tukang doclang ngaladangan, kuring karalang-kuriling nèangan tukang leupeut nini-nini anus ok dagang di èmpèran, tapi wèlèh teu aya. Ceuk nu daragang di dinya geus tilu bulan kaliwat teu dagang deui, teuing gering teuing maot. Ma Inot, tukang leupeut urang Cibeureum biasana muka lapakna tèh sok jam opat sore, balikna mah kumaha bèakna dagangan wè sigana tèh. Lamun diitung ongkos ti Cibeureum ka Jambatan Mèrah, sakurangna kudu ngaluarkeun ongkos sajalanna Rp 7 rèbu, lamun bulak balik sakurangna Rp 14 rèbu mah kudu. Meureun lamun aya supir angkot anu haat, pèdah nempo nu naèkna nini-nini, diharatiskeun panghasilan dagangna rada nambahan.

Mun ditaksir, barang dagangan dina nyiru anu disuhun moal leuwih ti dua ratus rèbueun, sabab ukur leupeut ketan anu dibungkus ku daun kalapa. Jadi lamun kauntungan dagang 30 persènna, paling gèdè ukur Rp 60 rèbu, dipotong ongkos Rp 14 rèbu, nu kabawa ka imahna meureun sèsana tèh aya Rp 43 rèbu. Pikeun Ma Ihot sorangan mah sigana cukup, boh pikeun dirina atawa mere incuna. Anu jadi pamikiran tur ngarasa reueus tèh, sanajan umurna geus tengah tuwuh sumanget pikeun usahana masih kènèh ngagedur. Lamun mangkat ti imahna ba’da Ashar, sakurangna balik tèh antara jam 10, atawa leuwih. Sabab kuring pernah meuli leupeut Ma Niot jam dua belas peuting. Ceuk Bi Anah tatangga anu urang Cibeureum, urang Cibeureum anu daragang leupeut tèh kawilang loba. Ngan diantara tukang leupeut anu pangkawèntarna ngeunah tèh Ma Artamah, ari tukang togèna Ki Aman.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Jadi lamun di tempat hajatan nu ditarèangan tèh leupeut Ma Artamah jeung Ki Aman. Tah loba nu bedo balanjana lamun teu manggihan tukang dagang anu duaan tèh,” pokna daria pisan. Pikeun kuring boh Ma Inot, Ma Art amah atawa Ki Aman (nilik kana ngaranna mah sigana geus karolot) jadi perlambang perjoangan ekonomi, anu embung ngandelkeun pamèrè ti nu lian. Sanajan kudu merangan tiris, leumpang jauh bari nyunyuhun nyiru di eusi leupeut, bari leumpangna geus lilinieun, angger hayang usaha. Maranèhna leuwih mulya, lamun dibandingkeun jeung jalma-jalma belejag, sèhat jeung jagjag waringkas, bari usahana ukur nipuan, mamawa kotak amal anu sabenerna lain pikeun masjid atawa anak yatim, tapi pikeun dirina.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Komo lamun inget kajadian sababarah poè kaliwat mah, mani asa ditonjok ku halu bèngkok, seueul taya wates wangenna. Caritana, tas bèrès sholat Magrib, salah saurang jamaah ngaharèwos, yèn aya tamu anu milu shalat di masjid di lembur hayang kapanggih. Eta tamu tèh jeung pamajikanna bari mawa anakna tilu urang, ngaku mualaf. Nu lalaki ngakuna urang Depok (teu bogaeun KTP, ukur mawa salembar surat mangsa manèhna asup Islam). Pamajikanna urang Tasik (KTPna aya) ngaku tas ngajemput anakna anu disakolakeun ku Bapana di Depok di salah sahiji Yayasan lain Islam. Manèhna ngaku teu boga ongkos rèk balik ka Tasik. Saentas ngariung jeung jamaah anu aya di dinya, dikaluarkeun wè ongkos saperluna pikeun mulang ka Tasik bari ditambahan pikeun dahar di jalan.

Sababarah poè ti kajadian èta, patih goah hariweusweus yèn dina poè tadi, tatangga anu milu nyaksian kajadian di masjid di lembur tèh manggihan jalma èta masih kènèh aya di Bogor sarta keur ngobrol jeund pangurus DKM di masjid itu bari angger mènta ongkos pikeun ka Tasik.

Keun wè lah èta mah keur dirina ieuh. Ngan bisi aya nu manggihan mah, wayahna wè !

============================================================
============================================================
============================================================